Rabu, 18 Jun 2025
Balabar Kawat

Mulangkeun Kawenangan SLTA ka Kabupaten/Kota, Jadi Sorotan DPR RI

Wakil Ketua DPR RI Cucun Ahmad Samsurijal nambahkeun, pikeun mulangkeun kawenangan ngokoloan SLTA ti pamarentah daerah provinsi ka pamarentah daerah kabupaten/kota, mangka kudu ngarobah heula Undang-Undang Nomor 23 Tahun 2014 tentang Pemerintah Daerah. ***

LBNews.com. KAB. BANDUNG – Bupati Bandung Dadang Supriatna dina pidato sambutan Sidang Paripurna Istimewa nyebutkeun, danget kiwari Kabupaten Bandung mibanda catetan hasil pangwangunan sagala widang dina tingkatan angka anu kaitung nyugemakeun anu kudu ditarima ku rasa syukur  jeung dijadikeun tatapakeun pikeun bagerak leuwih gancang tur cindek di mangsa nu bakal datang.

Inyana netelakeun sakur hasil pangwangunan anu geus kahontal kalayan fenomenal nepi ka taun 2024. Diantarana, tingkat IPM Kabupaten Bandung geus bisa ngahontal angka 74,59 poin, ningkat 0,56 poin tinimbang 2023 nu ngahomntal di angka 74,03 poin.

Bupati nyebutkeun, ningkatna IPM alatan kontribusi indeks pendidikan 65,89 poin, indeks kesehatan 84,97 poin sarta indeks pangaluaran (daya beli) 74,12 poin.

Bupati Dadang Supriatna, anu akrab ku sebutan Kang DS, laju nyorot kana pasualan indikator indeks pendidikan, anu ceuk inyana ngahontal angka anu teu pati nyugemakeun, masih keneh kurang tina kasaimbangan tingkat angka IPM.

Nurutkeun pangakuan Kang DS, Harapan Lama Sekolah (HLS) masyarakat Kabupaten Bandung teu sabanding lurus jeung Rata-rata Lama Sekolah (RLS). Nu jadi alesan, neumbleuh dina hal pendidikan SMA/SMK, anu masih keneh gumantung kana kawenangan Pemprov Jawa Barat.

Inyana terus ngungkabkeun di periode kahiji dirina ngajabat Bupati Bandung geus ngadegkeun 27 SMP anyar jeung boga patekadan nedunan ngawujudkeun pangwangunan 22 SLTA anyar.  Hanjakal, nepi ka danget kiwari, eta paniatan ngaronjatkeun pangwangunan Pendidikan SLTA anyar teh tacan enya katedunan. “Janten, panuhun ka Pemda Prov. Jabar, upami memang paniatan hoyong ngawujudkeun pangwangunan SLTA anyar henteu aya kapastian, naha henteu aya lepatna saupamina kawenangan ngurus SLTA dipulangkeun deui ka Pemda Kabupaten/kota,” Kang DS ngungkabkeun keretegna.

Pangaruh tina kakurangan SLTA ieu, nurutkeun inyana, salian ti kurangna niley IPM tina sisi indicator pendidikan, oge deuih loba ngakibatkeun kana tingkat angka pernikahan dini anu kaitung luhur. Kang DS nyebutkeun conto, di Kacamatan Pangalengan alatan kurangna sekolah SMA, akibatnya loba barudak lulusan SMP anu antukna milih nikah batan neruskeun sakola ka SLTA.

Tibatan engkena barudakna jadi masalah, nya leuwih hade dinikahkeun. Ieu data kacatet di Pangadilan Agama. Loba kolot barudak anu menta izin pikeun nikahkeun barudakna dibawah umur atawa di usia dini, ceuk Kang DS ngabeberkeun

Lamun mah memang yen kawenangan pangololaan SLTA nu dicepeng ku pamarentah provinsi jadi halangan dina pangwangunan SLTA anyar, nurutkeun Kang DS, leuwih hade kawenanganana dipulangkeun deui ka pamarentah daerah kabuopaten/kota.

Ngarespon eta hal, Wakil Gubernur Jawa Barat Erwan Setiawan nyebutkeun kewenangan pangololaan SLTA di pamarentah provinsi sakumaha tumerap di sakuliah Indonesia.

“Janten, kanggo ngarobih kawijakanana, kawenangan aya di pamarentah pusat sareng DPR RI.  Pami pihak Pemda provinsi mung sawates nampi kaputusan ti pamarentah pusat,” pungkas Wagub Jabar.

Sok sanajan kitu, tambah wagub, pihakna bakal leuwih fokus pikeun ngayakeun pangwangunan deui sector Pendidikan, kaasup sual pangwangunan gedong SLTA anyar dina raraga ningkatkeun sumber daya manusia.

“Taun ieu Pemda Prov. Jabar parantos ngalakukeun efisiensi anggaran dugi ka Rp5,1 triliun, di mana Rp2,4 triliun kanggi pangwangunan infrastruktur sareng Rp1,6 triliun kanggo pangwangunan sektor pendidikan,” sebut Erwan.

Erwan ngahiap ka pamarentah daerah (Pemda) Kabupaten Bandung atawa daerah lainna di Jawa Barat pikeun ngasongkeun ajuan pangwangunan SLTA anyar tina hasil efisiensi anggaran Rp1,6 triliun tadi.

Sawatara, Wakil Ketua DPR RI Cucun Ahmad Samsurijal nambahkeun, pikeun mulangkeun kawenangan ngokoloan SLTA ti pamarentah daerah provinsi ka pamarentah daerah kabupaten/kota, mangka kudu ngarobah heula Undang-Undang Nomor 23 Tahun 2014 tentang Pemerintah Daerah.

“Ieu kedah ngarobih Undang-undang ngeunaan Pamarentah Daerah. DPR RI nu ngajalankeun fungsi legislasi ngagaduhan tanggung jawab, naon anu didugikeun Bupati Bandung, saleresna lebet kana wacana anu kalintang saena supados pasualan pangalolaan SLTA tiasa langkung katangani (gancang kacepeng garapan pasualanana, henteu kaluli-luli-red.),” walon ieu pingpinan DPR RI ti Fraksi PKB.

Kang Haji Cucun ngaku pihakna geus tepung jeung Kementerian Dalam Negeri tumali jeung bahasan revisi UU Pamarentah Daerah.(*)

Editor: Dadan Sungkawa

Tags:Bupati BandungCucun Ahmad SamsurijalPemkab Bandung


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *