LBNews.com. KAB. BANDUNG – Dina Hari Jadi ka-384 Kabupaten, Dinas Pemadam Kebakaran dan Penyelamatan (Disdamkar) Kabupaten Bandung lir kasinugrahan kado istimewa. Nu kahijj, dumasar kana hasil survei anu dilakukeun ku Bapperida jeung BPS (Badan Pusat Statistik), indeks kasugemaan masarakat dina ngayakeun pangladen ka masarakat kaasup salasasahij OPD nu kapeunteun panghadena, ngahontal niley 94,4.
“Nu sanes mah rata-rata di angka sahandapeun 90, Disdamkar ngahontal 94,4,” ceuk Kepala Disdamkar Kabupaten Bandung H. Iman Irianto Sudjana dina keteranganana di stand Disdamkar Kabupaten Bandung waktu giat Bandung Bedas Expo 2025 Jalan Al Fathu Soreang, Kamis (24/4/2025).
Iman oge ngaku yen di media sosial, respon netizen kana layanan Disdamkar Kabupaten Bandung, malah meunang pangbagea (apresiasi) di saluareun Kabupaten Bandung nu kalintang luar biasa.
Dina ngalaksanakeun prak-prakan tugasna, Iman merangkeun yen pihak jajaran Disdamkar usaha satekah polah pikeun nyaimbangkeun antara tugas mareuman seuneu jeung nyinglar kajadin kahuruan.
Aya kalana satutasna ngalaksanakeun tugas, masarakat nepi ka mere panghormatan standing applause (keprok bari terus nangtung) di sapanjang sisi-sisi jalan bangun nu mere sumanget atawa support ka para patugas. Ieu teh buah tina kaikhlasan, jeung pihakna terus digawe sakumaha arahan Bupati Bandung Dadang Supriatna.
Dijelaskeun, dina palebah dieu pihakna terus ngalakukeun upaya edukasi ka sakur segmen masarakat boh ibu-ibu rumah tangga, Pa RT jeung Pa RW ngalaksanakeun pamarekan edukasi kahuruan kalayan ngagunakeun alat-alat nu nyamapak di lingkungan RT jeung RW, jelasna.
Sakumaha arahan ti Bupati Bandung, tambah Iman, Disdamkar ngabentuk relawan kebakaran anu disingget Redkar Bedas Kabupaten Bandung.
“Dugi ka danget ayeuna tos kabentuk di 18 desa kalayan satahap-satahap. Ieu teh bagean tina program kerja Disdamkar enggoning ngarojong program 100 hari kerja Bapa Bupati ,” pokna nandeskeun.
Inya ge ngungkabkeun yen Disdamkar turut mere edukasi ka para siswa PAUD. TK, SD,SMPASLTA nepi k paguron luhur.
Dalah, Disdamkar oge kungsi diulem sacara husus ku pihak Telkom Unibersity. Harita nu hadir aya kana 500 urng mahasiswa anyar nu baris ngeusian kamar kost atawa asrama nu aya di lingkunga Telkom University.
Harita pihakna dipentes ngayakeun edukasi ngeunaan kumaha tata cara mareuman seuneu kalayan ngagunakei alat-alat nu aya di disabudeureun kamar-kamar kost. Bisa ku ngagunakleun simbut baseuh, kekesed jeung dibere cara-carana.
Nurutkeun Iman, nu hadir teh henteu ngan saukur narima panjelasan sacara teori. Di lingkungan Telkom University oge dibere pamahaman jeung prak-prakanana.
“Pami kanggo para siswa TK, SD, meh saban dinten ngayakeun edukasi. Para siswa seueur anu langsung sarumping ka Disdamkar,” pokna.
Henteu cukup ku kitu, Iman ngungkabkeun, jajaran Disdamkar oge mere edukasi ka nu ngokolakeun pausahaan, di antarana mall, pabrik-pabrik atawa BUMD jeung pausahaan lainna.
Salian ti ngayakeun edukasi, oge deuih bari jeung arinyana ge meredih ngayakeun fasilitas ngabentuk regu dampak di internal dina ngalaksanakeu system proteksi kebakaran Gedung,” jelasna bari ngungkabkeun moto Disdamkar nyaeta “Mencegah Kebakaran, dan Melanjutkan Pembangunan”. (K)**
Editor: Dadan Sungkawa