LBNews.Com, MAJALAYA – Sabada Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaresmikeun program 100 hari kerja Bupati Bandung nu dilaksanakeun di lingkungan Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD) Majalaya, Salasa (29/4/2025).
Dina ieu Program 100 hari kerja Bupati Bandung di lingkungan RSUD Majalaya teh, dimimitian ku nerapkeun kamajuan sistem layanan kasehatan nyaeta sistem digitalisasi observasi pasien di IGD (Instalasi Gawat Darurat), sarta ngalungsurkeun (lounching) aplikasi Sipanda.
Satutasna diterapkeun aplikasi Sipanda anu geus lumangsung sakitar sabulann, nepi ka danget kiwari tacan manggih kendala kasulitan.
Ditepungan di lantai 3 Rumah Sakit Umum Daerah Majalaya, Rebu 30 April 2025, Kepala Bagian Perencanaan dan Kehumasan dr Hj Yanti Fadillah dibarengan Kepala Bidang Penunjang Medis RSUD Majalaya dr Rikmasari, MH jeung Kepala Bidang Pelayanan Medis dr Ismet Ismail Suni katut staf lainna, diantarana Humas Yayah jeung Leni, turut mere katerangan tumali jeung program kamajuan sistem layanan kasehatan nyaeta sistem digitalisasi observasi pasien di IGD (Instalasi Gawat Darurat), sarta ngalungsurkeun (lounching) aplikasi Sipanda.
Nurutkeun Humas RSUD Ebah, Yayah, aplikasi SIPANDA (singgetan tina Siap Antar Obat Anda) kaasup program unggulan anu diterapkeun dina system layanan rumah sakit pikeun ngagampilkeun masarakat dina waktu narima obat ti bagean farmasi.
“Janten, kumargi obat-obat kronis biasana lami, komo upami obatna kedah diracik heula di klinik, supados teu ngantri lami ngantosan di rumah sakit, nya langkung sae ngantosna di bumi, sakantenan tiasa istirahat sabada diparios,” ceuk Yayah.
Yayah oge nyebutkeun yen di RSUD Ebah Majalaya teh aya 19 klinik, ari jumlah pasien, copelna wae aya kana 100 urang pasien. Kana tangtu bakal nimbulkeun tumpukan antrian panjang narungguan obat di bagean farmasi.
“Sareng supados masarakat henteu cape ngantos, janten obat engkena dikintun ka bumina pasien sewang-sewangan kalayan biaya anu diteken saminim-minimna,” sambungna.
Sawatara, Kepala Bidang Penunjang Medis, dr Rikmasari, MH. nerangkeun naon nu jadi kasang tukangna pangna kudu nerapkeun SIPANDA.
Inyana ngajelaskeun yen salila ieu, loba pasien anu sanggeusna meunang layanan di poly, jumlah poly kabehna aya 14 poly, datangna pasien biasana sok mareng waktuna.
“Akibatna numpuk di farmasi dirawat jalan. Nya, supados henteu janten antrian panjang di bagean farmasi, ahirna mendak solusi ku cara nerapkeun system jaringan aflikasi rumah sakit. Pasien henteu kedah ripuh-ripuh ngadekluk ngantosan obat di rumah sakit. Cekap ku ngantosan bae di bumina sewang-sewangan,“ jelas Rikmasari.
Tumali jeung pangiriman obat ka alamat imah pasien, dijelaskeun ku Rikmasari, yen nu jadi cepengan pihak rumah sakit mah, salian ti alamat lengkep teh oge telepon seluler, anu maksudna sangkan henteu putus komunikasi.
Disebutkeun, aplikasi SIPANDA anu diterapkeun teh maksudkeun pikeun ngaladenan layanan farmasi pasien rawat jalan, patokan biaya kirimna diluyukeun kana zonasi. Lamun jarakna kurang ti 5 Km, biayana Rp 13 rebu. Ti 5 Km – 10 Km, Rp 20 rebu. Upama leuwih ti 20 Km, gedena Rp 35 rebu.
Masih keneh nurutkeun dr. Rikmasari, MH., ieu Aplikasi SIPANDA teh samemeh di-lounching minangka program 100 hari kerja Bupati Bandung, sabulan samemehna geus mimiti dijalankeun, “Alhamdulillah lungsur-langsar. Dina pangiriman teu aya anu kasasar sok sanaos kedah nyorang lembur-lenbur pasisian, margi tiasa kalacak HP. Janten nomer HP wajib pisan kanggo pasien dina ngagunakeun aplikasi SIPANDA,’ tandesna.(G)**
Editor: Dadan Sungkawa