Selasa, 17 Jun 2025
Balabar Kawat

Program 100 Hari Kerja Bupati Bandung, RSUD Majalaya: Terapkeun Sistem Digitalisasi Observasi Pasien di IGD jeung Aplikasi Sipanda

Bupati Bandung Dadang Supriatna resmikan program 100 hari kerja Bupati Bandung nu dilaksanakeun di lingkungan Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD) Majalaya, Salasa (29/4/2025).***

LBNews.com. KAB. BANDUNG – Bupati Bandung Dadang Supriatna resmikan program 100 hari kerja Bupati Bandung nu dilaksanakeun di lingkungan Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD) Majalaya, Salasa (29/4/2025).

Dina ieu Program 100 hari kerja Bupati Bandung di lingkungan RSUD Majalaya teh, dimimitian ku nerapkeun kamajuan sistem layanan kasehatan nyaeta sistem digitalisasi observasi pasien di IGD (Instalasi Gawat Darurat), sarta ngalungsurkeun (lounching) aplikasi Sipanda. Bupati Bandung oge turut masrahkeun hadiah umroh ka pagawe RSUD Majalaya.

Acara ngaresmikeun program 100 hari kerja Bupati Bandung dilingkungan RSUD Majalaya teh oge dihadiran ku Asisten Pemerintahan dan Kesejahteraan Rakyat Kabupaten Bandung Ruli Hadiana, Kepala Dinas Kesehatan Kabupaten Bandung dr. Hj. Yuli Irnawati Mosdjassari, jeung Direktur RSUD Majalaya drg. Anang Prasetiyono.

Sejumlah Camat, Kepala Desa jeung para pagawe di lingkungan RSUD Majalaya oge turut mapag ngabageakeun kahadiran Bupati Bandung. Kaasup jajaran Forkopimcam Paseh jeung Majalaya, sarta masarakat umum.

Bupati Dadang Supriatna ngabeberkeun yen aplikasi Sipanda anu diluncurkeun teh taya lian nyaeta salasahiji aplikasi inovasi dina raraga program 100 hari kerja Bupati Bandung anu dilaksanakan di lingkungan RSUD Majalaya.

“Program 100 hari kerja Bupati/Wakil Bupati Bandung ieu diimplementasikeun ngalangkungan RSUD Majalaya,” pokna.

Kang DS, — sebutan akrab Dadang Supriatna – nerangkeun aya dua hal anu jadi layanan RSUD. Kahiji, dina waktu pendaftaran, kadua, sangges beres pamariksaan jeung pangobatan nepi ka nunggu resep dokter.

“Biasana (pasien) pan ngantri. Tah, ku ayana program aplikasi Sipanda ieu, obat tos siap dijajapkeun ka bumi. Ieu teh upaya solusi supados henteu lami ngantosan obat di rumah sakit. Da geuning aya kalana, pasien ngedekluk sapoe jeput di imah sakit gara-gara ngantosan obat. Pan hawatos oge,” ucap Kang DS.

Ku ayana aplikasi Sipanda ieu, inyana nambahkeun, pasien nu datang barobat ka rumah sakit tos didukung ku fasilitas komputer nu aya di apoteker.

Apoteker anu engkena nyiapkeun obat, ti dinya langsung dikirim. Pasien teu kudu nungguan deui. Nungguna cukup di imah bae bari istirahat, kitu ceuk Kang DS.

Kang DS oge ngajelaskeun ngeunaan digitalisasi obsrvasi pasien di IGD tumali jeung 100 hari kerja Bupati Bandung. Inyana nyebutkeun yen ku cara ngagunakeun EWS (Early Warning Sistem), panalingaan kondisi pasien nu keur ngajalankeun layanan kasehatan di IGD.

Pasien geus teu kudu lila nunguan, naha perelu dilakukeun tindakan rawat inap atawa obat jalan. “Janten henteu kedah lami ngantosan di UGD,” pokna.

Ditambahkeun deui ku inyana, seug komo fasilitas nu aya di IGD ngwates, sawatara pasien loba tur padedet. “Ka payun, insya Allah baris ditambih deui rohangan anyar kanggo layanan pasien di IGD, ulah dugi ka pasein ngantri,” ucapna deui.

Saterusna Kang DS ngingetan yen dina ngalakukeun kagiatan layanan ngagunakeun seven leadership atawa pemimpin pelayan.

Disebutkeun kalayan tandes, tapi aya hal anu leuwih penting deui nyaeta leadership spiritual. Spiritual ieu kacida pentingna, teu bisa dimomorekeun. Pendidikan spiritual penting jeung wajib. Ulah nepi ka ninggalkeun ibadah nurut kana agamana sewang-sewangan. Sabab di rumah sakit oge aya nu ngagem Islam (muslim) aya deuih non muslim. Ku ibadah jeung kaimanan bakal ngajaga akhlak-akhlak tina anu jauh jeung norma-borma. Mangka, spiritual penting pikeun ngajaga kaimanan jeung kataqwaan ka Allah SWT, pungkasna.**

Editor: Dadan Sungkawa

Tags:Bupati BandungDadang SupriatnaDirektur RSUD Majalayadrg. Anang Prasetiyono.RSUD Majalaya


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *