LBNews.com. SOREANG, – Sanajan Kabupaten Bandung asup kana daerah rawan bencana alam, syukurna nepi ka danget kiwari, copelna dina sababaraha minggu katompernakeun, bisa disebutkeun aman tur kondusif.
“Alhamdulillah dina sababaraha minggu kadieunakeun mah teu aya kajantenan musibah alam, sok sanaos samemehna aya musibah banjir di sajumlah wilayah di Kabupaten Bandung. Namung tiasa kaungkulan sareng aya dina kaayaan aman, masarakat henteu janten hariwang,” ceuk Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama waktu mere keterangannya ka para awak media di Soreang, Salasa (8/4/2025).
Uka Suska nepikeun eta hal teh nalika silaturahmi jeung Bupati/Wakil Bupati Bandung, Dadang Supriatna jeung AIi Syakieb dina gelaran acara halal bihalal pasca-lebaran Idulfitri Fitri 1446 H di Dome Bale Rame Soreang.
Uka Suska ngucapkeun syukur alhamdulillah ku ayana kondisi lingkungan nu aman tur kondusif di Kabupaten Bandung dina minggu-minggu katompernaeun, henteu lesot ku ayana sinergitas anu kabangun reujeung sababaraha pihak.
“Kaayaaan kondisi wilayah Kabupaten Bandung nu aman tur kondusif itu, tangtosna ku ayana sinergitas anu kabangun antara TNI, Polri, OPD kakait sareng para stakeholder sanesna dina ngungkulan pasualan musibah alam,” walon Uka Suska.
BPBD nyebutkeun yen satiap aya kajadian musibah alam, sakabeh unsur bagerak langsung kalayan gasik turun ka lapangan pikeun ngungkulan musibah.
“Mugi kauninga bae, nu namina musibah alam, pan henteu ningal waktu. Mangkana, urang sadaya masing tetep iatna sareng waspada ningkatkeun kasiapsayagaan tina kajantenan musibah alam kanggo ngirangan resika musibah alam,” walonna.
Disebutkan ku inyana, BPBD oge terus-tumerus ngayakeun edukasi ka masarakat Kabupaten Bandung enggoning dina nyanghareupan satiap potensi musibah alam. Ti mimiti potensi ancaman caah, urug, gerakan tanah, hujan angin lilintungan, kadurukan lahan jeung leuweung, kagaringan, jeung lini.
“Potensi musibah alam henteu tiasa diprediksi ku sing saha bae jeung bisa tumiba iraha wae waktuna. Nanging, sok sanaos kitu, urang sadaya tetep kedah narekahan sareng upaya satekah polah pikeun nyinglar sareng mitigasi musibah. Salian ti ngado’a ka Allah SWT, supados urang sadaya salamet sareng kenging pangraksa ti manten-Na tina saniskara musibah alamanu teu disangka-sangka,” pungkasna. (dsk)***