Rabu, 18 Jun 2025
Lingkung Lembur

Opat Komponen nu Nyidem Pasualan Lingkungan Disorot Bupati Bandung, Naon Wae?

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngalaksanakeun gerakan pengendalian perubahan iklim dina raraga program 100 hari kerja Bupati dan Wakil Bupati Bandung di Dom Awi/Taman Hatinya PKK Desa Cibiru Wetan, Kantor Desa Cibiru Wetan Kecamatan Cileunyi Kabupaten Bandung, Salasa (22/4/2025).***

LBNews.com. KAB. BANDUNG – Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupaten Bandung ngalaksanakeun gerakan pengendalian perubahan iklim dina raraga program 100 hari kerja Bupati dan Wakil Bupati Bandung di Dom Awi/Taman Hatinya PKK Desa Cibiru Wetan, Kantor Desa Cibiru Wetan Kecamatan Cileunyi Kabupaten Bandung, Salasa (22/4/2025).

Ieu kagiatan teh nyoko kana tema “Lebih BEDAS Bersinergi untuk Pengendalian Perubahan Iklim”, dibarengkeun jeung kagiatan mieling Hari Bumi Internasional anu temana “Our Power Our Planet”.

Bupati Bandung Dadang Supriatna nu hadir dina ieu kagiatan teh turut masrahkeun penghargaan 17 lokasi Proklim taun 2025, nanda tangan deklarasi “Penurunan Emisi Gas Kaca dalam rangka Pengendalian Perubahan Iklim”, lounching program ngopi kancing (ngolah kotoran sapi jadi cacing dan kascing). Oge deuih ngalungsurkeun instruksi Bupati Bandung tentang pembuatan LCO/LRB (Lubang Cerdas Organik dan Lubang Resapan Biopori), deklarasi pegiat magot (supporting system program makan bergizi gratis), jeung Lounching DED (Detail Engineering Design) Taman Kehati Tangga Seribu.

Dina pidato sambutanana Bupati Bandung Dadang Supriatna nyebutkeun yen dina ngalaksanakeun gerakan ngadalikeun parobahan iklim teh, geus waktuna sakumna masarakat milu haat mirosea lingkungan. Lamun urang enya-enya mikahaat jeung mirosea lingkungan alam kalayan bener, pinasti alam ge baris ngajaga urang sakabeh.

Dina ieu kasempetan, Kang DS, sebutan akrab Dadang Supriatna nepikeun amanat Gupernur Jawa Barat Dedi Mulyadi tumali jeung kawijakan mulang deui ka alam kalayan samistina.

“Ieu kagiatan teh sairama sareng naon anu janten harepan program Pa Presiden sareng program Pa Gupernur,” ceuk Kang DS anu dina mangsa periode kahij kapamingpinana kungsi narima penghargaan ti Menteri Lingkungan Hidup dan Kehutanan mangrupa Piagam Proklim.  

Saterusna Kang DS oge ngeceskeun deui kana pasualan runtah anu dina danget kiwari ngahasilkeun 1.280 ton runtah dina jero sapoena di Kabupaten Bandung. “Insya Allah tina program nu baris dilungsurkeun, tina pangolahan runtah ngahaslkeun oksigen, Insya Allah pasualan runtah ieu tiasa aya solusina,” katanya.

Ieu Bupati Bedas teh miharep pangolahan runtah ngahasilkeun oksigen minangka karya inovasi masarakat Kabupaten Bandung anu kiwari keur diurus hak patenna bisa dilaunching Presiden atawa ku Gupernur.

“Sim kuring reueus dina mangsa Hari Jadi ke-384 Kabupaten Bandung ieu, aya warga Kabupaten Bandung anu tiasa ngahasilkeun karya inovasi anyar mangrupi alat system pangolahan runtah ngahasilkeun oksigen. Padahal, pasualan runtah dugi ka danget kiwari tetep nyidem masalah,” jelasnya.

Geura we tengetan pangolahan runtah anu biasa dilakukeun salila ieu. Disebutkeun, copelna aya opat komponen abu biasa dilakukeun. Kahiji, ku cara LCO. Kadua pangolahan runtah ti tingkat RW atawa desa ku cara dipilah, dipilih di Bank sampah. Katilu, aya deuih ku cara ngagunakeun mesin cacah anu hasilna RDF (refuse derived fuel). Tina RDF ngahasilken sesa residu. Kaopatna, aya deuih anu langsung diduruk nu ngahasilkeun karbon,” ujarnya.

Bupati ngaku optimis ku ayana inovasi anyar dina ngungkulan pasualan runtah.  Bupati ge nganuhunkeun ka Kepala DLH Kabupaten Bandung Asep Kusumah ku ayana rupa-rupa program tumali jeung lingkungan.

Bupati nyebutkeun, isu nu masih keneh lumangsung tumali jeung lingkungan, kahiji pasualan runtah, kadua banjir, katilu kamacetan jeung kaopat masalah tata ruang, “Masih perelu dilakukeun langkah-langkah ilhtiar kanggo ngarengsekeunana,” pokna.***

Editor: Dadan Sungkawa

Tags:Asep KusumahBupati BandungDadang SupriatnaDLH Kabupaten BandungPemkab Bandung


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *