SORÉANG | LBNéws.com. – Emma Dety Permanawati kapilih deui sacara aklamasi jadi Ketua Umum Komite Olahraga Masyarakat Indonésia (KORMI) Kabupatén Bandung période 2025–2029. Ieu kagiatan Musyawarah Kabupatén (Muskab) KORMI ke-II téh lumangsung di Hotél Sutan Raja, Soréang, Jumat (26/9/2025).
Emma negeskeun komitmenna pikeun mawa panji olah raga masyarakat nep ka sakuliah désa di Kabupatén Bandung, sekaligus mertahankeun predikat Kabupatén Bandung salaku juara umum dina Pekan Olahraga KORMI tingkat Jawa Barat.
Emma ngungkabkeun yén KORMI Kabupatén Bandung ogé rék satékah polah ngupayakeun sangkan para atlét tetep méré sumbangan panglobana di Jawa Barat dina cabang olah raga masarajat tingkat nasional, sakuaha anu geus dibuktikeun di Nusa Tenggara Barat (NTB).
Bupati Bandung, Dadang Supriatna nu hadir dina acara panutupan Muskab KORMI ka-II turut nepikeun ucapan pangwilujeng.
Disebutkeun ku inyana, ku kapilihna deui Hj. Emma Dety, ieu nandakeun kapercayaan ti para Induk Organisasi Olahraga (Inorga). KORMI Kabupatén Bandung ngabuktikeun mampuh nyeungitan ngaran daérah, boh di tingkat Jawa Barat, kitu deui nasional. Najan tanpa anggaran badag, KORMI tetep mampuh ngabina jeung ngalahirkeun atlét pinunjul, kata Bupati.
Ia berharap, ka hareup KORMI Kabupatén Bandung bisa jadi motivator masarakat sangan mikaresep olah raga, salasahijina ngaliwatan senam massal, sakaligus ngarojong program Pemkab Bandung pikeun ningkatkeun Indéks Kaséhatan Masarakat. (Sumber: Diskominfo Kab. Bandung)***