Senin, 29 Sep 2025
Balabar Kawat

Bupati Bandung Audiensi jeung Menteri Sosial Bahas Lokasi Definitif Sekolah Rakyat

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngalakukeun audiénsi jeung Kementerian Sosial Républik Indonésia tumali jeung nangtukeun lokasi définitif pangwangunan Sekolah Rakyat, Selasa (16/9/2025). ***

JAKARTA | LBNéws.com.- Bupati Bandung  Dadang Supriatna ngalakukeun audiénsi jeung Kementerian Sosial Républik Indonésia tumali jeung nangtukeun lokasi définitif pangwangunan Sekolah Rakyat, Selasa (16/9/2025).

Ieu hasil audiénsi téh jadi dasar koordinasi jeung Kementerian Pekerjaan Umum RI salaku nu nangtukeun pamutus layak-henteuna lokasi pembangunan. Nalika audiensi di Jakarta, Bupati Bandung Dadang Supriatna dibarengan Kepala Dinas Sosial Kabupaten Bandung Ningning Hendarsah jeung Kepala Dinas Pekerjaan Umum dan Tata Ruang Kabupaten Bandung Zeis Zultaqawa.

Menteri Sosial RI, Saifullah Yusuf, nandeskeun Sekolah Rakyat hadir pikeun ngamulyakeun ‘wong cilik’. Ngahontal anu tacan kahontal jeung kadituna mah ngawujudkeun anu teu mungkin jadi leuwih gedé kamungkinan.

Béda jeung sakola umum, Sekolah Rakyat jadi bagéan tina program ngaleungitkeun kamiskinan jeung ngarupakeun program andelan Presidén RI, Prabowo Subianto. Peserta didik diprioritaskeun ti kalangan barudak keluarga desil 1 jeung 2. Utamana desil 1.

Salian ti Pendidikan, ieu program téh ngawengku ogé dukungan kaséhatan jeung kasejahteraan. Siswa ngan cukup ngaliwatan seleksi administrasi, diteruskeun pamariksaan kasehatan serta dilakukeun ‘pemetaan bakat’ ngaliwatan sistem Talent DNA kalayan basis Al ti Universitas Ary Ginanjar.

Sekolah Rakyat ogé bakal kaintegrasi jeung program makanan bergizi gratis, jaminan kesehatan PBI JKN, bantuan PKH, jeung program aténsi. Kolot-kolotna bakal di sina hojah di Kopérasi Désa/Kelurahan Merah Putih, sawatara rumah tanggana ngabogaan fasilitas ngaliwatan program 3 juta rumah.

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngalaporkeun yén Pemab Bandung geus ngajalankeun Sekolah Rakyat sementara di kawasan Stadion Si Jalak Harupat.

Pikeun lokasi définitif, Bupati Bandung ngusulkeun dua titik, nyaéta Ciwidey jeung Baleendah. 

“Di Ciwidéy tos sadia lahan 24 héktar, 8 édi antarana siap dibangun,” ceuk Kang DS, sebutan akrab Dadang Supriatna.

Pemkab Bandung ogé geus aya kasiapan ngagunakan APBD pikeun kapereluan lahan sapuratina.

Ieu audiensi téh dipiharep pikeun sagancangna realisasi Sekolah Rakyat di Kabupatén Bandung minangka sarana pendidian inklusif sakaligus panguat kasejahteraan masarakat.***

 

Tags:Bupati BandungDadang SupriatnaMenteri Sosial RISaifullah Yusuf


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *