Kamis, 13 Mar 2025
Lokatmala

Maluruh Karaton Sunda

Ilustrasi tifikal karaton Sunda karya suprnatural Alm. R.. Lalam Wiranatakusumah.***

LBNews.com. – Geus lila pisan urang Sunda pareumeun oborna téh. Maksudna, dina lebah teu arapal kumaha ari wangun atawa patilasan karaton Pajajaran, nu sakitu légendaris-na, kareueus urang Sunda tepi ka kiwari téh. Réréana arapal ngeunaan karaton Pajajaran téh, ukur tina naskah-naskah heubeul, diantarana Carita Parahiyangan, naskah lainna, pantun jeung tina sumber-sumber lisan. Teu saeutik ogé tina hasil pelengan métafisika. 

Dumasar kana panalungtikan-panalungtikan méméhna, cenah urut Karaton Pajajaran téh patilasanana aya di kota Bogor, tapi acan écés pisan, dimana lebah-lebahna? Sakaol aya nu nyarebutkeun, karaton Pajajaran, digigireun Walungan Cipakancilan teu jauh ti Istana Bogor kiwari. Masalah urut karaton Pajajaran nu jadi kareueus urang Sunda, geus lila deuih pada madungdengkeun. Pajah, da karaton Pajajaran mah, milu ngahiang jeung para rajana. Kaol séjén deui, cenah, da urang Sunda mah ti baheulana gé nomaden, hartina sok pundah-pindah baé, kaasup para pamingpinna atawa raja-rajana, nu nota bene, rahayatna gé ngarilu pindah, mun ceuk bahasa Orde Baru mah,” bedol déso” téa meureun, sa-désa pararindah.

Ceuk hasil padungdengan deui, da sabudeureun tatar Sunda mah, beunghar ku kakayon, enya réa kai baradag, payus ajang bahan wangunan karaton téh. Anu matak nyieun karaton gé, cukup ku bahan-bahan tina kai baé, cenah ambéh babari mun deuk parindah. Geuning, dina sajarah Sunda gé disebutkeun, Karajaan Sunda Galuh nu di Ciamis dipindahkeun ka Bogor, dihijikeun, dingaranan, Pakuan Pajajaran. Aya deui nu nyebutkeun, cenah karajaan-karajaan Sunda, da henteu sagemblengna dijieun tina kai, sabagéan aya nu dijieun tina bata jeung batu, sakumaha di Majapahit.

Malah hasil pamanggih mutahir, urang Sunda geus lila pisan wanoh kana paradaban batu atawa beton, nyaéta wangunan nu maké téknologi sipil katut arsitéktur-na nu tina sarwa batu. Malah mah cenah lain deui batu kebek, tapi tutas ditalungtik, samodél campuran semén. Jamah harita, nu enas-enasna mah, teu bina jeung kakuatan beton kiwari. Salasahiji bukti kapanggihna ruruntuk karajaan ti nu susunan bata di Karawang. Atuh, timuan arkéologis anyar, nyatana, situs Gunung Padang di lelewék Cianjur. Apan écés mangrupa titinggal budaya batu nu megah, atawa undak-undakan baru raksasa, nu antukan dibantah lain piramida raksasa, tapi undah-undakan khas arsitéktur Sunda purba, bari umurna geus kolot pisan, jauh leuwih kolot batan kabudayaan bata jeung batu di wewengkon karajaan-karajaan di Jawa Tengah jeung Jawa Timur.

Tina hasil pamanggihan anyar, para ahli sajarah nasional gé geus nyindekkeun, ana kitu mah, justru umur-umur batuan wangunan candi di Jawa mah umurna ngarora kénéh. Situs Gunung Padang, ngabuktikeun yén urang Sunda geus wanoh kana wangunan batu, nu umur geus kacida kolotna. Malah mah, saking kolotna geus katutupan deui ku taneuh. Ari wangunan candi jeung karaton di Jawa, sabab umurna ngarora kénéh, jadi masih bisa kajeueung nepi ka kiwari, acan waktuna kaurugan taneuh, perlu waktu sakitu lilana deui.

Tah, balik deui kana masalah, naha enya karajaan Pajajaran baheulana malulu tina kai? Hal éta bisa dibantah deui, ku cutatan sajarah, nyaéta hasil ékspédisi musafir kelana urang Portegis, nu ngaranna Tom Pires (sabagéan urang Sunda, ngéja Portugis téh Portegis). Tah, nalika Tomi Pires kukulunuan ka lelewek nu jolok di Bogor, manéhna nyutat dina buku harian petualanganana, yén geus kapanggih urut ruruntuk karajaan Pakuan Pajajaran. Manéhna nulis, geus manggih sawatara tihang tina beton nu kacida tohagana, bari jeung katingalna arsitékturna éndah. Atuh rada lebah jero, Tom manggih undak-undakan batu. Kawasna mah, cenah mirip tempat paragi calik raja, da ari korsina mah pasti tina kai, ngan nu jelas undak-undakan batuna, kawas meunang ngabeton. Écés paragi raja calik, da leuwih luhur nyanghareup ka modél balairung nu lega paranti madep bawahan, kawasna mah cenah. Pon pilalagi Tom nangénan urut jalan raya disaeur ku batu, kawas nujul ka karaton, ari turut sisina, ngajarega pepelakan paku, nu ngajajar di sisi jalan lebah katuhu jeung kénca. Naha, tina éta hal, ngaran karajaan jadi Pakuan Pajajaran?***

Naskah: Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *