Senin, 29 Sep 2025
Lingkung Lembur

Wakil Ketua DPR RI H. Cucun Ahmad Syamsurijal Resmikeun Jambatan jeung Jalan di Kacamatan Pacét

Wakil Ketua DPR RI Cucun Ahmad Samsurijal dibarengan Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaresmikeun dua proyék infrastruktur strategis nu geus réngsé dibangun di wilayah Kacamatan Pacét, nyaéta Jembatan Cikawao di Désa Cikawao jeung Jalan Desa Nagrak di Desa Nagrak, Senén (15/9/2025). ***

PACÉT | LBNéws.com. – Wakil Ketua DPR RI Cucun Ahmad Samsurijal dibarengan Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaresmikeun dua proyék infrastruktur strategis nu geus réngsé dibangun di wilayah Kacamatan Pacét, nyaéta Jembatan Cikawao di Désa Cikawao jeung Jalan Desa Nagrak di Desa Nagrak, Senén (15/9/2025).

Hadir dina ieu acara ngaresmikeun infrastruktur jalan jeung jambatan téh Anggota DPRD Jabar Humaira Zahrotun Noor, Ketua DPRD Rénie Rahayu Fauzi, Kapolrésta Bandung Kombéspol Aldi Subartono, Dandim 0624 Létkol Kav. Samto Betah turta sajumlah anggota DPRD Fraksi PKB.

Pangwangunan Jambatan Cikawao nu nyambungkeun Kacamatan Pacét jeung Majalaya téh méakkeun anggaran anu gedéna Rp 7,4 miliar nu asalna tina Dana Alokasi Khusus (DAK) Fisik.

Alhamdulillah tasyakur binnikmah, Ieu Jambatan Cikawao dinten ayeuna diresmikeun. Kanggo masarakat, kapungkur mah ieu jambatan téh janten impian. Dinten ayeuna tos ngawujud. Ayeuna mah dua jalur,” ceuk ieu Wakil Ketua DPR RI téh bari negeskeun komitmenna pikeun terus merjuangkeun aspirasi masarakat Kabupatén Bandung, utamana di bidang infrastruktur konéktivitas.

Cucun menjelaskan, kondisi Jembatan Cikawao nu saméméhna heurin tur geus ruksak, kiwari kondisina kacida répréséntatif jeung lalega. Ieu Jambatan panjangna 28 méter jeung lébarna 8 méter kalawan ngabogaan dua jalur.

Saterusna inyana ngajelaskeun, pangwangunan jalan jeung jambatan jadi kabutuhan utama warga di daérah pasisian. Salian ti keur ngagampilkeun aksés transportasi, pangwangunan jalan atawa jabatan oge bisa niingkatkeun tumuwuhna ekonomi Masarakat.

Nurutkeun H.Cucun, kondisi Jalan Nagrak  nu awalna ruksak parna, kiwari kondisina geus dicor jeung leucir. Warga di sajumlah désa nu rék ka Majalaya ti Cikawao jeung Nagrak geus moal deui ngaliwatan jalan butut. Ieu dua proyek insfrastruktur strategis téh sapinuhna dibiayan tina Dana Alokasi Khusus (DAK).

Cucun ngungkabkeun, ampir saban taun inyan mawa DAK ka éBandung anu niléyna sakitar Rp 130 milyar pikeun insfrastruktur. Ieu insfrastruyktur téh kacida pentingna sabab fungsina lain ngan sakadar konékrtivitas, tapi ogé jadi panggerak ékonomi di daérah.

Cucun nganiléy, kondisi Kabupatén Bandung relative leuwih hadé dibandingkeun jeung daérah lainna. Tingkat kapancegan jalan di Kabupaten Bandung terus ningkat salila opat taun katompérnakeun.

Nurutkeun inya, ieu téh henteu leupas tina ayana rampak gawé antara pamaréntah daérah jeung pusat. Nurutkeun Cucun, kolaborasi ieu nu jadi konci utama keur ngagancangkeun pangwangunan.

Inyana ogé nepikeun apresiasi ka Bupati Bandung Dadang Supriatna anu ngahadirkeun pangwangunan infrastruktur nu hade tur bisa langsung turun ka sakabéh wilayah Kabupatén Bandung.

Berkat dukungan Dinas PUPR Kabupatén Bandung, status sajumlah jalan désa geus hasil ditaékkeun jadi jalan kabupatén. Ieu prosés penting sabab jadi syarat mutlak pikeun DAK anu status jalan minimal kabupatén

Upama masih jalan désa, moal bisa dibiayaan ku APBN ngaliwatan DAK. Jadi, sinergi daérah jeung pusat kacida nangtukeun, “Ieu préstasi luar biasa ti pamaréntah kabupatén Bandung. Mudah-mudahan jembatan sareng jalan anu tos diresmikeun tiasa aya mangpaatna kanggo masarakat kabupatén Bandung,” Ceuk H. Cucun.

Cucun miharep jembatan jeung jalan nu anyar diresmikeun téh bisa ningkatkeun tumuwuhna kamekaran ékonomi masyarakat.

“Sim kuring sareng Pa Bupati Dadang Supriatna parantos komitmen ngahadirkeun infrastruktur nu kuat, aman, tur ngagaduhan mangpaat kanggo masarakat. Mugia aya mangpaatna sareng ngahadirkeun kaberkahan kanggo mamsarakat sakumna,” ceuk H. Cucun nandeskeun.***

 

Tags:Cucun Ahmad SamsurijalDesa CikawaoDesa NagrakJambatan CikawaoKacamatan PacetWakil Ketua DPR RI


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *