Minggu, 16 Mar 2025
Lingkung Lembur

Kang Cucun Apresiasi Bupati Bandung Wani Ngocorkeun Anggaran Rp 109 Miliar pikeun Realisasi Program Insentif Guru Ngaji

H. Cucun Ahmad Samsurijal, anggota DPR RI ti Fraksi PKB asal daerah pemilihan Jabar 2 Kabupaten Bandung jeung Bandung Barat, nepikeun ucapan pamapag dina kagiatan rutin Safari Ramadan jeung Taraweh Keliling Bupati Bandung tahun 1446 H/2025 M di Masjid Besar Solokanjeruk anu kajojo Masjid Abdurrahman Bin Auf di Desa/Kecamatan Solokanjeruk Kabupaten Bandung, Sabtu (15/3/2025) malem.***

LBNews.com. SOLOKANJERUK – Tokoh masyarakat Kabupaten Bandung asal Solokanjeruk anu kiwari nyangking jabatan Wakil Ketua DPR RI Cucun Ahmad Syamsurijal turut mere apresiasi kana kawijakan Bupati Bandung Dadang Supriatna anu wani mengeluarkan anggaran Rp 109 miliar pikeun program insentif guru ngaji.

Ieu hal teh disebutkeun Kang Cucun waktu nepikeun ucapan pamapag dina kagiatan rutin Safari Ramadan jeung Taraweh Keliling Bupati Bandung tahun 1446 H/2025 M di Masjid Besar Solokanjeruk anu kajojo Masjid Abdurrahman Bin Auf di Desa/Kecamatan Solokanjeruk Kabupaten Bandung, Sabtu (15/3/2025) malem.

“Ngan Kabupaten Bandung hiji-hijina daerah sa-Indonesia anu wani ngaluarkeun anggaran Rp109 miliar pikeun guru ngaji,” ceuk Kang Cucun.

Di payuneun Bupati Bandung jeung jajaran Forkopimda Kabupaten Bandung, sarta kepala Organisasi Perangkat Daerah Kabupaten Bandung, Forkopimcam di dapil V jeung para jamaah salat taraweh, Cucun miharep naon nu jadi program prioritas Bupati Bandung ieu bisa ngaronjatkeun perhatian ka welasan rebu guru ngaji di Kabupaten Bandung.

Digulirkeunana program insentif guru ngaji dina periode Bedas Jilid 1 jeung dituluykeun dina Bedas Jilid 2 , Cucun ngungkabkeun, ku dijieunna Perda Pesantren minangka lajuning laku (tindak lanjut) tina Undang-undang Nomor 18 tahun 2019 tentang Pesantren.

“Perda Pesantren teu aya sanes kanggo ngadukung program insentif guru ngaji,” kata Kang Cucun.

Kang Cucun salaku anggota DPR RI ti Fraksi PKB asal daerah pemilihan Jabar 2 Kabupaten Bandung jeung Bandung Barat teh terus ngawal program Bupati Bandung salila dua periode kapamimpinanana di Kabupaten Bandung.

“Mudah-mudahan tetep konsisten sareng istiqomah,” kitu nu jadi harepanana.

Di hareupeun ratusan jamaah salat sunat taraweh, Kang Cucun salaku Ketua Tim Pemenangan Bupati Bandung Dadang Supriatna salama dua periode kapamimpinan di Kabupaten Bandung nganuhunkeun ka masarakat Kabupaten Bandung.

“Salaku Ketua Tim Pemenangan Bupati Bandung, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka masarakat Kabupaten Bandung nu parantos nganteurkan Kang Dadang Supriatna kapilih deui janten Bupati Bandung,” katanya.

Sarua halna jeung anu ditepikeun Bupati Bandung Dadang Supriatna dina pamapagna. Dadang Supriatna nganuhunkeunka masarakat dapil 5 nu ngawengku Kecamatan Solokanjeruk, Majalaya, Paseh jeung Ibun Kabupaten Bandung, jeung umumna masarakat Kabupaten Bandung lantaran inyana kapilih deui jadi jadi Bupati Bandung periode 2025-2030.

“Insya Allah program periode kahiji, nyaeta 13 program Bupati Bandung bakal dipertahankeun, malah langkung dironjatkeun,” ceuk Kang DS.

Dina taun 2025 ieu, Kang DS – landihan akrab Dadang Supriatna – nyebutkeun sakabeh kader PKK, Posyandu, Pos KB, jeung Sub Pos KB sa-Kabupaten Bandung dibere insentif jeung BPJS Ketenagakerjaan.

Dina taun 2025 ieu, ceuk Kang DS deui, dina ngalaksanakeun program 100 hari kerja, diantarana nyiptakeun 10.000 wirausaha muda jeung lapangan pagawean anyar, utamana pikeun warga Kabupaten Bandung nu boga hayang gawe di Jepang jeung Korea, mike up artis jeung bentuk usaha lainna.

“Pami hoyong ngembangkeun usaha pribadi tos disiapkan modal usaha di BPR Kertaraharja sareng bank bjb, nyaeta mangrupa program pinjaman dana bergulir tanpa bunga dan tanpa jaminan,” pokna.

Kang DS oge ngungkabkeun yen pajeg kendaraan bermotor 100 persen dilarapkeun pikeun  pangwangunan jalan. Bupati ngararancang salila tilu taun ka hareup pangwangunan sakabeh jalan di Kabupaten Bandung bisa direngsekeun.***

Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *