Jumat, 14 Mar 2025
Lokatmala

Sajarah Bubuara Urang Sunda Ka Mancanagara

Teu kudu anéh sabenerna mah. Ayana urang Sunda nu ngadon bubuara ka sakuliah mancanagara téh, da geus aya ti babaheulana. “Dataran Sunda téh ngawengku nepi ka Atlantik,” kitu ceuk pamanggih Profésor Arysio Santos, géolog/fisikawan urang Brazil. Apan kungsi disebutkeun, éta kawasan Atlantik téh. mangrupa daratan anu kacida legana. Tapi, alatan proses alam, daratan anu tadina ngahiji, jadi misah. Sabagian daratan aya nu kakeueum, nepi ka jadi lautan.

Dina buku ”Eden in the East” (Sorga di Tatar Wetan) karangan Stephen Oppenheimer  diébréhkeun yén Laut Jawa jeung Laut Cina Selatan  katut Asia Tenggara  téh  enya bagian tina wewengkon  anu ku inyana disebut  “Sundaland,” anu hartina, “Daratan Sunda“ atawa “Paparan Sunda“.

Atuh pangarang séjénna, nyaéta Profesor Arysio Santos, pakar geolog jeung fisikawan nuklir asal Brasil dina buku anu judulna Atlantis: The Lost Continent Finally Found (Tarjamah bébas: “Benua Atlantis Nu Leungit téh, Antukna Kapanggih”) dijelaskeun yén kawasan Sundaland téh minangka puseur peradaban dunya anu munggaran pisan, saacan mucunghulna kabudayaan Romawi jeung Yunani.!

Ti mana Prof Santos jeung Stephen Opphenheimer wani nétélakeun bangsa Sundaland geus sakitu majuna. Arguméntasina, diantarana lantaran, masarakat di kawasan Sundaland baheula geus kaceluk ahli puhawang atawa pelaut ulung. Ari ku kitu téa mah, arguméntasi arinyana téh bener. Apan para élmuwan Walanda gé geus ngécéskeun, yén  luluhur Sundaland téh mun ngambah sagara kacida laludengan naker. Lampar pisan, balayarna teh, lain baé ngurilingan antar  pulo di sakuliah  Nusantara, tapi malah bisa ngahontal Pulo Madagaskar. 

Padahal maranéhanana téh ngan ukur maké parahu cadik (cadik, téh mangrupa dijien awi atawa kai dua leunjeur anu dipalangkeun di tengahna. Maksudna pikeun panyaimbang. Ku cara kitu parahu téh moal gampang tibalik ku ombak, da jadi saimbang ku pangbeubeurat  awi/kai di kenca katuhuen parahu.  Enya, eta teh  téknologi maritim purba, orsinil ciptaan luluhur urang, da di nagara séjén mah teu manggih téknologi parahu siga modél cadik téh ). 

Oppenheimer gé nyebutkeun, yén aya fosil parahu di Swédia, anu mirip-mirip parahu Nusantara! Anu matak Oppenheimer beuki yakin, yén luluhur Indonesia téh geus ti baheula- beh ditueun baheula, mibanda élmu pelayaran, atawa budaya Maritim anu kawilang geus maju ngaleuwihan budaya maritim nagara séjén dina jamanna.

Ceuk Prof Santos yén peradaban di Sundaland dina  mangsa  harita geus maju pisan. Diantarana, dina widang téknik tatatanén, bahasa, métalurgi (elmu logam), astronomi atawa élmu falak/perbintangan, arsitektur kapal laut, kaasup seni  budaya anu rupa rupa jenisna téa. Jeung deui naon anu disebut-sebut ku Plato, daratan Atlantis héjo lémbok, beurat beunghar ku sagala rupa barang pertambangan, daréhdéh padumukna, nya meureun maksudna mah kawasan Sndaland téa. Anu kiwari mah jadi tataran Nusantara.

Ceuk Santos deui, seni  arsitéktur di Yunani, Mesir, Maya, Aztéc, jeung Inca téh awalna mah diwangun ditaratas ku sélér bangsa masarakat Sundaland. Apan maranéhna téh, ngarungsi alatan musibat rokaha téa, gunung bitu babarengan, tsunami rongkah, katut lini gonjang-ganjing. Ari ngarungsina, ngaliwatan laut, maké parahu atawa kapal layar, nuju ka benua Afrika (Mesir). Aya nu ka Eropa (Yunani) sawaréh aya nu ka Amérika Latin (nepi ka ngajarkeun budaya Maya, Aztec,.Inca).

Stephen Oppenheimer percaya, basa Sundaland atawa Daratan Sunda saacan tilelep diteureuy ombak, padumuk éta daratan, geus hatam kana téknologi tani, pangaweruh pamayang dina ngala lauk, téknologi maritim lianna,  jeung kaparigelan ngolah tembikar.  “Tah mangsa éta mah, di benua séjénna, padumukna acan areungeuh kana téknologi tatanén, ngolah tembikar atawa nyieun parahu anu bisa ngambah ka sagara luas pikeun ngahontal benua séjén.“ kitu ceuk Stephen Oppenheimer

Stephen Oppenheimer ngécéskeun deui, cenah nalika Dataran Sunda tilelep ka dasar laut, atuh sawaréh padumuk Sundaland anu masih sempet ngarawél parahu atwa kapal layar mah, nya ngarungsi ka manda-mendi. tuluy angkleung-angkleunganna, nepi ka hampir sakuliah dunya! Bari kituna téh marawa bekel téknologi, budaya anu engkéna baris ditépakeun ka para padumuk anu narima kadatangan para pengungsi. Nu ngarungsi téh, sawaréh balabuh di dunya tebéh kulon, anu ayeuna disebut Eropa. Aya ogé nu balabuh di tebéh wétan, nepi ka Amerika ngaliwatan Selat Bering. Sawaréh para pengungsi téh badarat baé ka Amérikana téh, da  rébuan taun kalarung mah éta Selat téh masih kénéh ngahiji jeung daratan. ***

Tags:AgamaIslam


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *