LBNews.Com, KAB. BANDUNG – Bupati Bandung Dadang Supriatna miharep sangkan di 280 desa/kelurahan di Kabupaten Bandung aya Tempat Pengelolaan Sampah Reuse, Reduce, dan Recycle (TPS3R). Seperti halna TPS3R Kencana Si Bedas OK di Kelurahan Rancaekek Kencana Kecamatan Rancaekek nu diresmikian Bupati Bandung, Senen (19/52025).
Desa/kalurahan nu geus siap lahanna pikeun dibangun TPS3R kawas di Kancana. Engke Dinas PUTR siapkeun anggaranana, anu baris dikawal langsung Komisi C DPRD Kabupaten Bandung, pokna.
Kang DS – sebutan akrab Bupati Bandung Dadang Supriatna ngingetan, sanggeus ngadeg TPS3R ulah nepi kamomorekeun henteu kaurus. Alatan kitu, TPS3R Kencana bakal terus dimonitor jeung dievaluasi sanggeus tilu taun jalan.
Disebutkeun TPS3R Kalurahan Rancaekek Kencana teh ngarupakeun protoype pilot project tina program “Bebas Dari Sampah Organik” (Bedas OK) anu ditaratas Dinas Pekerjaan Umum dan Tata Ruang (DPUTR) Kabupaten Bandung.
Bupati Bandung miharep ku dibangunna ieu TPS3R bisa dijadikeun conto pikeun desa/kalurahan lainna di Kabupaten Bandung. Bupati oge miharep, upaya ngungkulan runtah di lingkungan desa/kalurahan ulah ngan saukur seremonial wungkul, tapi kudu terus dikokokeun kalumangsunganana kalayan mayeng.
Pangwangunan ieu TPS3R Kelurahan Kencana teh jadi salasahiji bukti yen Kalurahan Kencana mampuh ngungkulan pasualan runtah, hususna runtah organik, ceuk Kang DS.
Bupati nambahkeun, inovasi nu dilakukeun DPUTR lain ngan saukur ngungkulan runtah organik wae, tapI deuih hilirisasina. Diantarana wae ku cara ngayakeun budi daya buah angur atawa sayuran anu ngagunakeun mediana tina kompos hasil program Bedas Ok.
“Tangtuna, kompos tina hasil pangolahan runtah organik bisa nguntungkeun sacara ekonomis. Alatan kitu, Bupati miharep pangolahan runtah organik jeung hilirisasina tong ngan saukur seremonial. Tapi masing diteruskeun ka sakabeh RW nu aya di Kalurahan Kancana, pokna deui nambahkeun nandeskeun.
Kang DS oge nganuhunkeun ka DPUTR anu geus hasil ngalaksanakeun Program Bedas OK. Inyana kacida apresiasina kana ieu program, sabab bisa mere geusan conto ka desa jeung kalurahan sejenna sangkan harepan jeung impian zero waste bener-bener ngawujud di Kabupaten Bandung.
Sawatara, Kepala DPUTR Kabupaten Bandung Zeis Zultaqawa ngaku, ngokolakeun TPS3R merelukeun biaya operasional anu kawilang gede. Diantarana, nyaeta dina lebah ngayakeun milah runtah organik
Disebutkeun, salian ti biaya operasional anu kawilang gede, samemeh TPS3R diwangun, oge deuih perlu dibentuk Kelompok Pemelihara dan Pemamfaat (KPP) minangka kolompok masarakat anu baris tanggung jawab ngokolakeunana, ti mimiti miara jeung ngamangpaatkeun TPS3R.
Nurutkeun Zeis, pangurus KPP dipilih ku masarakat, diantarana kudu ngabogaan jiwa mikahaat kana lingkungan sabudeureun kalayan enya-enya tur daria. Tugas KPP TPS3R kawilang beurat. Salasahijina kudu bisa ngarobah kabiasaan atawa pola pikir masarakat ngaliwatan sosialisasi jeung edukasi.
Leuwih jauh Zeis ngajelaskeun, ieu Program TPS3R Bedas OK teh oge diformulasikeun cara ngungkulan runtah nu sipatna holistik, kumaha ngadu-maniskeun atawa ngayakeun hiji sistem jeung budidaya pepelakan minangka hilirisasi kompos anu dihasilkeun tina runtah organik.
Pangna Perelu dibarengan ku kagiatan budidaya anu kudu disiapkeun, maksudna pikeun nampung dina waktu produksi kompos ngahunyud. Zeis nerangkeun, dina waktu 3 bulan, tina 3 ton runtah organik, KPP Rancaekek Kencana bisa ngahasilkeun kompos ani lobana 1,1 ton.
Dipiharep ku divarengan jeung ngayakeun budidaya pepelakan anu ngagunakeun media kompos teh bisa nghasilkeun bungbuahan atawa sayuran anu engkena bisa dijual ka pasar, tangtu we kudu disiapkeun deuih offtaker-na, pungkas Zeis.**
Editor: Dadan Sungkawa