Senin, 29 Sep 2025
Lingkung Lembur

Tingkatkeun Budidaya Lauk, Dispakan Kabupatén Bandung Tebar di 4 Lokasi

Pamaréntah Kabupatén Bandung ngaliwatan Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan (Dispakan) geus tebar deui binih lauk di Situ Bugel, Désa Cibiru Hilir, Kacamatan Cileunyi, Jumat (12/9/2025).***

CILEUNYI | LBNéws.com. Pamaréntah Kabupatén Bandung ngaliwatan Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan (Dispakan) geus tebar deui binih lauk di Situ Bugel, Désa Cibiru Hilir, Kacamatan Cileunyi, Jumat (12/9/2025).

Aya rupa-rupa jenis lauk anu dipelak téh, diantarana nilem, tawés, beunteur, nila, lauk mas, jeung lauk  beureum panon. Tah, aya deuih jenis lauk nu asalna ti Asia Timur, disebutna lauk grass carp. Kaasup salasahj jenis lauk langka anu bisa dibudidayakeun di Kabupatén Bandung.

Kitu deui jenis lauk beureum panon, ieu téh kaasup lauk khas nu ngan hirup di sapanjang walungan Citarum Citarum jeung Ciliwung, anu kiwari geus bisa dibudidayakeun di tempat séjén.

Saméméhna, salian ti di Situ Bugel Cileunyi, Dispakan ogé kungsi nebarkeun sababaraha jenis lauk di Kolam Réténsi Cieunteung, Kalurahan Balééndah, Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung, Situ Buleud, Désa Cipélah, Kacamatan Rancabali, jeung DAS (Daérah Aliran Sungai) Cibuliran/Radug Désa Karyalaksana, Kacamatan Ibun.

Salila taun 2025, Dispakan geus ngalaksanakeun réstocking bibit lauk di 4 lokasi situ jeung DAS tina 92 situ jeung das anu dirarancang rék dipelakan di sakuliah Kabupatén Bandung. Ieu téh ngarupakeun program Bupati Bandung Dadang Supriatna pikeun ningkatkeun populasi ékosistem lauk di Kabupatén Bandung kalayan harepan bisa jang ningkatkeun kahirupan ékonomi masarakat.

Kepala Dispakan Kabupatén Bandung Uka Suska Puji Utama ngaku ieu kagiatan nebarkeun rébuan binih lauk téh nyaéta pikeun ningkatkeun populasi ekosistem lauk di Kabupatén Bandung.

“Ku ayana ieu kagiatan nebarkeun binih lauk téh, kanggo ngajaga sareng ningkatkeun kasaimbangan ékosistem lauk,” walon Uka ngaliwatan selular, Saptu (13/9/2025).

Uka Suska ogé nyebutkeun, nebarkeun binih lauk di kolam réténsi, situ jeung DAS téh bisa waé engkéna pikeun jadi daya tarik wisata mancing-mania.  

“Mung lauk anu dipelak téh masih kénéh impun, janten masih kénéh meryogikeun waktos kanggo miarana dugi ka ageung sareng tiasa dipancing,” pokna.

Leuwih jauh Kepala Dispakan nyebutkeun, saupamana rébuan binih lauk geus ngalobaan tur baranahan, jeung terus dikembangkeun ku Kolompok Budidaya Ikan, bisa jadi tambahan jang nutupan kabutuhan protéin tina lauk pikeun konsumsi masarakat.

Ieu produksi lauk téh, pikeun masarkeunana bisa waé ngayakeun kolaborasi jeung Kopérasi Désa/Kalurahan Mérah Putih, pokna.

Ceuk Uka Suska, lamun ieu budidaya lauk bisa maju kalayat mesat, atuh otomatis bisa ningkatkeun ékonomi masarakat, “Nu jelas, ngalangkungan ieu kagiatan nebarkeun binih lauk téh ngagaduhan peran penting dina ngajaga kasaimbangan ékosistem aliran cai sareng ngrojong kagiatan ékonom masarakat,” pokna neundeun harepan.

Leuwih jauh deui, Uka Suska nyebutkeun, ku mekarna industri perikanan, kagiatan nebarkeun binih lauk lauk téh bakal ngabantu ningkatkeun produks lauk jeung ngarojong industry perikanan, boh keur keur konsumsi sapopoé di tingkat lokal, atawa nyumponan kabutuhan ékspor.

Uka Suska ngajelaskeun ku ayana kagiatan nebarkeun binih lauk téh ogé geusan mulangkeun deui populasi lauk anu kaancam alatan overfishing, polusi, atawa karuksakan habitat. Salian ti éta, ogé deuih boga tujuan pikeun ningkatkeun biodivérsitas jeung ngajaga kasaimbangan ékositem.**

Tags:biodivérsitasBupati BandungDadang SupriatnaKepala Dispakan Kabupaten BandungPemkab Bandungréstocking bibit laukUka Suska Puji Utama


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *