LBNews.com. KARAJAAN SUNDA – Mangkubumi Bunisora Suradipati, tokoh anu gedé jasana dina mertahankeun kajayaan Karajaan Sunda di Kawali. Utamana sanggeus ditinggalkeun ku Prabu Linggabuana, anu gugur di Bubat. Salila 14 taun jadi raja panyelang ti taun 1357 nepi ka 1371. Kituna téh bari ngaping tur ngatik tohaan (putra mahkota) Rakéan Pitara.
Dina apingan Bunisora, Rakéan Pitara narima atikan anu kawilang setréng. Sapopoéna dipeuseuh ku bagbagan élmuning lahir katut bathinna. Sanggeus nincak sawawa, kira umur 17 taunan, Rakéan Pitara kakara disapih. Sina néangan luang sorangan. Mimitina dititipkeun di binayapanti Bunisora. Ti dinya mah tuluy baé dibéré kabébasan sina gentur tatapa.
Saméméh dirajakeun di Karajaan Sunda, Bunisora mémang katotol ahli seni béla diri. Inyana nu ngadegkeun binayapanti, tur jadi guru besarna. Cek sakaol mah, pernahna di Jampang Kulon. Di binayapanti téh diajarkeun rupa-rupa élmu. Tapi, nu leuwih utama mah, bagbagan élmu béla nagara. Diantarana élmu silat katut jurus-jurusna. Teu tinggaleun élmu siasat perang.
Waktu keur jadi guru besar di binayapanti, Bunisora réa nyiptakeun jurus-jurus silat jeung rupa-rupa taktik perang. Élmuning silat dina mangsa harita, saenyana lain jang alat nyilakakeun batur. Tapi, éstuning jang nyalametkeun diri jeung nyalametkeun musuh. Matakna, dina silat mangsa harita moal kapanggih jurus nyerang, tapi réréana jurus panyinglar. Maksudna nyinglarkeun panarajang musuh, bari satékah polah nyalametkeun musuh tina amarahna sorangan. Lamun téa mah aya musuh anu cilaka ku jurus silat, lain alatan dihaja, tapi akibat cilaka ku pamolah sorangan.
Lian ti ahli nyiptakeun jurus-jurus silat, Bunisora ogé ahli dina bagbagan seni tata rupa. Salasahijina nyipatkeun puade tata arstistik jang kaperluan upacara jatukrami. Kamahéranana, kungsi dipentés waktu rék mapag acara papanganténan Dyah Pitaloka ka Hayam Wuruk.
Harita, basa narima lamaran ti raja Majapahit ka Dyah Pitaloka, itung-itung némbongkeun kanyaah ka nu jadi alo, Bunisora ngahaja geus mangnyieunkeun puadeu anu kacida éndahna. Ieu puadeu téh make konsép karaton, mangrupa adegan lawang sakéténg maké ampig jeung suhunan cagak gunting. Saban lawang ditutup ku kaén batik motif ragén pangantén. Lebah ampigna diukir, dihadé-hadé maké bahan logam. Atuh di sisi-sisina dipapaés ku ukiran manuk julang. Bahanna sarua tina logam. Maksudna, mun kasorot ku cahaya téh, katingalina hurung-hérang.
Hanjakal, puadeu jieunan Bunisora teu kungsi kapaké alatan kaburu aya peristiwa perang bubat. Acara jatukrami bolay. Tapi, dina mangsa karajaan Pajajaran, puadeu modél Bunisora téh sok dipaké dina acara jatukrami kulawarga karaton.***
Dadan Sungkawa