Rabu, 18 Jun 2025
Lingkung Lembur

Poe Mimiti Ngantor Deui, Camat Rancabali Langsung Kolaborasi jeung Pengelola Wisata Ngaberesihan Runtah

Camat Rancabali Kankan Taufik Barnawan, S.I.P., mingpin apel dina poe ngamimitian ngantor sabada liburan lebarn idulfitri 1446 Hirjriyah, para ASN (Aparatur Sipil Negara) pamarentah kacamatan Rancabali langsung bagerak dina kagiatan ngaberesihan tumpukan runtah di Kacamatan Rancabali, Salasa (8/4/2025) isuk-isuk.***

LBNews.com. RANCABALI, – Pamarentah Kecamatan Rancabali Kabupaten Bandung ngayakeun kolaborasi jeung para pengelola wisata sa-Kacamatan Rancabali ngungkulan pasualan lingkungan tumali jeung runtah nu amalayah.

Pamarentah Kecamatan Rancabali oge rampak gawe jeung Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupaten Bandung ngangkutan runtah ka Tempat Pengelolaan Akhir Sampah (TPA). Lintang ti ngalibetkeun para kepala Desa di Kacamatan Rancabali dina hal ngajalankeun sinergi jeung ngawangun kakompakan minangka wujud perhatian kana lingkungan.

“Alhamdulillah dina dinten ngawitan lebet deui damel sabada libur Lebaran Idulfitri 1446 Hijriyah, pihak pamarentah kacamatan Rancabali tiasa ngayakeun apel sasarengan. Mung dina ngalaksanakeun apel danget ieu ngahaja dlaksanakeun di tengah tumpukan runtah di sababaraha titik nu aya di jalur wisata Rancabali,” ceuk Camat Rancabali Kankan Taufik Barnawan, S.I.P., mere katerangan dina lolongkrang kagiatan ngaberesihan tumpukan runtah di Kacamatan Rancabali, Salasa (8/4/2025) isuk-isuk.

Ningali kondisi di lapangan siga kitu, ceuk Kankan, inyana bareng jeung para pagawe kacamatan Rancabali langsung ngayakeun kolaborasi jeung para pengelola wisata bagerak ngayakeun opsih kalayan mareng di sababaraha titik.

Nurutkeun pangakuan Kankan, para ASN (Aparatur Sipil Negara) pamarentah kacamatan Rancabali langsung ngabersihan runtah anu numpuk di sisi-sisi jalan. Disebutkeun, runtah diperkirakeun sesa tina aktivitas masarakat atawa wisatawan anu ngajugjug atawa pareng ngaliwat di lintasan Kacamatan Rancabali. Runtah anu dikumpulkeun kana plastik teh terus bae diangkut ka tempat pengelolaan sampah (TPS), jelas Kankan.

Disebutkeun ku inyana, sanggeus ngalaksanakeun apel, para ASN langsung nyisir ka lokasi di titik-titik tumpukan runtah di sapanjang akses jalan Rancabali.

“Runtah anu numpuk ulah diantep. Ku cara ngalaksanakeun kolaborasi ngaberesihan runtah, ieu teh bisa disebutkeun bagian tina edukasi ka masarakat,” pokna.

Nurutkeun panalingaan di lapangan, kagiatan beberesih teh oge dilakukeun ku para pagawe di sajumlah Kawasan Wisata Rancabali, saperti pagawe Obyek Wisata Kawah Putih, Obyek Wisata Air Panas Walini, Tim Kebun Rancabali Afd Rb 2, PT Perkebunan Nusantara jeung sajumlah pengelola obyek wisata sejenna. Arinyana kompak, ngaberesihan runtah di jalan raya di sabudeureun kawasan wisata sewang-sewangan.

Camat Kankan umajak ka sakumna pengelola wisata di Kecamatan Rancabali pikeun babarengan meresihan runtah nu aya di sabudeureun Kawasan wisata sewang-sewangan. Anu dipiharep malar lingkungan tetep beresih jeung asri, bebas tina tumpukan runtah, ceuk Kankan mere katerangan.

Camat Kankan oge ngarojong ka para pengelola wisata pikeun ngoptimalkeun tempat sampah kaasup pakakas pikeun ngokolakeun runtah kalayan nerapkeun metode ramah lingkungan. Maksudna, supaya runtah dikokolakeun sahade-hadena, jeung ulah nepi ka nimbulkeun jadi tumpulkan runtah di tempat anu lain samistina, jelas Kankan.

Camat Rancabali oge umajak ka sakumna masarakat atawa wisatawan pikeun babarengan ngajaga kaberesihan lingkungan.

Teu meunang miceun runtah salungna di mana wae. Sumber runtah aya di urang, tapi urang oge bisa jadi solusi jeung jadi pahlawan pikeun ngajaga lingkungan, ceuk Kankan nandeskeun. (dsk)***

Tags:Kankan Taufik BarnawanKecamatan Rancabali


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *