LBNews.com. KAB. MAJALENGKA, – Gupernur Jawa Barat Dedi Mulyadi direncanakeun bakal ngukuhkeun Pangurus Masarakat Adat Budaya Danghyang Talaga Manggung, Kabupaten Majalengka, sakumaha kauni dina surat uleman anu tepi ka redaksi.
Acara nu baris dilaksanakeun poe Senen (12/5/2025) lumangsung sacara terbuka tur dipuseurkeun di Alun-alun Talaga Manggung, Jl. Jendral Ahmad Yani, Kacamatan Talaga, Kabupaten Majalengka. Para pangurus nu rek dikukuhkeun teh nyaeta mangsa kapangurusan periode 2025-2927.
Nurutkeun Aep Ahmad Sanjaya, jurnaslis jeung praktisi kabudayaan nu kiwari keur haged ngulik sajarah lokal titinggal kabudayaan mangsa Karajaan Talaga Manggung, nyebutkeun eksistensi Talaga Manggung henteu ngan saukur nyaritakeun hiji wilayah kakuasaan anu heureut, tapi leuwih jembar ti dinya, oge ngawaris pangaruh kabudayaan anu lahir dina mangsa mangadegna Karajaan Talaga Manggung.
Disebutkeun, karajaan Talaga Mangung ngadeg samemeh karajaan Pajajaran, kira abad ka-14 ti mimiti mangsa Batara Gunung Picung atawa Rhakeyan Sudhayasa, nindak ka Prabu Talaga Manggung, Simbar Kancana, Sunan Parung, Prabu Pucuk Umun, Sunan Wanaperih, nepi ka Wangsa Goparana jeung Raden Wiratanu Datar anu nurunkeun para bupati Cianjur.
Titinggal karajaan Talaga Manggung, nepi ka danget kiwari masih keneh kapiara sakumaha bisa kapanggih di Museum Talaga Manggung, Kitu deui dina wangun upacara tradisi, nyaeta “nyiramkeun pusaka”, kaasup masih keneh mertahankeun cara tatanen tradisional ‘ngahuma’.
Eksistensi karajaan Talaga Manggung dina mangsa nu geus lawas, pikeun masarakat Majalengka mah masih keneh jadi spirit kabudayaan anu bener-bener dijaga, tug nepi ka danget kiwari. (Dadan Sungkawa)***