LBNews.com. KAB BANDUNG – Bupati Bandung Dadang Supriatna, kalayan resmi muka Musyawarah Perencanaan Pembangunan (Musrenbang) Rencana Pembangunan Jangka Menengah Daerah (RPJMD) Kabupaten Bandung taun 2025-2029 di Hotel Grand Sunshine, Soreang, Senin (5/5/2025).
Ieu kagiatan Musrenbang RPJMD teh ngarupakeun tonggak awal ngarumuskeun sakur kawijakan pangwangunan Kabupaten Bandung pikeun lima taun nu bakal datang, ngaluyukeun jeung visi pangwangunan nasional jeung provinsi Jawa Barat.
Bupati Dadang Supriatna nyebutkeun Musrenbang RPJMD 2025-2029 ieu lain ngan saukur agenda rutin, tapi wujud nyata komitmen Pemda Kab. Bandung dina ngawujudkeun visi “Leuwih Bedas’ – leuwih “Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis, Sejahtera”, maju tur terus-tumerus ngahontal mangsa Indonesia kaemasan taun 2025.
Anu mana hal ieu teh sajalan jeung amanat Undang-Undang Nomer 25 taun 2004 ngeunaan Sistem Perencanaan Pembangunan Nasional turta Permendagri Nomer 86 Taun 2017 ngeunaan Tata Cara Perencanaan, Pengendalian, dan Evaluasi Pembangunan Daerah.
Dina pamapagna, Bupati Bandung nu akrab diandih Kang DS, nandeskeun pentingna partisipasi elemen masarakat Kabupaten Bandung dina ngararancang pangwangunan Kabupaten Bandung pikeun lima taun ka herupna.
Bupati miharep Musrenbang RPJMD bisa nampon sakabeh kereteg jeung aspirasi sakumna lapisan masarakat. Partisipasi ieu baris numuwuhkeun rasa mibanda jeung tanggung babarengan kana hasil program pangwangunan, pokna.
Kang DS nambahkeun, Dokumen RPJMD 2025-2029, ngarupakeun komitmen nyata Pemda Kab.Bandung dina ngadukung kasuksesan pangwangunan nasional.
Kang DS oge ngabejer-beaskeun rupa-rupa hasil pangwangunan anu geus dilakonan jeung kahontal sajero mingpin Kabupaten Bandung salila opat taun, anu bisa kagambarkeun tina sajumlah ning program strategis jeung dampakna nu positif anu bisa dirasakeun mangpaatna ku masarakat loba Kabupaten Bandung.
Aya 13 progrm strategis anu geus bisa ditembongkeun implementasina jeung dirasakeun mangpaatna ku masarakat. Diantarana, program insentif guru ngaji lengkep jeung BPJS Kasehatan jeung Katanagakerjaan, program injeuman modal bagilir tanpa bunga jeung jaminan.
Lintang eta teh, aya deuih program asuransi jeung subsidi pikeun para petani, nambahkeun insentif ka para RT, RW, Linmas, jeung PKK Desa, kaasup BPJS Katanagakerjaan, ningkatkeun siltap perangkat desa jeung BPD kalayan tambahan BPJS Katanagakerjaan. Beasiswa Ti Bupati (Besti) oge deuih sukses dibikeun ka barudak hafidz Al-Quran jeung barudak anu ngabogaan prestasi nyongcolang.
Di sektor infrastruktur, Pemkab Bandung geus ngawujudkeun 5 Rumah Sakit Daerah, ngalaksanakeun bantuan pangwangunan 7.000 unit rumah tidak layak huni (rutilahu) per taun, 28 unit SMP anyar, jeung ngusulkeun proposal pangwangunan 22 SMA anyar ka pihak Pemda Prov. Jabar. Pangwangunan infrastruktur jalan jeung pertanian oge jadi focus pangwangunan.
“Alhamdulillah, salami opat taun katompernakeun, parantos ngahontal rupi-rupi kamajengan anu kalintang siginifikan,” ceuk pangakuan Bupati.
Kang DS ngajabarkan sajumlah hal anu geus kadongkang, kagambar dina ningkatna Indeks Pembangunan Manusia (IPM) nepi ka 74,59 poin, nurunkeun tingkat kamiskinan jadi 6,19 persen, nurunkeun tingkat jumlah nu ngalugeuh jadi 6,36 persen, jeung kabiruyungan nyatet 432 piagam penghargaan nasional jeung internasional.
Ka hareup, Kang DS nandeskeun komitmenna pikeun neruskeun jeung ningkatkeun program-program kasebut, kalayan focus dina ningkatkeun kasejahteraan masarakat Kabupaten Bandung.
Bupati Bandung Dadang Supriatna anu oge salaku Wakil Ketua Umum APKASI miharep Musrenbang RPJMD 2025-2029 jadi tatapakan pikeun pangwangunan Kabupten Bandung sangkan leuwih maju, sejahtera jeung terus-tumerus dina lima taun ka hareup. (**)
Editor: Dadan Sungkawa