SORÉANG | LBNéws.com. – Fénoména fléxing atawa pamér kaméwahan di média sosial anu dilakukeun di kalangan pejabat atawa kulawargana keur meujeuhna jadi sorotan.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna malah nyebutkeukeun yén ieu tindakan téh henteu pantes dilakukeun. Pangpangna mah, di tengah kondisi kahirupan ékonomi masarakat keur ngongkrong nyanghareupan kawaluratan alatan pangaruh krisis ékonomi global.
“Sim kuring miharep aksi flexing anu dilakukeun ASN sareng pejabat katut kulawarga di média sosial, dieureunan. Ulah dugi ka nimbulkeun timburu social. Sanaos teu ditémbongkeun gé, masarakat mah tos apal yén para pejabat mah mampuh. Teu kedah dipamérkeun,” ceuk Bupati Bandung nalika nutup Musyawarah Komite Olahraga Masyarakat Indonesia (KORMI) Kabupatén Bandung ka-2 di Hotél Sutan Raja, Soréang, Jumat (26/9/2025).
Nurutkeun Kang DS – sebutan akrab Bupati Bandung, Dadang Supriatna – pejabat atawa kulawargana wajar lamun téa mah hayang indit-inditan ka sababaraha daérah di Indonésia atawa ka mancanagara saperti Singapura, Malaysia, atawa Tiongkok ngadon jalan-jalan atawa pelesiran. Ngan leuwih hadé ulah dipamérkeun di média sosial, anu temahna ngan saukur ngabibita tur jadi matak nganyerikeun haté leutik masarakat.
“Danget kiwari, kirang pas pamér kaméwahan. Seueur masarakat Kabupatén Bandung anu nuju ngalaman kasulitan ékonomi sareng anjlokna daya beli masarakat. Langkungs saé, seueurkeun aksi sosial, silih pikahaat ku cara babagi. Utamana ka kaom dhuafa atanapi yatim piatu,” tambahna.
Minangka conto tuladan, Kang DS sacara mayeng ngalaksanakeun program Jumat Berkah ku cara babagi pakét sembako jeung méré santuan ka barudak yatim piatu di masjid-masjid desa jeung kacamatan kalayan bagilir
Bupati miharep tina program Jumat Berkah anu dilakukeunana téh jadi motivasi pikeun warga anu mampuh sangkan kabawakeun bisa babagi ka papada jalma.
Leuwih jauh, Kang DS ngajelaskeun yén flexing th kaasupoa kana tindakan mamérkeun kakayaan atawa kaméwahan di média social, saperti némbongkeun barangbarang méwah, liburan éksotis atawa gaya hirup glamour. Pangaruhna ka masarakat bisa nimbulkeun hal-hal anu négatif jeungngajadikeun tekenan social pikeun masarakat lainna.
“Flexing ogé tiasa numuwuhkeun sikep narsisme sareng kasombongan,” ceuk Kang DS.
Dina ieu kasempetan Musyawarah KORMI Kabupatén Bandung 2025 téh, ogé ditetepkeun deui Hj. Emma Detty Permanawati jadi ketua nu kapilih sacara aklamasi. (Sumber: Diskominfo Kabupaten Bandung)***