LBNews.com. CIKANCUNG. – Bupati/Wakil Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung Ali Syakieb ngalaksanakeun taraweh keliling (tarling) di Masjid Jami Attohiriyah Kampung Pesantren RW 09 Desa Cihanyir Kecamatan Cikancung Kabupaten Bandung, Minggu (9/3/2025).
Tarling ke-4 nu dilaksanakeun di daerah pemilihan (Dapil) IV teh, oge diluuhan jajaran Forkopimda Kabupaten Bandung, para Asisten, jajaran Organisasi Perangkat Daerah, Kepala Kemenag Kabupaten Bandung, Ketua MUI Kabupaten Bandung, MUI tingkat kecamatan jeung desa, Forkopimcam Cikancung, Cicalengka, Nagreg, jeung Rancaekek.
Oge deuih hadir para kepala desa nu asalna ti dapil IV jeung para tokoh agama katut para pihak lainna. Kitu deui anggota DPRD Kabupaten Bandung.
Dibarengan Bunda Bedas Hj. Emma Dety Dadang Supriatna, Bupati Bandung nganuhunkeun ka para nu geus bisa hadir dina kagiatan tarling tur kawilang eueyeub.
Bupati miharep muga-muga ibadah puasa anu keur dilakonan ku sakumna umat Islam di sing ngajadikeun ibadah anu ditarima ku manten-Na.
Satuluyna Bupati ngadadarkeu yen kagiatan tarling dina bulan suci Ramadhan teh ngarupakeun kagiatan maneuh saban taun nu dilaksanakeun jajaran pamarentah turta pihak lainna di saban Dapil sakuliah Kabupaten Bandung, “Sampurna ngajalankeun ibadah puasa Ramadhan, upama diantara urang sadayana nu ngalaksanakeun hablum minannas/hubungan antar sasama manusa silih hampura, Mugia ibadah lainna ditarima ku Allah SWT, Aamiin yra,” harepna.
Kagiatan kaagamaan di bulan suci Ramadhan ieu baris dipungkas ku ngalaksanakeun mapag mieling Nuzulul Qur’an di Masjid Al Fathu Soreang pada 16 Maret 2025 atawa maleman Nuzulul Qur’an nu baris dipieling saban kaping 17 Ramdhan.
Dina saatna acara tarling, Bupati Dadang Supriatna sempet ngungkabkeun yen kondisi Jawa Barat, khusus Kabupaten Bandung keur meujeuhna kurang hade lantaran ninggang di usum hujan bari jeung remen dibarengn ku bahaya banjir.
“Kabupaten Bandung, nu samemehna 4.500 hektar ngalaman banjir, danget kiwari Kantun 1.500 hektar. Nu parah di kawasan Dayeuhkolot, salian di Baleendah, kalebet wewengkon Tegalluar Kacamatan Bojongsoang oge kakeunaan banjir. Kalebet, rorompok sim kuring ge kabanjiran,” ceuk Kang DS dina pamapagna.
Tumali jeung musibah banjir, Kang DS umajak ka masarakat Kabupaten Bandung pikeun ngadoa ka Allah SWT sangkan kaayaan mulang deui ka normal, pikeun kamajuan bangsa jeung nagara Indonesia, utamana di Jawa Barat jeung hususna di Kabupaten Bandung. Sakumaha kagambar musibah banjir nu kalaman di Sukabumi. Karawang, Bogor jeung Bekasi. “Ieu kajantenan banjir teh ngarupikeun pertanda ka urang sadaya, kumaha miara alam sabudeureun. Mudah-mudahan ieu musibah teh ngajantenkeun wasilah kanggo instrosfeksi diri. Yu, urang sami-sami mulasara lingkungan alam,” ajak Kang DS.
Pikeun ngungkulan musibah banjir, tambahna, Kepala Pelaksana BPBD, Kepala Dinas Sosial Kabupaten Bandung sayaga di lapangan pikeun nyadiakeun umum atawa dapur siaga ajangkeuneun persiapan buka puasa jeung sahur. Jaba ti kitu teh, bupati oge ngiberan rehna dina waktu sahur peutingna rek terus turun ka lapangan ningali lokasi banjir marengan Sekda Provinsi Jabar nepikeun bantuan pikeun para korbaan musibah alatan kondisi banjir di Kabupaten Bandung kaasup kana kategori tanggap darurat.
Dina kasempetan kagiatan tarling, Bupati Bandung ngarasa bungah bisa ngalaksanakeun tarling bareng jeung jajaran pamarentah katut masarakat sabudeureun. Bupati oge nepikeun ucapan “Ya Marhaban Ya Ramadan”, wilujeng ngalakonan ibadah puasa di bulan suci Ramadan anu dimimitian ti tanggal 1 Ramadhan 1446 Hijriah/1 Maret 2025 Masehi.
“Insya Allah kagiatan tarling rengse di Minggu ayeuna, salajengna nindak kagiatan tarling di Dapil V, VI sareng Dapil VII. Pamungkas, ngayakeun peringatan malam Nuzulul Qur’an dina ping 16 Ramadan 1446 Hijriah/16 Maret 2025 di Masjid Al Fathu Soreang. Nuzulul Qur’an dipieling ku umat Islam satiap tanggal 17 Ramadan,” pokna
Nyabit pasca proses Pilkada Serentak Nasional 2024 anu lumangsung kalayan lungsur langsar, Kang DS jeung Kang Ali Syakieb ngucapkeun nuhun tina sagala rupa bantuanana.Bareng jeung para kepala OPD kitu deui para ASN di lingkungan Pemkab Bandung miharep bisa mere pangladen anu sahade-hadena ka masarakat..
Kang DS jeung Kang Ali Syakieb miharep tetep amanah jeung istiqomah dina ngalaksanakeun pancenna. Bupati nyebutkeun. 13 program prioritas Bupati Bandung tetap baris dilaksanakeun, tur leuwih ditingkatkeun.
“Utamana kanggo guru ngaji, Ketua RT, RW, Linmas, Perangkat Desa, Kepala Desa, BPD, sareng kader PKK anu samemehna aya jaminan kecelakaan kerja sareng jaminan kematian, engke mah aya tambihan jaminan hari tua kanggo penerima BPJS Ketenagakerjaan,” pokna.
Husus pikeun kader PKK, ceuk Bupati, mimiti taun 2025 ayeuna, dibere inssentif jeung BPJS Ketenagakerjaan.
Bupati ge ngiberan para kepala desa, rehna ADD (Anggaran Dana Desa) ulah waka dibalanjakan alatan aya perobahan. Sabada milu dina kagiatan retreat di Magelang, ceuk Kang DS, Presiden Prabowo aya maksud hayang di satiap desa aya Koperasi Desa Merah Putih kalayan anggotana para petani.
“Tujuanana pikeun mapag swasembada pangan. Supaya kasadiaan pangan ulah nepi ka kakurangan. Ieu Koperasi Desa Merah Putih teh pikeun nampung hasil pertanian di masing-masing daerah. Koperasi salaku obtaker jeung koperasi salaku bagae penyalur,” jelas Kamh DS.
Kang DS nyebutkeun, kamana nyalurkeun hasil pertanian. yen di Kabupaten Bandung, danget kiwari baris disiapkeun 361 dapur umum pikeun persiapan program Makan Bergizi Gratis (MBG) tur ngaladenan 1,2 juta siswa.
“Sanes mung saukur para siswa, nanging deuih “ibu hamil, ibu menyusui”, oge barudak stunting,” pokna nandeskeun.
Kang DS oge deuih ngungkabkeun ngeunaan program 100 hari kerja Bupati Bandung. Di antarana baris ngayakeun prioritas nyiptakan 10.000 wirausaha muda jeung lapangan kerja.
Aya opat komponen nu kudu disiapkeun. Kahiji, nyiapkeun tanaga migran pikeun gawe di Korea jeung Jepang. Kadua mike up artis, ketiga karyawan perusahaan dan komponen sejenna.
Inyana oge nyebutkeun yen dina jero tilu taun ka hareup, pihakna bakal leuwih fokus kana ningkatkeun kualitas infrastruktur jeung jalan. “Infrastruktur bakal leuwih diheulakeun,” pokna.
Disebutkeun, dina proses ningkatkeun infrastruktur, tangtu we teu lesot tina Pendapatan Asli Daerah (PAD). Alatan kitu, bupati miharep ka para camat jeung kepala desa ngayakeun koordinasi jeung Bapenda pikeun ngalaksanakeun pendataan potensi wajib pajak daerah di daerahnya, ti mimiti pajeg perhotelan, penginapan, wisata, hiburan, jeung potensi pajeg lainna.
Sawatara ngeunaan mangsa usum lebaran, Bupati Bandung ngwanti-wanti ka masarakat anu rek mudik Lebaran 1446 H/2025 M, pikeun mariksa jeung mastikeun kondisi imahna aman. Inya oge ngingetan ka para RT, RW, kepala desa, turta jajaran Forkopimcam ngiberan masyarakat tetep aya dina kondisi aman di lingkungan sabudeureunana dina waktu usum mudik jeung ngarayakeun Idulfitri 1446 H.**