LBNews.com. SOREANG, – Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaluarkeun Surat Edaran Nomor : 800.1.10.3/007/820/ DISNASKER ngeunaan Pelaksanaan Pemberian Tunjangan Hari Raya (THR) Keagamaan 2025 Bagi Pekerja/Buruh di Perusahaan.
Ieu Surat Edaran anu titimangsana tanggal 14 Maret 2025 teh ditujukan ka sakumna para pangusaha Sa-Kabupaten Bandung, sangkan sakabeh pausahaan nu aya di Kabupaten Bandung bisa ngalaksanakeun kawajibanna nyadiakeun THR pikeun para pagawena.
Bupati ngajelaskeun pagawe atawa buruh nu masa kerja-na 12 bulan sacara terus-terusan atawa leuwih, boh satutusna PKWT, boh PKWTT , dibere pangaji sabulan upah pagawe.
Sawatara pikeun pagawe /buruh anu masa kerja-na karek sabulan campleng sacara terus tumerus, tapi kurang ti sataun, dibere pangaji sacara proporsional sakumaha perhitungan masa kerja dikali sabulan upah dibagi 12.
Sedengkeun pikeun pagawe atawa buruh anu gawena ngagunakeun system perjangjian kerja dumasar kana anggeusna hiji pagawean atawa digawe dumasar kana itungan satuan hasil, diperhitungkeun sakumaha wincikan handap ieu:
Pagawe/buruh nu geus ngabogaan masa kerja 12 bulan atawa leuwih, upah 1 bulan diitung dumasar upah rata-rata 12 bulan terakhir sememeh Hari Raya Keagamaan.
Pagawe/buruh anu masa kerja-na kurang ti 12 bulan, upah 1 bulan diitung dumasar rata-rata upah nu ditarima satiap bulan salila masa kerja.
Perusahaan wajib babayar THR secara pinuh ka para pekerja/buruh paling leuir 7 poe sememeh Lebaran, bupati nandeskeun.
Kang DS – sebutan akrab Bupati Bandung Dadang Supritana umajak pikeun perusahaan nu geus ngaalaksankeun pembayaran THR, sangkan sagancangna mere laporan ka Dinas Ketenagakerjaan Kabupaten Bandung.
Sawatara pikeun perusahaan anu wangkelang teu bisa bebeyar THR ka para pagawe/buruh nu salila dieu digawekeunana baris ditibanan sanksi dumasar Pasal 79 Peraturan Pemerintah Nomor 36 Tahun 2021 ngeunaan Pengupahan.
“Disnaker Kabupaten Bandung nyadiakeun Posko Pengaduan THR,” tegas bupati.***
Dadan Sungkawa/Sumber Rillis Humas Kab, Bandung