LBNews.com. RANCAEKEK, – Wakil Bupati Bandung Ali Syakieb ngadorong perusahaan atawa Yayasan nembongkeun rasa mikahaat ka barudak yatim jeung kaum dhuafa ku cara babagi rejeki mere santuan, seug komo dina bulan puasa katompernakeun nyangherupan lebaran.
Eta hal ditepikeun Wabup Ali Syakieb waktu ngaluuhan acara kagiatan ngabagikeun Santuan ti Yayasan Asih Bumi Insani (ABI) anu dipasrahkeun ka 201 barudak yatim, barudak tahfidz quran, jeung kaum dhuafa di palataran Masjid El-Skye, Jalan Walini, Desa Bojongloa, Kacamatan Rancaekek, Minggu (23/3/2025).
Wabup Bandung Ali Syakieb oge nepikeun apresiasi anu taya hinggana ka Yayasan ABI nu geus nembongkeun rasa kepedulian, mikahaat ka barudak yatim jeung kaum huafa. Wabup ngadoakeun Yayasan ABI beuki nanjeur sangkan bisa nambahan deui jumlah santunan.
Leuwih jauhna deui, Wabup oge umajak boh ka pihak Yayasan atawa perusahaan lainna sangkan bisa ngalakukeun naon anu geus dilakukeun ku Yayasan ABI, anu maksudna mah keur ngaringan-ringan beban masarakat nu kurang mampu pikeun babagi kabungah jeung kabagjaan dina bulan amadhan jeung mapag usum lebaran,
Saterusna wabup nyabit sual generasi mileneal atawa gnerasi Gen Z anu nasibna leuwih untung jeung kaparengan aya reheki anu leuwih, aya alusna lamun milu icikibing mantuan kaum lemah, “Da moal matak jadi miskin gagara-gara loba sodakoh,” ceuk Ali Syakieb.
Ali ngaku, samangsa masih ngajalankeun karier di dunia entertainment, inyana ge sok rajeun ngabiasakeun mere sodakoh anu dibagikeun ka ratusan barudak yatim jeung klaum dhuafa. Najan henteu loba, nya nurut kana kamampuan nua aya.
Wabup jangji, satutasna jadi wakil bupati, kalayan kawijakan jeung kawenangan anu kudu dijalankeun, tangtuna inyana bakal boga tanaga keur mantuan masarakat Kabupaten Bandung, ku cara leuwih merhatikeun, pokna anu disambut ku keprok sakur nu hadir,
Sawatara, Camat Rancaekek Diar Hadi Gusdinar nambahkeun, kagiatan santuan anu digelar Yayasan ABI jeung SMP-SMA Skye Digipreneur dipiharep mawa kaberkahan bagi pihak Yayasan jeung sakola anu dikokolakeunana, henteu ngan saukur pikeun nu narima santunan wungkul.
“Kanggo Skye Digipreuner mudah-mudahan bisa tambah sukses sareng langkung maju dina ngeuyeuban kontribusina di widang Pendidikan, turta langkung lega ambahanana dina upaya ngahasilkeun para pangusaha muda,” ucap Camat Diar.
Diar miharep yayasan atawa perusahaan lianna bisa kabawakeun lengkah Yayasan ABI dina ngayakeun kagiatan social, utamana mikahaat warga nu kurang mampu ku mere santuanatawa kagiatan social lainna.
“Jadi, perusahaan oge ulah ngan sakadar neangan untung tapi oge kudu nalingakeun jeung mikahaat kana nasib masarakat sabudeureun lingkungan tempat operasi usahana,” pungkas camat.(*)
Dadan Sungkawa/Sumber: Rilis Humas Kab.Bandung