SORÉANG | LBNéws.com. – Bupati Bandung, Dadang Supriatna ngadadarkeun kalumangsungan program nasional Makan Bergizi Gratis (MBG) anu ditaratas Presidén RI di Kabupatén Bandung dina acara “Talkshow INews TV bersama Bupati Bandung” di Rumdin Bupati, Soréang, Senén (29/9/2025).
Nurutkeun bupati, Kabupatén Bandung geus ngararancang 361 titik anu baris diadegkeun Satuan Pelayanan Peenuhan Gizi (SPPG), tapi dibangunna henteu sakaligus. Ditungtut baé, sawaréh ku pamaréntah. Sawaréh deui mah dilakukeun sacara kolaborasi jeung pihak swasta salaku mitra,
Danget kiwari, tina 361 titik téh, karék aya kana 147 titik SPPG nu geus jalan, sawatara nu 200 titik deui mah karék semet ancang-ancang.
Kang DS, sebutan akrab Dadang Supriatna ngarasa yakin ku ayana ieu program téh baris mampuh ngungkulan rupa-rupa pasualan, utamana pasualan stunting. Sabab, ku ayana MBG baris nambahan nutrisi pikeun barudak jeung ibu-ibu nu keur kakandungan atawa nyusuan anu dilakukeun sacara mayeng.
Tapi, inyana ogé ngaku réhna ku ayana ieu program anyar téh, teu saeutik masarakat anu masih kénéh ngarasa cangcaya.
Padahal di nagara-nagara séjén ogé, program sarupa kieu téh geus loba anu ngajalankeun. Bupati nandeskerun, ieu program téh hadir pikeun ngawangun generasi cerdas dina mangsa pikahreupeun, sakaligus ngungkulan pasualan kamiskinan ékstrim, pokna.
Kang DS ogé ngajelaskeun yén jumlah padumuk Kabupatén Bandung kiwari geus ngahontal 3,8 juta urang, sedengkeun target MBG lobana 1,253 juta urang, ngawengku barudak TK/PAUD nepi ka SMA, santri, ibu-ibu anu keur ngandung jeung nyusuan. Sok sanajan kitu, ieu jumlah sakitu téh, sipatna masih kénéh can angger, masih kénéh dinamis nurut kana ugeran waktu jeung distribusina dumasarar kana kawilayahan kacamatan.
Tumali jeung standar gizi jeung kaséhatan, Kang DS nandeskeun sangkan unggal dapur SPPG ngabogaan sértifikat laik hygiene ti Dinas Kesehatan saméméh ngayakeun opérasi. Pihakna ogé geus ngabentuk Tim Satgas MBG anu ngalibetkeun sakumna OPD pikeun ngawaskeun jalanna ieu program.
Bupati oge geus nugaskeun Dinkes pikeun sagancangna ngalaksanakeun prosés sértifikasi. Ti mimiti tina kondisi bangunaan, pakakas, pangolahaan limbah, cai beresih nepi ka sajian menu nurut kana standar anu geus ditangtukeun.
Kitu deui lebah SDM-na, kudu nu bener-bener kalatih. Aya tanaga gizi, akuntan jeung tim pangawas. Kabéh kudu disiplin nurut kana SOP, ti awal nepi ka ahir, tandes bupati.
Kang DS nyebutkeun, lamun mah satiap SPPG nurut kana SOP anu geus ditangtukeun, poténsi musibah karacunan jeung sajabana tayohna bisa kasinglar.
Inyana ogé merhitungkeun tina ieu program MBG téh baris ngadatangkeun puteran ékonomi di Kabupatén Bandung, ngahontal 5 miliar dina sapoéna. Lamun jalan jalan sakumaha mistina.
Alatan kitu, bupati meredih sakumna stakeholder, ti mimiti RT, RW, kepala sekolah, nepi ka masarakat sakabéhna milu ancrub ngalaksanakeun édukasi jeung sosialisasi ieu program. Utamana pikeun nyinglar kacangcayaan masarakat sangkan ieu program bisa jalan kalayan maksimal, tandesna.
Mungkas kateranganana, Kang DS nandeskeun komitmenna pikeun terus ngawal impleméntasi MBG di Kabupatén Bandung bareng jeung program lainna, kaasup Sakola Rakyat demi lahirna geenerasi nu cerdas mapag mangsa Indonésia Kaemasan taun 2045. (Dadan Sungkawa/Sumber: Humas Pemkab – Diskominfo/sy)***