Selasa, 17 Jun 2025
Lingkung Lembur

Sapoe Memeh Lebaran Idulfitri 1 Syawal 1446 H., Samulangna ti Mekkah, Kang DS Langsung Babagi 2.000 Paket Sembako jeung Santunan

- Sabada mulang ti Tanah Suci Mekkah Arab Saudi enggoning ngalaksanakeun ibadah umrah dina poe Sabtu (29/3/2025) peuting, dina poe Mingguna (30/3/2025) isuk-isuk nepi ka beurang, Bupati Bandung Dadang Supriatna gasik ngadatangan masarakat, masrahkeun santunan jeung babagi sembako.***

LBNews.com. BOJONGSOANG, – Sabada mulang ti Tanah Suci Mekkah Arab Saudi enggoning ngalaksanakeun ibadah umrah dina poe Sabtu (29/3/2025) peuting, dina poe Mingguna (30/3/2025) isuk-isuk nepi ka beurang, Bupati Bandung Dadang Supriatna gasik ngadatangan masarakat, masrahkeun santunan jeung babagi sembako. Teu kurang ti 2000 paket sembako anu dibagikeun ka masarakat anu sumebar di 6 desa di Kacamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung.

Rebuan paket sembako teh dibagi di opat titik, nyaeta titik lokasi kahiji di Kantor Kacamatan Bojongsoang. Titik lokasi kadua di Dusun 1 MTS Rancalame. Titik lokasi katilu di Dusun 2 Kantor Desa Tegalluar, jeung titik lokasi 3 di Dusun 3 Mesjid Assyifa Desa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang Kabupaten Bandung.

Kahadiran Kang DS – sebutan akrab Bupati Bandung Dadang Supriatna – anu dibarengan Anggota DPR RI H. Asep Romy Romaya jeung Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung Ina Dewi Kania dipapag ku rasa suka bungah masarakat.

Dina ieu kasempetan teh hadir oge Kepala Dinas Lingkungan Hidup Kabupaten Bandung Asep Kusumah, Camat Bojongsoang Asep Kurniawan, Kepala Desa Tegalluar Galih Hendrawan anu harita turut ngabagikeun paket sembako anu ditarima rebuan warga, sapoe memeh lebaran Idulfitri 1 Syawal 1446 Hijriah/31 Maret 2025 Masehi.

Disebutkeun, satutas mulang ti Tanah Suci Mekag peuting tadi, (Sabtu, 29/3/2025), inyana ngaku geus ngarasa jadi iketan kabiasaan di Desa Tegalluar sok ngayakeun babagi. Utamana ka barudak yatin piatu jeung para jompo. Ieu pangakuan Kang DS teh dikedalkeun basa ngayakeun babagi rebuan paket di Masjid Assyifa Desa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang, Minggu pabeubeurang.

“Alhamdulillah kalayan konsisten ti kapungkur, ti ngawitan janten Kepala Desa Tegalluar tug dugi ka danget ayeuna, dina saban ahir Ramadan, sim kuring pasti tepang sareng para tokoh, lansia sareng murangkalih yatim piatu,” Kang DS ngaku ngeunaan kabiasaanana dina saban nyanghareupan lebaran di sabudeureun lemburna di Kampung Sapan Tegalluar.

Kang DS nyebutkeun paket sembako teh dibagikeun ka masarakat di 6 desa di Kacamatan Bojongsoang. Kurang leuwih jumlahna sakitar 2000 paket sembako anu dibagikeun, boh santunan, boh paket sembako.

“Mudah-mudahan ku dibagikeunana paket sembako sareng santunan iue, tiasa ngahampangkeun kasulitan warga masarakat, husuna anu nampi kana ieu bantosan,” ceuk Kang DS gede harepan.

Saterusna Kang DS nepikeun rasa syukur jeung nganuhunkeun ka para aghnia lainna anu geus mere bantuan, kaasup shodaqoh jeung zakat infaqna anu dititipkeun ka pihak Basnaz

“Ka para Aghnia anu sacara langsung masihan santunan ka masarakat, sim kuring ngahaturkeun nuhun. Pamugi kacatet janten amal ibadah mungguhan Allah SWT,” pokna.

Kang DS oge ngungkabkeun, anu kabeneran dina waktu babagi sembako jeung santunan teh dibarengan dua tokoh Desa Tegalluar anu ngaranna mimiti loba dipikawanoh ku masarakat, diantarana aya Bang Haji Romy, sebutan akrab Anggota DPR RI H. Asep Romy anu domisilina di Desa Tegalluar. Kitu deui Kepala Desa Tegalluar Galih Hendrawan anu sarua domisilina salaku warga masarakat satempat..

“Tangtosna, sim kuring sasarengan masihan santunan, masihan sabagean harta ka nu meryogikeun. Pamugi urang sadaya dipaparin kasehatan. Insya Allah urang papag Lebaran Iedulfitri 1446 Hijriah anu parantos janten kasapakatan baris dilaksanakeun dinten Senen, pung 31 Maret 2025, ku rasa kabingahan. Pamugi ibadah puasa anu parantos dilaksanakeun, ibadah salat sunat tarawih sareng ibadah-inadah anu sanesna masing ditampi Allah SWT,” ceuk Kang DS mungkas ucapanana.***

Dadan Sungkawa/Diskominfo Kab. Bandung

Tags:Bupati BandungKang DS


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *