SORÉANG | LBNéws.com. – Sakabéh Aparatur Sipil Negara (ASN) di lingkungan Pemkab Bandung baris diilukeun dina rétrét Transformasi Birokrasi dina ngawujudkeun sinérgi jeung harmonisasi nurut kana arahan kawijakan ngahontal Bandung leuwih Bedas.
Rétrét entragan kahiji, ieu diluan puluhan pamilon, dibuka jeung diiangkeun Bupati Bandung Dadang Supriatna di Rumah Dinas Bupati, Kemis (18/9/2025).
Ieu kagiatan rétrét téh digelar ku Badan Kepegawaian dan Pengembangan Sumber Daya Manusia (BKPSDM) Kabupatén Bandung rampak gawé jeung Pusat Pendidikan Ajudan Jenderal Direktorat Ajudan Jenderal Angkatan Darat (Pusdikajen Ditajenad) TNI AD. Ieu retret entragan kahiji téh digelar di Pusdikajen, Kecamatan Lémbang Kabupatén Bandung Barat salila tilu poé opat peuting malam.
Para pamilon, ngawengku ti Pejabat Pimpinan Tinggi Pratama (PTP) Ésélon II B jeung Ésélon III A Admisnistrator antara lain para Kepala Organisasi Perangkat Daérah (OPD), para Kepala Bagian (Kabag) jeung para camat.
Bupati Bandung Dadang Supriatna nyebutkeun, ieu rétrét ASN téh penting pisan dina raraga ningkatkeun kapasitas ASN. Saperti anu remen ditepikeun yén pikeun nyiapkeun visi Indonésia Emas 2045 aya 5 hal anu kudu disiapkeun:
Kahiji, ningkatkeun kualitas SDM nu yang profésional tur paham digitalisasi. Kadua, boga dadasar big data; katilu, research and development; kaopat, organisasi nu kuat; jeung kalima, ngokolakeun anggaran nu bener.
Bupati Bandung nyebutkeun, éta lima hal anu mindeng ditepikeun téh lain saukur slogan. Nurutkeun inyana dibutuhkeun kakompakan dina ngahontal visi jeung misi Kabupatén Bandung.
“Ogé kanggo up date pangaweruh sareng kamahéran sarta ningatkeun kapasitas, mangka dinten ayeuna dikawitan rétrét kanggo para ASN golombang kahiji anu pamilonna ngawengku ti Pejabat Pimpinan Tinggi Pratama sareng Admisnistrator. Ieu dilaksanakeun sacara tahap demi tahap, anu engkéna sakumna ASN Pemkab Bandung ngiring ieu kagiatan rétrét,” ceuk Bupati Dadang Supriatna saréngséna méré arahan ka para pamilon.
Saterusna Bupati Dadang Supriatna ngajelaskeun maksud ieu rétrét ASN téh ngarupakeun tarékah ningkatkeun kadisiplinan, sinérgitas jeung integritas sarta ningkatkeun inovasi jeung kakompakan rampak gawé.
“Margi tina rétrét ieu tiasa ngalahirkeun kagiatan-kagiatan atanapi pelatihan-pelatihan kumaha carana sangkan ngajantenkeun sinkronisas sakumna OPD dina upaya ngahontal visi-misi Kabupatén Bandung anu merelukeun pisan ayana kolaborasi,” jelas Bupati Kang DS
Ku hal éta, visi ngawujudkeun masyarakat Kabupatén Bandung nu Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis jeung Sejahtera (Bedas), maju tur kasinambungan mapag Indonésia emas 2045 jeung 57 rarancang aksi bakal kacumponan.
Kaasup pikeun nyukséskeun program pamaréntah pusat. Utamana 3 program prioritas Presidén Prabowo Subianto pikeun sinkronisasi di daérah. Alatan kitu, ceuk Kang DS, Pemkab Bandung keur meujeuhna fokus kumaha ngayakeun pelatihan sacara husus nepi ka ASN bener-bener proféssional dina ngalaksanakeun tugas jeung fungsina.
Bupati miharep sakumna pamilon rétrét bisa ngayakeun peran aktif numuwuhkeun sinérgi jeung harmonisasi. Lain ngan ukur di sakuliweik lingkungan gawéna séwang-séwangan, tapi ogé antar organisasi, sililengkepan jeung silikuatkeun sarta mastikeun tata kelola pamarétah lumangsung kalayan bener, éfktif, jeung akuntabel sarta komitmen pikeun ngamajukeun Kabupatén Bandung, tandes Kang DS.***