LBNews.com. JAKARTA – Bupati Bandung Dadang Supriatna kawilang cerdas jeung rikat dina narjamahkeun sababaraha program penting Presiden Prabowo Subianto. Diantarana wae, program Makan Bergizi Gratis (MBG), Ketahanan Pangan, Koperasi Merah Putih, Lapangan Kerja jeung nu lainna.
Eta hal ditepikeun Direktur Eksekutif Citra Komunikasi LSI Denny JA, Toto Izul Fatah dina siaran pers di Jakarta, Jumat (25/4/2025). Inyana, dina nepikeun kamandangna teh tumali jeung sajumlah program ganal (program besar) anu diumumkeun ka publik dina waktu milangkala Hari Jadi ke-384 Kabupaten Bandung dina pagelaran Wayang Golek di Bale Soreang Bandung (19/4/2025).
Bupati Dadang Supriatna nyebutkeun, taya alesan pikeun nunda, komo deui nolak program-program ganal presiden Prabowo sabab geus sajalan jeung aspirasi sakumna masarakat Indonesia. Salasahijina program MBG kalayan nyiapkeun 361 dapur di sakuliah Kabupaten Bandung, ceuk Dadang Supriatna.
Nurutkeun bupati nu akrab disebut Kang DS atawa KDS, program MBG geus jelas dipikabutuh jeung ditunggu sakumna rakyat Indonesia. Tujuanana oge jelas, sangkan para murid sakola anu nota bene salaku penerus bangsa , jaradi barudak nu sehar, cerdas jeung mampuh ngarespon rupa-rupa tungtutan jaman.
Kitu deui, ceuk KDS, program pangan nu geus asup kana kategori wajin ain dina istilah hukum Islam. Hartina, kawajiban ngadesek anu teu bisa diwakilkeun, tapi mudu jadi program ganal nasional. Naha? sabab, ka hareupna, kabutuhan pangan bangsa ulah nepi ka gumantung kana impor, alias masing mandiri.
Diluar issue badag tadi, tambah KDS, pihakna oge geus nyiapkeun sakur perangkat nu ngadukungna, ti mimiti infrastruktur jalan nu kudu hade jeung mulus, lapangan pagawean nu leuwih loba lolongkrangna jeung anu teu eleh penting deui kasadiaan sumber daya manusa anu kalatih jeung tanggoh ngaliwatan rupa-rupa kagiatan pelatihan.
“Kanggo nyumponan pangubutuh tadi, Pemkab Bandung baris nyiptakeun 50 ribuan wirausaha muda. Salasahiji cara, sim kuring baris ngayakeun rampak gawe sareng sakitar 130-an peusahaan anu tiasa ngarekrut 8 rebuan karyawan,” pokna.
Nurutkeun Toto, naon anu geus dilakukeun KDS ngarupakeun hiji torobosan atawa gabragan nu kawilang cerdas jeung rikat dina narjamahkeun sababaraha program ganal Prabowo Subianto. Sok sanajan, sakabeh program anu dilakukeun teh kalayan dibarengan ku sumanget efisiensi alatan kondisi kauangan nagara anu keur numbuk di sue, ninggang di sulit
Toto miharep, cara KDS dina ngarespon sakaligus ngajabarkeun program ganal Prabowo Subianto aya hadena lamun seug dipake conto para kepala daerah lainna, hususna di Jawa Barat. Seug komo dina konteks lemahna para juru bicara presiden dina narjamahkeun program-program kasebut tadi.
“Ku pangemut, KDS kaetang cerdas sareng rikat pisan ngambil peran salaku eksekutor sakaligus salaku juru bicara pamarentah pusat ngalangkungan kawijakan-kawijakanana nu konkrit,” tandesna.
Jeung anu positifna, tambah Toto, naon anu dilakukeun KDS oge sinerji pisan jeung gaya kapamingpinan Gupernur Jawa Barat Dedi Mulyadi atawa nu akrab disebut KDM anu kiwari keur meujeuhna jadi catur balarea lantaran gebrakanana anu tandes, ngarakyat jeung silutif.***
Editor: Dadan Sungkawa