LBNews.com. KOTA BANDUNG – Gupernur Jabar Dedi Mulyadi bakal ngahirupkeun deui jalur-jalur kareta api minangka tarekah ngamangpaatkeun jalur kareta pikeun ngamaksimalkeun potensi pariwisata di Jawa Barat.
“Kereta api sabenerna mah jalur transportasi nu paling murah,” ceuk Dedi Mulyadi waktu Rakor Perkeretaapian: Rencana Reaktivasi dan Pembangunan Jalur Kereta Api Baru di Bale Gedung Pakuan Kota Bandung, Salasa (15/4/2025).
Nurutkeun Gupernur, kareta api bisa ngadukung pariwisata alatan sipatna jadi alat transportasi massal jeung anti macet. “ Ieu kareta api, pangangkutanana massal, lantarana pangangkutanana massal gampil ngamobilisasi panumpang,” ceuk KDM -sebutan akrab Kang Dedi Mulyadi.
Salila rakor, KDM oge ngadadarkeun sajumlah program prioritas Pemda Provinsi Jabar dina ngadorong transportasi public nu bisa diayakeun kamangpaatanana pikeun masarakat.
“Elektrifikasi (KRL) jadi target awal, minimal kamacetan di Kota Bandung jeung sabudeureunana bisa karengsekeun,” ujarnya.
Lain ngan saukur di Kota Bandung wae, Pemda Prov. Jabar oge bakal ngayakeun reaktivasi jalur kereta api Bandung – Pangandaran. “Reaktivasi paling deukeut, jalur kereta ti Bandung nepi ka Pangandaran. Eta karek tepi Banjar, urang jieun heula prioritas kahiji nepika beresna,” ceuk Dedi Mulyadi.
Salian ti jalur KA Bandung – Pangandaran, Jabar oge baris ngahirupkeun deui kurang leuwih 9 pintu jalur KA, diantarana jalur KA di Garut, jalur KA ti Bogor-Sukabumi-Cianjur nepi ka Padalarang, tuluy deuih jalur KA Bandung – Ciwidey pikeun antisipasi kamacetan dina usum pakanci.***
Editor: Dadan Sungkawa