LBNews.com. KAB. BANDUNG – Pamarentah Kabupaten Bandung kalayan inisiasi Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) ngalaksanakeun acara puncak Hari Kesiapsiagaan Bencana Nasional (HKBN) nu biasa dilaksanakeun saban tanggal 26 April.
HKBN taun 2025 ngangkat tema “Siap Untuk Selamat” anu dibuka ku brengna atraksi rampak kohkol binarung ku sora tinghareangna sirine jeung tingkelentrengna sora lonceng mere aweuhan di sabudeureun Kawasan Kompleks Pemkab Bandung, Sabtu (26/4/2025), panceg tabuh pukul 10.00 waktu satempat.
Salian ti di lingkungan Kantor BPBD Kabupaten Bandung, atraksi tingkelentrungna sora kohkol teh ditabeuh oge di sajumlah lingkungan Organisasi Perangkat Daerah (OPD) Kabupaten Bandung, tingkat kecamatan jeung desa atawa kalurahan sa-Kabupaten Bandung.
Salian ti ngayakeun aweuhan rampak kohkol, pihak BPBD Kabupatan Bandung oge ngayakeun inisiasi kagiatan simulasi mandiri anu ngalibetkeun unsur pemerintahan setempat, para pelajar/siswa, pegawai BUMN, BUMD, perusahaan swasta, pemerintah desa, kelurahan jeung masarakat sakumna. Oge deuih ngalaksanakeun gerakan melak tatangkalan pohon di sababaraha titik di Kabupaten Bandung, salian ti gotong royong beberesih lingkungan tanda mirosea kana kahirupan sosial jeung lingkungan alam sabudeureun.
Leuwih jauh deui, Kepala Pelaksana BPBD nyebutkeun yen samemeh ngalaksanakeun puncak acara HKBN , ti awal mula samemehna geus digembor-gembor ku cara masang banner, spanduk minangka kasiapan mapag puncak acara HKBN 2025 di Soreang.
Kepala Pelaksana BPBD Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama, ngaku sakabeh kagiatan anu dilaksanakeun teh nurut kana pangajak jeung arahan Bupati Bandung Dadang Supriatna diluyukeun jeung instruksi BNPB (Badan Nasional Penanggulangan Bencana), salasahiji ngalaksanakeun kagiatan ngahirupkeun deui ngentrungkeun sora kohkol atawa kentongan kalayan mareng (serentak) di unggal tempat minangka simbul tangara kajadian kabencanaan jeung kasiapsiagaan masarakat dina nyanghareupan rupa-rupa potensi kabencanaan di daerah sewang-sewangan.
“Utamina potensi musibah banjir (caah), longsor (urug) sareng nu sanesna. Seug komo mayunan usum pancaroba, bagilirna tina usum ngijih kana usum halodo. Dina mangsa usum pancaroba ieu, kedah iatna sareng waspada datangna potensi ancaman angin kencang atanapi nu disebut angin ribut ,” pokna.
Satuan Pendidikan Aman Bencana (SPAB)
Dina momen HKBN 2025 ieu, Uka Suska oge nyabit ngeunaan edukasi kabencanaan anu kiwari jadi salasahiji program pamarentah pusat tumali jeung Satuan Pendidikan Aman Bencana (SPAB).
Inyana nyebutkeun yen dangat kiwari pihakna ngajak para murid jeung guru di sajumlah lingkungan sakalo dasar (SD), di Kacamatan Cicalengka Kabupaten Bandung ngalaksanakeun simulasi mandiri enggoning nyanghareupan rupa-rupa musibah. Atuh samemehna, hal sarupa kungsi deuih dilaksanakeun Pelatihan Penangngulangan Bencana di Kacamatan Cikancung, “Malah dina HKBN ayeuna, seueur anu parantos ngintunkeun karya video kabencanaan hasil tina simulasi atanapi pelatihan ka BPBD,” ceuk Uka Suska.
Uka Suska nyebutkeun tumali jeung program SPAB, pihakna baris ngayakeun kolaborasi jeung Dinas Pendidikan. Dina hal ieu, nurutkeun inyana, Dinas Pendidikan bisa nangtungan ngayakeun sinergitas jeung BPBD dina ngawujudkeun program SPAB anu diinisiasi ku Kementrian Pendidikan RI.
Inyana ngungkabkeun salasahiji bentuk sinergitas jeung dunia pendidikan, dibuktikeun ku ayana kadatangan para siswa ka kantor BPBD pikeun narima edukasi mikawanoh pakakas atawa alat-alat anu dipake jang ngungkulan masalah kabencanaan. Saperti anu geus kajadwalkeun dina tanggal 30 April 2025 para siswa TK di Rancaekek ngahaja bakal ngalaksanakeun kagiatan di BPBD tumali jeung hal-ihwal kabencanaan.
Evakuasi mandiri
Salian ti ngayakeun kolaborasi jeung Dinas Pendidikan dina widang edukasi kabencanaan, pihak BPBD Kabupaten Bandung oge ngayakeun torobosan ngalaksanakeun program evakuasi mandiri jeung edukasi kalayan ngalibetkeun pamarentah desa atawa kacamatan katut masarakat sabudeureunana.
Diantarana, Uka Suska nyebutkeun yen pihakna oge geus ngalaksanakeun simulasi mandiri keur warga satenpat di Desa Tanjungwangi Kecamatan Pacet, tumali kebencanaan.
Lebih jauh deui inyana nyebutkeun yen BPBD geus mere bantuan pinjam pakai perahu ka 17 kacamatan atawa desa-desa di Kabupaten Bandung pikeun nyinglar jeung nyalametkeun tina ancaman musibah banjir.
Pihak kacamatan atawa desa-desa nu geus narima bantuan perahu pinjam pakai, terus ditindak ku ngayakeun pelatihan tata cara ngagunakeun jeung ngoperasikeunana, saperti kumaha carana ngolah parahu jeung nu lainna.
Sakumaha arahan Bupati Bandung, Uka Suska nyebutkeun aya belasan kacamata nu geus dibere bantuan pinjam pakai perahu, utamana wilayah atawa desa-desana remen kabanjiran jeung ngalakukeun evakuasi warga tina ayana bahaya banjir.
Uka Suska netelakeun musibah banjir nu remen kajadian di sajumlah titik anu sarua meredih bantuan evakuasi ka BPBD, saperti banjir nu kaalaman di wilayah Katapang, Banjaran Wetan, Tarajusari, Pameungpeuk, Majalaya, Bojongsoang, Paseh jeung daerah lainya.
“Ku margi sumber daya di BPBD nu kawates, ayana bantuan perahu-perahu teh dipaharep tiasa ngalakukeun evakuasi sacara mandiri,” pokna.**
Editor: Dadan Sungkawa