LBNews.com. SOREANG, – Kajadian lini kungsi sababaraha kali tumiba di wewengkon Kabupaten Bandung. Tapi, beja nu anyar datang ti bagean nagara tatangga. Anyar-anyar ieu, lini kalayan kakuatan magnitude 7,7 tumiba di nagara Myanmar, tilu poe samemeh lebaran idulfitri bari jeung nimbulkeun rebuan jiwa jadi korban. Teges poe Jumaah (28/3/2025) nak.
Ieu kajadian teh mudu jadi perhatian keur sakumna komponen masarakat pikeun salawasna ningkatkeun kasiap-sayagaan jeung kawaspadaan enggoning nyinglar resiko musibah lini nu matak geugeumeueun.
“Memang, di Kabupaten Bandung oge masih keneh aya potensi kajadian lini. Kabupaten Bandung kakubeng ku gerakan tilu lempeng anu rohaka, nyaeta lempeng Eurasia (daratan Asia), lempeng Indo-Australia (Samudra Hindia) dan lempeng Pasifik (Samudra Pasifik), anu satiap taun diperkirakeun ngalaman bagerak diantara tilu lempeng kasebut,” jelas Kepala Pelaksana BPBD Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama ka para awak media, Kamis (3/4/2025) peuting.
Uka Suska netelakeun pangaruh tina ayana gerakan dua lempeng samudra (lautan) jeung lempeng benua (daratan), henteu nutup kamungkinan ngadatangkeun lini megathrust atawa gempa anu kakuatan rohaka.
Disebutkeun, nepi ka danget kiwari, tacan aya alat pikeun ngadeteksi leuwih awal potensi lini megathrust. Sawatara alat nu geus kapimilik, kaasup pakakas anu fungsina dipake satutasna aya kajadian lini, anu dipake jang ngadeteksi titik koordinat jeung episentrum atawa puseur jerona lini. Kaasup ngitung kakuatan lini atawa magnitude, sabada kajadian lini tumiba.
Masih keneh nurutkeun Uka Suska, potensi lini henteu ngan saukur dilantarankeun ku bagerakna tilu lempeng tadi, di Kabupaten Bandung, aya potensi lini nu asalna tina aktivitas Sesar Lembang nu sumberna ti Gunung Tangkuban Parahu.
Inyana nyebutkeun, bagerakna sesar Lembang ngabogaan alur labas ka Kawasan Cimenyan, Cilengkrang nepi ka Cileunyi di wilayah Kabupaten Bandung.
Uka Suska ngabeberkeun, bagerakna sesar Lembang kudu enya-enyaa diperhatikeun jeung terus ditalingakeun lantaran bisa ngadatangkeun kajadian lini megathrust. Lain maksud nyingsieunan, inyana ngarasa perlu nepikeun, ieu potensi lini teh dumasar kana hasil ulikan sababaraha pihak. “Utamina mah kanggo ningkatkeun kasiap-sayagaan sareng kawaspadaan sakumna komponen masarakat dina mayunan galagat alam,” pokna.
Disebutkeun, tumali jeung ayana ancaman potensi musibah alam lini jeung kondisi iklim di Jawa Barat, ieu hal kungsi dibahas dina rapat koordinasi antara BMKG jeung para kepala pelaksana BPBD se-Jawa Barat dina poe Selasa (1/4/2025).
Rapat koordinasi nu dilakukeun kalayan daring ngaliwatan zoom meeting oge kungsi nyabit tumali jeung musiban lini kalayan kakuatan magnitudo 7,7 anu kiwari tumiba di kalangan masarakat Myanmar anu ngalantarankeun rebuan jiwa jad korban.
Ku ayana kajadian bencana alam gempa bumi ieu, Uka Suska ngawawadian sangkan sakumna komponen masarakat pikeun salawasna ningkatkeun kasiap-sayagaan jeung kawaspadaan enggoning nyinglar resiko musibah lini anu memang henteu bisa kabaca datangna..
Pangna kitu teh, Uka Suska nyebutkeun, ngigetkeun yen urang teu pernah apal ngeunan datangna musibah. Seug komo, nepi ka danget kiwari tacan aya alat anu bisa dipake jang ngadeteksi keuwih awal potensi ancaman lini, pungkasna. (ds-k)***