Selasa, 6 Mei 2025
Balabar Kawat

Instruksi Kang DS: Budaya Beberesih Sapopoe di lingkungan Pakantoran Bakal Nerapkeun Pola “Reward and Punishment”

- Bupati Bandung Dadang Supriatna mere instruksi anyar ka sakumna jajaran di lingkungan Pemkab Bandung pikeun ngalaksanakeun kagiatan operrasi beberesih di lingkungan kantor sewang-sewangan kalayan mayeng saban poe.***

LBNews.com. KAB BANDUNG – Bupati Bandung Dadang Supriatna mere instruksi anyar ka sakumna jajaran di lingkungan Pemkab Bandung pikeun ngalaksanakeun kagiatan operrasi beberesih di lingkungan kantor sewang-sewangan kalayan mayeng saban poe.

Ieu instruksi teh diajangkeun pikeun sakumna jajaran ti mimiti Organisasi Perangkat Daerah (OPD), Kecamatan, Rumah Sakit, Puskesmas, sekolah-sekolah, kantor desa nepi ka tempat-tempat layanan publik sejenna.

Nurutkeun Bupati Dadang Supriatna, instruksi kagiatan beberesih kantor atawa di tempat pagawean anu kudu dilakonan saban poe teh ngahaja dibetuskeun minangka bagean tina upaya ningkatkeun kualitas layanan publik sakaligus nyiptakeun lingkungan tempat gawe nu nyaman tur pikabetaheun.

“Sim kuring parantos nginstruksikeun, ngawitan dinten ayeuna keneh sareng saterasna, sadayana kantor OPD, Camat, Rumah Sakit, Sakola, Kantor Desa dugi ka tempat-tempat layanan sanesna kanggo ngalaksanakeun beberesih buruan sareng lingkungan sabudeureun kantor saban dinten,” tandes Buoati Dadng Supriatna, Jum’at (2/5/2025).

Inyana oge meredih sakumna jajaran ti mimiti danget ayeuna kudu leuwih ningkatkeun kasadaran dina ngajaga kabersihan kantor jeung lingkungan sewang-sewangan. Ditegeskeun, pihakna baris nurunkeun tim husu pikeun ngalakukeun evaluasi jeung ngabiley kana ieu instruksi Bupati Bandung ini.

Bupati nu akrab disebut Kang DS negeskeun, pihakna baris nerapkeun reward and punishment pikeun nalingakeun instansi mana wae anu ngagugu kana instruksi jeung mana anu ngabandel atawa ngamomorekeun jeung ngapilainkeun.

“Satiap sasasih sakali dina apel bulanan baris diumumkeun instansi mana anu pangberesihna sareng anu anu pangjorokna sual kaberesihan. Panuhun, ieu instruksi tiasa langsung dilaksanakeun kalayan daria!” Kang DS nandeskeun.(**)

Tags:Dadang SupriatnaPemkab Bandung


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *