Selasa, 13 Mei 2025
Lingkung Lembur

Poe Senen Ieu Mimiti Dipigawe, Kang DS Realisasikeun Normalisasi Wahangan Cidawolong

Camat Majalaya Gugum Gumilar, S.STP, M.Si sacara resmi nataharkeun normalisasi/ngeruk wahangan Cidawolong dina program sinergitas pentahelik revitalisasi jeung normalisasi walungan enggoning ngungkulan jeung nyinglar banjir di wilayah Majalaya, Kabupaten Bandung, Senen (12/5/2025).***

LBNews.com. KAB. BANDUNG – Bupati Bandung Dadang Supriatna, diwakilan Camat Majalaya Gugum Gumilar, S.STP, M.Si sacara resmi nganawaetuan nataharkeun normalisasi/ngeruk wahangan Cidawolong dina program sinergitas pentahelik revitalisasi jeung normalisasi walungan enggoing ngungkulan jeung nyinglar banjir di wilayah Majalaya, Kabupaten Bandung, Senen (12/5/2025).

Hadir dina ieu kagiatan migawe pangerukan kawasan wahangan Cidawolong teh, salian ti Camat Majalaya jeung unsur Forkopimcam jeung Dinas PUTR sejenna, oge turut hadir Rengrengan Panitia Pembangunan, Ketua Pelaksana Agus Rahmat, Sekretaris Ayi Rukmana, Wakil Sekretaris Ahmad Yosrul, Bendahara Hengky jeung unsur pentahelix lianna , para kepala desa, BPD, Karang Taruna satempat, unsur pengusaha, masarakat jeung media anu langsung nyaksian peluncuran program pentahelix.

Program pentahelix revitalisasi jeung normalisasi walungan teh ngalibetkeun sinergitas kolaborasi  Pemkab Bandung, akademisi, pengusaha, masyarakat keung media.

Camat Majalaya Gugum Gumilar, ngungkabkeun, sakumaha panalingaan di lapangan, program pentahelix normalisasi atawa pengerukan walungan anu dimimiti dipigawe teh ngagunakeun alat berat backhoe tur dilaksanakeun di aliran wahangan Cidawolong, Pernahna di sabudeureun jambatan Jalan Raya Laswi, anu ngarupakeun akses jalan provinsi.

Salian ti wahangan Cidawolong, anu baris dipigawe teh aya deui wahangan sejenna, nyaeta wahangan Cibontor aliran Sungai Cibotor, dan jeung wahanganCipeujeuh di kawasan Cidawolong.

Sakumaha panalingaan di lapangan, pagawean anu dilaksanakeun teh nyaeta ngabangkatan elod anu geus pacampur jeung runtah katut sarah walungan. Elod tina wahangan teh langsung ditandean ku dump truk terus dibawa ka tempat pamiceunan anu geus ditangtukeun anu anggangna teu pati jauh teuing.

Disebutkeun wahangan Cidawolong anu bakal dikeruk teh panjangna 850 m, jeung diperkirakeun bisa anggeus salila 20 poe ka hareup. Ku ayana kagiatan pangerukan atawa normalisasi wahangan di sabudeureun Cidawolong dipiharep bisa nyinglar ancaman banjir di wewengkon Cidawolong anu geus lila nataku salasahiji titik banjr Majalaya.

Diberitakeun samemehna, Pamarentah Kabupaten Bandung bareng jeung ngalibetkeun unsur pentahelix gercep ngungkulan pasualan banjir di sabudeureun wewengkon Cidawolong, Desa Biru, Kacamaran Majalaya, Kabupaten Bandung.

Bupati Bandung Dadang Supriatna pingpin langsung pimpin langsung gempungan ngabahas tarekah pikeun ngarengsekeun pasualan banjir nu geus lumangsung lila Kawasan Cidawolong anu nepi ka danget kiwari masih remen ngeyembeng, najan geus meh deuk usum halodo.

 Rapat koordinasi dina raraga sinergitas ngalakasanakeun program penteahelix teh dilaksanakeun di salahsashiji pausahan di Jalan Raya Rancajigangm Desa Padamulya, Kacamatan Majalaya, Kabupaten Bandung, Jumat (9/5/2025).

Hadir dina ieu rapat koordinasi teh sajumlah pausahaan jeung para palaku usaha indistri tekstil jeung garmen di Kawasan majalaya. Ieu acara teh diluuhan oge ku Kepala Dinas Ketenagakerjaan Kabupaten Bandung Rukmana, Kepala Dinas Pekerjaan Umum dan Tata Ruang (DPUTR) Kabupaten Bandung Zeis Zultaqawa, Ketua DPRD Kabupaten Bandung Renie Rahayu Fauzi, Camat Majalaya Gugum Gumilar katut jajaran Forkopimcam Majalaya. Kaasup para kepala desa di Kacamatan Majalaya, sarta unsur tokoh masarakat lainna.

Disebutkeun, kawasan Cidawolong nu pernahna aya di jalur akses jalan provinsi teh geus heubeul nataku jadi salasahiji titik rawan banjir alatan lokasina persis kaliliwatan sababaraha wahangan anu ngamuara ka Ciiarum, saperti wahangan Cidawolong, wahangan Cibotor jeung wahangan Cipeujeuh.

Dina saban datang hujan badag mah, cai nu asalna ti tilu wahangan teh mindeng pisan mudal, nya tamplokna kabeh ka jalan di lelewek Cidawolong, jalan propinsi anu nyambungkeun antara Kacamatan Majalaya jeung Kacamatan Ciparay Kabupaten Bandung. Da tempatna rada ngalengkob.

Pikeun nyalametkeun jeung ngungkulan pasualan Banjir di sapanjang jalan Cidawolong, henteu cukup ku ngome wahangan wungkul, tapi deuih kudu bari jeung ngome jalan rayana, anu kawenanganana neumbleuh di provinsi. Da statutsna oge kaasup jalan provisi. Kitu deui ngome wahangana, asupna kana kawenangan BBWS Citarum.

Solusi anu bisa dipilampah ku pihak pamarentah kabupaten Bupati, samemehna datangna kawijakan pangwangunan ti pihak provinsi jeung BBWS Citarum, salasahijina ku cara ngayakeun inisiasi bari jeung sakalian ngasongkeun usulan, boh ka pihak pamarentah provinsi Jabar atawa ka BBWS Ciatrum.

Upaya gercep anu dilakukeun Bupati Bandung, diantara ku cara ngayakeun kolaborasi pentahelix sangkan pasualan Cidawolong bisa karengsekeun.

Bupati Bandung nyebutkeun, yen tos aya kasapakatan pikeun ngungkulan banjir Cidawolong ku cara ngalakanakeun program pentahelik,

Dadang Supriatna nyebutkeun ieu program pentahelix baris ngalibetkeun unsur Pemerintah Daerah Kabupaten Bandung, unsur pengusaha, akademisi, media/pers jeung oge unsur masarakat.

“Alhamdulillah, unsur pangusaha tadi tos sapakat. Oge deuih tos sapuk nunjuk panitia kanggo ngalaksanakeun Cidawolong kagiatanana,” ceuk Kang DS, sebutan akrab Dadang Supriatna.

Kang DS nyebutkan pasualan banjir di kawasan Cidawolong teh, nyaeta ku cara ngayakeun normalisasi aliran wahangan anu panjangna 3 km.

“Bupati marentahkeun supaya dilakukeun ngarubakkeun deui wahangan anu memang geus heureut, jaba deet deuih. Bupati oge nandeskeun, kagiatan dilasanakeun sacara kolaborasi jeung pihak pentahelik.

Inyana nyebutkeun pikeun ngungkulan banjir Cidawolong ngaliwatan upaya normalisasi wahangan, biayana bakal diserahkeun ka bendahara anu ditunjuk minangka hasil kasapakatan.

Sesana engke para pangusaha ngumpul pikeun ngayakeun partisipasi anu bakal dikokojoan ku Pa Usman pangusaha Sharon jeung Hengki ngawakalan pangusaha ditunjuk salaku bendaharana. Ari Ketuana ditunjuk  ti tokoh masarakat, sekretaris ti perwakilan pamarentah desa.

Kang DS ngaku yen ngungkulan pasualan banjir Cidawolong bisa sagancangna rengse. Poe Senen geus bisa dimimitian dilaksanakeun kalawan ngagunakeun alat berat, ngalegaan wahangan. Diperkirakeun dua mingus rengse. Tetep kawal saban poe, kumaha upaya teknisna anu bakal dilakukeun ku Dinas PUTR. Jeung lamun bis amah tanggulna diluhuran 50 cm.

Saterusna Kang DS ngusulkan ka Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi pikeun ngaluhuran jalan provisi di jalan raya Laswi Majalaya kira sameter kaasup jeung jembatan jalan provinsi. Pihakna bakal sagancangna ngirimkeun surat ka Gubernur Jawa Barat, surat resmi ditepikeun ngaliwatan Kadsi PUTR tina hasil musawarah poe ieu jeung upoaya-upaya sejenna anu bakal dilakukeun.

“Insya Allah pasualan Cidawolong anu salami ieu teras-terasan banjir wae, tiasa karengsekeun,” ceuk bupati optimis.**

Tags:Bupati BandungCamat MajalayaDadang SupriatnaForkopimcam Majalaya


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *