Rabu, 18 Jun 2025
Lingkung Lembur

Salila Pakanci Lebaran Idulfitri 1446 Hijriyah, Camat Heri: Wisatawan nu Ngajugjug ka Kertasari Ngalaman Undak

Jalan mulus di kawasan pakebonan enteh Kecamatan Kertasari.***

Sacunduk ka Gunung Sembung

Eta huluna Ci Tarum

Di inya aing ditapa

Sambian ngeureunang palay

Tehering Puja nyanghara

Puja nyapa pugu pugu

Tehering nanjeurkeun lingga.

Sadari aing ti dinya

Leumpang aing ngidul ngetan

Meuntasing di Cimariung

Meuntasing di Cicarengcang

Meuntas aing di Ci Santi

Sananjak ka Gunung Wayang

(Laporan Bujangga Manik, kira taun 1511-an)

 

LBNews.com. KERTASARI, – Wewengkon Kertasari geus lila naker kajojo jadi tempat pangjugjugan wisatawan. Tokoh munggaran anu mimiti muka akses perjalanan wisata kira taun 1511-an, diantarana nyaeta Bujangga Manik, ti kulawarga karaton Pakuan Pajajaran mangsa kakawasaan Sri Baduga Maharaja (1401–1521 M.).

Kecamatan Kertasari Kabupaten Bandung pernahna di daerah pagunungan. Hawana seger jeung beresih. Kertasari kajojo ku alatan jadi tempat huluwotan Citarum, walungan anu pangpangjangna di Jawa Barat, sakitar 297 kilometer.

Lintang ti ayana huluwotan Citarum, di dinya oge aya Situ Cisanti jeung Gunung Wayang anu leubeut ku pakaya sajarah jeung artefak arkeologis sakumaha anu dilaporkeun ku urang Walanda Dr. N.J Krom, dina taun 1914 M.

Danget kiwari, ieu destinasi wisata di Kawasan Kertasari kabawah ka Desa Tarumajaya, Kacamatan Kertasari.

Ku kamekaran jagat pariwisata kaayeunakeun, Kawasan destinasi Kertasari dilengkepan ku tempat jeung sarana/prasarana sejenna, kayaning Taman Strowberi, Taman Hutan Pinus Pakawa, jeung Cihaniwung anu danget kiwari keur meujeuhna populer jadi pangjugjugan utama pikeun para wisatawan domestik, boh nu asalna ti sabeudeureun Bandung atawa daerah sejenna.

Malah salila pakanci lebaran idulfitri 1446 Hijriyah, Camat Kertasari Heri Mulyadi anu ngahaja ditepungan poe Senen (7/4/2025) ngaku, jumlah wisatawan nu ngajugjug ka destinasi wisata di Kecamatan Kertasari ngalaman undak. Saban poe teu weleh rame daratang ti suklakna ti siklukna.

Nurutkeun Camat Heri, ku undakna para wisatawan nu daratang ka Destinasi Wisata Kawasan Kertasari, tangtu we aya pangaruhna kana kahirupan ekonomi masarakat, husus para pelaku usaha jeung ekonomi kreatif nu masarkeun produk-produk UMKM (Usaha Mikro, Kecil dan Menengah) di kawasan wisata.

Disebutkeun, danget kiwari jumlah pelaku usaha UMKM di wilayah Kertasari kaitung loba. Arinyana masarkeun produk-produkna aya anu di sabudeureun tempat wisata, kawas di Desa Resmitingal anu kajojo ku tempata wisata Taman Strowberi, aya oge anu ngahaja ngayakeun event, samodel pasar Ramadhan sarta milu icikibung dina kagiatan anu dilaksanakeun ku Pemkab Bandung.

Camat Heri oge terus ngajurung jeung ngayakeun sosialisasi ka para pelaku usaha UMKM ngeunaan kalengkepan NIB (Nomor Induk Berusaha) anu geus disadiakeun ku pamarentah. Kapemilikan NIB teh, nurutkeun Camat Heri kacida pentingna keur kalumangsungan usaha kalayan legal. Dina harti lain usaha abal-abal atawa liar.

Nyabit sual pangaruh pasca musibah lini Kertasari anu kajadianana poe Rebo 18 September 2024 nu geus kaliwat, Heri nyebutkeun, danget kiwari kondisi masarakat di Kertasari katingalina geus kondusif sabihara sabihari deui.

“Kajantennana tos kalangkung, kondisi masarakat tos katingal biasa-biasa deui, teu aya kapanikan,” pokna.

Ongkoh deuih, pascabencana gempa bumi, pihak pamarentah ngaliwatan BNPB jeung BPBD teu cicingeun, satekah polah geus ngalakukeun upaya rekontriuksi  jeung rehabilitasi atawa pangwangunan imah warga aku kakeunaan musibah.

Inyana miharep, kajadian musibah ulah nepi ka tumiba deui, supaya kahirupan jeung ekonomi masarakat bisa walagri deui.

Camat Kertasari oge miharep ku ayana rupa-rupa kagiatan ekonomi jeung wisata di Kertasari, bisa ngundakkeun PAD (Pendaptan Asli daerah) Kabupaten Bandung.

Disebutkeun, danget kiwari PAD Kacamatan Kertasari kaasup nu panghandapna dibandingkeun kecamatan lianna di Kabupaten Bandung, masih keneh disahandapeun angka Rp 1 milyar, cindekna di angka Rp 700 milyar.

Inyana oge nyebutkeun, Kertasari kaasup daerah liliwatan para wisatawan anu rek ka Pangalengan jeung tempat-tempat wisata di pakdulan Bandung sejenna.

Sabada ayana pangwangunan ajen infrastruktur jalan anu nyambungkeun antara Kertasari jeung Pangalengan anu terus dironjatkeun, kadieunakeun geus mimiti loba wisatawan anu ngajugjug ka wilayah pakidulan Kabupaten Bandung, make jalan liliwatan ka Kertasari.

Wewengkon pakidulan Bandung memang nawarkeun distinasi wisata alam anu kawilang mewah tur ngabogaan daya tarik. Manusabah atuh lamun tea mah geus jadi puseur perhatan para wisatawan. Seug komo ieu wewengkon teh ngabogaan amparan pakebonan teh, anu teu eleheun ku destina agrowisata sejenna. Da puguh saampar tea. (dsk)***

 

Tags:Destinasi WisataHeri MulyadiKecamatan Kertasari


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *