LBNews.com. KAB. BANDUNG – Sanggeusna sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa jeung Peraturan Menteri Dalam Negeri RI Nomor 1 tahun 2017 tentang Penataan Desa anu dilaksanakeun Pamarentah Daerah (Pemda) Kabupaten Bandung ku Dinas Pemberdayaan Masyarakat dan Desa (DPMD), karek 20 desa di Kabupaten Bandung geus ngalaksanakan musdes (musyawarah desa).
Bupati Bandung Dadang Supriatna sakumaha anu ditepikeun Kepala Dinas PMD Kabupaten Bandung Tata Irawan Subandi nyebutkeun dumasar tina hasil kajian aya 125 desa di Kabupaten Bandung layak dimekarkan. Patali jeung eta hal, Dinas PMD meh salila Ramadan 1446 H ngalaksanakeun sosialisasi arah kebijakan penataan desa anu dipuseurkeun di sababaraha wilayah.
“Dugi ka danget ayeuna, tos lebet jawaban anu katarima ku Dinas PMD Kabupaten Bandung. Tina 125 desa nu janten sasaran sosialisasi, 20 desa tos ngalaksanakeun musdes. Tina 20 desa teh, diantawisna aya 16 desa anu satuju dilaksanakeun pemekaran desa tina hasil dilksanakeunana musdes. 4 desa lainna, kanggo sementawis mah nunda heula tina ayana pamekaran desa,” jelas Tata Irawan di Soreang, Senen (21/4/2025), nak.
Tata Irawan netelakeun, desa nu geus ngalaksanakeun musdes samemeh kagiatan sosialisasi penataan desa digelar Dinas PMD, nyaeta Desa Cinunuk, Desa Girimekar, Desa Lamajang, Desa Pakutandang jeung Desa Bojongloa geus ngalaksanakeun jeung lumangsung tanpa persoalan.
Kepala Dinas PMD oge nyebutkeun, diperkirakeun mah geus aya sababaraha desa lainna nu ngalaksanakeun musdes, tapi datana can asup ka Dinas PMD Kabupaten Bandung.
Tumali jeung masih keneh ayana desa nu tacan ngalaksanakeun musdes, Tata Irawan nyebutkeun yen pihakna bakal terus ngayakeun tindakan lajuning laku, diantarana nyusul tepus ku surat anu bakal dikirim ka unggal desa anu tacan ngalaksanakeun musdes. Utamana ka 100 desa anu tacan nyepeng hasil musdes. Eta nu 100 desa teh tacan masih keneh tacan aya jawaban pasca sosialisasi arah kebijakan penataan desa nu geus dilaksanakeun, jelasna.
Tata Irawan miharep desa anu tacan ngalaksanakeun musdes sagancangna ngalaksanakeun, “Musdes kalintang pentingna kanggo nangtoskeun Langkah-Langkah salajengna. Margi, proses sareng tahapan pamekaran desa meryogikeun waktu henteu sakedap, antara sataun dugi ka 1,5 tahun,” pokna.
Inyana nyebutkeun tina hasil musdes 125 desa, engkena bakal nindak kana proses jeung jadi bahan laporan ka Bupati Bandung.
“Janten, anu dipiharep kanggo desa anu tos narima sosialisasi arah kebijakan penataan desa saenggalna nepikeun informasi (hasil musdes) ka Dinas PMD. Intina, desa kedah saenggalna ngalksanakeun musdes kangggo nangtoskeun arah kawijakan penataan desa,” pungkasna.**
Editor: Dadan Sungkawa