Selasa, 17 Jun 2025
Balabar Kawat

Ririwa Mangsa Pancaroba, Parobahan Usum Ngijih kana Halodo, BPBD Kabupaten Bandung: Sayaga Potensi Musibah Hidrometeorologi

Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung poe Jumat (11/4/2025), nepikeun informasi mangsa pancaroba ka sakumna masarakat tumali jeung kawaspadaan tina potensi bencana hidrometeorologi anu masih keneh ngaririwaan.***

LBNews.com. SOREANG, – Diperkirakeun pareng bulan April 2025 ieu geus mimiti asup kana musim pancaroba atawa parobahan tina usum ngijih kana usum halodo.

Potensi ieu parobahan kaayaan alam teh ditepikeun Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung poe Jumat (11/4/2025), sabada narima informasi ti Badan Meteorologi, Klimatologi, dan Geofisika (BMKG).

BPBD Kabupaten Bandung langsung neruskeun deui informasi mangsa pancaroba ka sakumna masarakat, boh sacara langsung tatalepa atawa ngaliwatan media social jeung media massa local.

“Numutkeun informasi ti BMKG, danget ayeuna parantos lebet ngawitan mangsa pancaroba di Indonesia, hususna di Kabupaten Bandung,” ceuk Kepala Pelaksana BPBD Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama dina keteranganana, Jumat (11/4/2025).

Masih nurutkeun informansi ti BMKG sakumaha anu kacatet dina prospek cuaca mingguan 8-14 April 2025, sambung Uka Suska, dina kaayaan mangsa pancaroba ieu, kaayaan hawa ti isuk-isuk nepi ka beurang karasa panas kacida, ti dinya langit terus ceudeum nepi ka curna hujan ngagebret, anu sakapeung mah dibarengan ku tingjelebetna kilat.

Henteu cukup ku kitu, Uka Suska nepikeun, dalah aya potensi nimbulkeun angin nyeot Tarik, bisa kasorenakeun atawa kapeutingnakeun.  

Ku ayana potensi musibah, pihak BPBD miharep masarakat sangkan tetep iatna jeung waspada, “Ongkoh nu namina cuaca henteu tiasa kaprediksi kitu wae,” ceuk Uka Suska ngawanti-wanti.

Pihak BPBD oge saterusna nepikeun pangwawadi ti BMKG ka masarakjat Kabupaten Bandung tumali jeung kaayaan mangsa pancaroba. Ati-ati salila ngayakeun aktivitas di saluareun imah.

Sababaraha hal anu kudu disinglar dina waktu datang hujan badag, nyaeta ulah sakali-kali ngiuhan di handapeun tatangkalan atawa baliho. Amankeun sakur barang nu aya di luar imah bisi kahiberkeun ku angin badag. Jeung tetep waspada musibah hidrometeorologi, saperti caah, urug jeung jalan nu leueur.

Disebutkeun masarakat oge nalingakeun kaayaan cuaca sacara real-team ngaliwatan  website: www.bmkg.go.id, aplikasi: infoBMKG.

Dijelaskan BMKG, cuaca ekstrem: aktivitas atmosfer beuki ningkat. Muncul mega cumulonimbus (Cb) anu ngadatangkeun hujan ngagebret, dordar gelap, dalah bisa jadi nurunkeun hujan es jeung angin puting beliung.  Rawan kajadian ayana di wilayah Indonesia bagean tengah dan Utara. (dsk)**

Tags:BPBD Kabupaten BandungUka Suska Puji Utama


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *