Selasa, 17 Jun 2025
Balabar Kawat

Waspada Mapag Lebaran Idulfitri 1446 H/2025 M, BPBD Kabupaten Bandung Ngayakeun Tarekah Mitigasi

Uka Suska Puji Utama, Kepala Pelaksana BPBD Kabupaten Bandung.***

LBNews.com. SOREANG, – Pamarentah Kabupaten (Pemkab) Bandung ngaliwatan Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) ngalakukeun langkah-langkah mitigasi dina raraga nyanghareupan perjalanan mudik jeung balik usum lebaran jeung liburan ke lokasi wisata di Kabupaten Bandung taun 1446 H/2025 M. 

Ieu hal teh tumali jeung kawaspadaan atawa kasiapsiagaan bencana dina mangsa Idulfitri taun 2025, kitu ceuk Bupati Bandung Dadang Supriatna anu ditepikeun Kepala Pelaksana BPBD Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama, Jumat (21/3/2025).

Uka Suska ngungkabkeun prakiraan daerah potensi banjir jeung gerakan tanah, salian potensi jeung historis bencana di jalur mudik keung wisata Kabupaten Bandung. Kaasup strategi kasiapsiagaan BPBD Kabupaten Bandung jeung rekomendasi katut partisipasi masarakat.

Kepala Pelaksana BPBD oge turut ngajelaskeun tingkat potensi banjir kategori menengah di Kabupaten Bandung dina bulan Maret 2025, nyaeta di Kecamatan Cicalengka, Cikancung, Cilengkrang, Cileunyi, Cimenyan, Ciwidey, Ibun, Kertasari, Nagreg, Pangalengan, Paseh, Pasir Jambu, Rancabali, jeung Rancaekek.

“Potensi banjir rendah, nyaeta di Kecamatan Arjasari, Baleendah, Banjaran, Bojongsoang, Cangkuang, Cicalengka, Cikancung, Cilengkrang, Cileunyi, Cimaung, Cimenyan, Ciparay, Ciwidey, Dayeuhkolot, Ibun, Katapang, Kutawaringin, Majalaya, Margaasih, Margahayu, Nagreg, Pameungpeuk, Pangalengan, Paseh, Pasirjambu, Rancabali, Rancaekek, Solokanjeruk, Soreang,” jelasna.

Uka Suska oge ngungkabkeun, potensi gerakan tanah di Kabupaten Bandung dina bulan Maret 2025, nyaeta di Kecamatan Arjasari jeung Banjaran kalayan potensi menengah-tinggi  jeung  ngabogaan potensi banjir bandang, sarta memicu aliran bahan rombakan.

Sedengkeun di Kacamatan Baleendah, Cicalengka, Cikancung, Cilengkrang, Cileunyi, Ciparay, Kutawaringin, Margaasih, Nagreg, Pacet, Pameungpeuk, Pangalengan, Paseh kalayan potensi gerakan tanah menengah-tinggi

“Sedengkeun di Kacamatan Cimaung, Cimenyan, Ibun, Kertasari, Majalaya, Pasirjambu, Rancabali, Soreang kalayan potensi gerakan tanah menengah-tinggi jeung aya potensi banjir bandang atawa aliran bahan rombakan,” pokna deui.

Uka Suska menjelaskan identifikasi jalur rawan bencana banjir nu kaliliwatan para pemudik, nyaeta jalur utama antar kabupaten/kota, jalanan padet dina usum waktu mudik.

Jalur utama ngabogaan potensi kajadian kacilakaan, banjir, longsor, lalu lintas nu kaitung padet. Tuluy deuih daerah rawan banjir nyaetu di jalur nasional Bandung-Garut, Nagreg jeung Kawasan Dayeuhkolot, salian ti daerah Bojongsoang jeung Baleendah, pokna nambahkeun.

Uka Suska nambahkeun deui katerangana, di kawasan jalan nasional Bandung – Garut remen kajadian banjir jeung angin tarik. Kitu deui di Jalan Rancaekek – Nagreg (Area PT. Kahatex Rancaekek). Inyana ngajelaskan Jalan Nasional Bandung – Garut rawan longsor, tegesna di Jalan Rancaekek – Nagreg (Area Lembah Nagreg Heritage dan Lingkar Nagreg).

Inyana oge turut ngajelaskeun jalur alternatif Ciwidey – Pangalengan (Jalan Gambung) nyaeta rawan longsor, angin tarik jeung anu rungkad.

“Jalur alternatif Cikancung – Cijapati (Jalan Bandung – Garut vis Cijapati) rawan longsor, angin tarik jeung tatangkalan rungkad,” katanya.

BPBD oge ngayakeun identifikasi jalur rawan longsor, tatangkalan nu rungkad jeung angin tarik  di wilangan muru ka kawasan wisata, yaitu di kawasan Cimenyan, Rancabali jeung Pangalengan.

Nyanghareupan rupa-rupa potensi jeung tingkat karawanan sakumaha disebutkeun, aya strategi nu dilakukeun BPBD Kabupaten Bandung. BPBD melaksanakan pemetaan Posko siaga bencana, persiapan peralatan jeung logistik siaga, ngeprak kasiapan personel katut relawan, sistem panginget awal jeung monitoring cuaca, turta baris ngayakeun koordinasi lintas sektor dina ngungkulan darurat,” pokna.

Uka Suska netelakeun rekomendasi jeung langkah mitigasi enggoning ngahareupan potensi karawanan. Keur pamarentah, pokna, ngalaksanakeun penguiatan infrastruktur, normalisasi drainase di jalur rawan banjir. Nguatkeun gawir-gawir di daerah rawan longsor jeung masangkeun rambu-rambu panginget bencana.

Kaasup ningkatkeun kapasitas personil, dimimitian ku ngalaksanakeun latihan antisipasi darurat pikeun patugas posko jeung simulasi evakuasi di jalur-jalur rawan bencana, ceuk Uka Suska ngajelaskeun.

Disebutkeun deuih, ngayakeun sosialisasi ka masyarakat, ti mimiti ngalaksanakeun kampanye mitigasi bencana ngaliwatan medsos jeung publikasi peta jalur aman jeung alternatif.

Rekomendasi jeung langkah mitigasi pikeun para pemudik jeung wisatawan. Ti mimiti persipan saacanna indit-inditan, mariksa kondisi kendaraan jeung ngajaga stamina, “Nyinglar ngayakeun perjalanan dina waktu cuaca ekstrim,” pokna.

Disarankeun, upaya nu perlu dilakukeun, nurutkeun Uka Suska nyaeta milih jalan nu aman. “Gunakan jalur anu direkomendasikeun. Atawa ngahindar tina kondisi jalan naek mudun nu ekstrim di waktu hujan badag,’ pokna.

Inyana nyebutkeun terus talingakeun informasi cuaca jeung kondisi nu panganyarna. Jeung gunakeun sumber nu resmi, saperti BMKG jeung BPBD, ceuk Uka dina katerangana.***

Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *