LBNews.com. KAB BANDUNG – Badan Pendapatan Daerah (Bapenda) Kabupaten Bandung ngagelar Grand Final Pemilihan Duta Pajak Kabupaten Bandung Taun 2025 di Sutan Raja Hotel, Soreang, Rebu (7/5/2025). Ieu acara teh dibuka langsung ku Wakil Bupati Bandung Ali Syakieb anu tujuanana pikeun nyosialisasikan kawajiban taat mayar pajak.
Wakil Bupati Bandung Ali Syakieb dina pamapagna ngarasa apresiatif ku ayana torobosan inisiatif Bapenda Kabupaten Bandung nu geus ngalaksanakeun Pemilihan Duta Pajak 2025.
Nurutkeun inyana, Pemilihan Duta Pajak ngarupakeun momentum penting minangka tarekah ningkatkeun kasadaran tina kawajiban mayar pajak sarta nguatkeun komitmen dina upaya ngawangun Kabupaten Bandung nu leuwih Bedas.
Inyana miharep, para Duta Pajak engkena bisa mantuan Pemkab Bandung dina mere pangladen jeung ngiayakeun sosialisasi ka masarakat wajib pajak pikeun kamajuan pangwangunan di Kabupaten Bandung, pokna.
Disebutkeun ku Ali Syakieb, para Duta Pajak bisa nepikeun sosiakisasi jeung edukasi ka masarakat ngeunaan pentingna mayar pajeg jeung mangpaat mayar pajeg.
“Sim kuring ngadugikeun apresiasi sareng ngahaturkeun nuhun ka sakumna masarakat anu parantos mayar pajeg dina waktosna kalayan tepat waktu. Dipiharep, ieu teh janten titik awal parobahan paradigma di widang perpajakan,” jelas Ali Syakieb.
“Nu asalna pasif janten langkung partisipatif. Nu tadina manual janten digital. Nu asalna lamban janten responsif kanggo kamajengan Kabupaten Bandung nu langkung Bedas,” tambah Ali Syakieb.*