Selasa, 17 Jun 2025
Balabar Kawat

Marengan Wakapolri Monitor Jalur Nagreg, Wabup Bandung: Insya Allah Arus mudik lungsur-langsur, Para Pemudik Masing Iatna di Jalan

Wakil Bupati Bandung Ali Syakieb marengan Wakapolri Komjen Ahmad Dofiri ngalaksanakeun kagiatan pangrorisan ngecek kondiri arus mudik di Kawasan jalur pakidulan Jawa Barat, Jumat (28/3/2025).***

LBNews.com. NAGREG, – Wakil Bupati Bandung Ali Syakieb ngabageakeun kahadiran Wakapolri Komjen Ahmad Dofiri anu ngalaksanakeun kagiatan pangrorisan ngecek kondiri arus mudik di Kawasan jalur pakidulan Jawa Barat.

Wakapolri anjog di Lapangan Sepak Bola Nagreg kalayan ngagunakeun helikopter, Jumat (28/3/2025). Sadatangna di tempat, langsung Komjen Dofiri neruskeun lalampahanana maju ka Limbangan Kabupaten Garut ngagunakeun R4 ngaliwatan jalur tanjakan Nagreg.

Wabup Ali Syakieb nyebutkeun, pihak Pemkab Bandung bareng jeung sakumna Forkompimda, kitu deui OPD kakait, samemehna geus ngalakukeun pangrorisan di sababaraha titik lokasi Pos Pam Arus Mudik jeung Pos Induk Nagreg.

Inyana ngaku, geus kadua kalina ngayakeun kagiatan monitoring. Danget ayeuna maturan Wakapolri, Insya Allah arus mudik Lebaran sagalana lungsur langsar. Henteu aya accident (kacilakaan-red.), jeung Dinas Perhubungan Kabupaten Bandung oge OPD geus nyiapkeun sagala rupana, ceuk wabup.

Ali Syakieb nepikeun apresiasi anu kacida jerona ka para personel aparat anu ngajalankeun tugas di Kawasan jalur Cileunyi-Nagreg. Nurutkeun inyana, ieu pengabdian para patugas teh kaitung luar biasa. Para patugas melaan ngorbankeun jeung ngarelakeun waktu kumpul ngariung jeung sanak kulawarga demi ngalaksanakeun tugas anu sakitu beuratna.

Ka para pemudik, Ali cumeluk sangkan leuwih ati-ati jeung iatna, ngaroris heula kaayaan fisik kandaraan anu rek dipakena, jeung kalengkepan surat-suratna, kaasup ngajaga kasehatan keur nu ngajalankeun kandaraanana.***

Dadan Sungkawa

Tags:Aku SyakiebKomjen Ahmad DofiriNagregWabup BandungWakapolri


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *