Kamis, 13 Mar 2025
Lokatmala

Maluruh Pajajaran Sabada Runtag

LBNews.com. – Geus lila pisan urang Sunda pareumeun oborna téh. Maksudna, dina lebah teu arapal kumaha ari wangun atawa patilasan karaton Pajajaran, nu sakitu légendaris-na, kareueus urang Sunda tepi ka kiwari téh. Réréana arapal ngeunaan karaton Pajajaran téh, ukur tina naskah-naskah heubeul, diantarana Carita Parahiyangan, naskah lainna, pantun jeung tina sumber-sumber lisan. Teu saeutik ogé tina hasil pelengan métafisika.  Apan béda jeung urang Jawa, nu boga patilasan-patilasan karuhunna, anu nepi ka kiwari natrat, katingal bungkeuleukanna. Samalah, teu saeutik nu wangunan-wangunan batu, ngajegir, boh urut ruruntuk karajaan, boh tempat sambéyang masarakat Jawa jaman kuna. Contonana Candi Borobudur, Candi Diéng, Candi Prambanan, Candi Séwu, sésa gerbang karaton Majapahit, tepi ka wates-wates komplék karajaan Majapahit, tempat marandi kulawédét karajaan gé, masih nyampak. Samalah nu jaman-jaman rada ngora, nalika mangsa Walanda geus arasup ka urang, saperti urut karaton Mataram di Jogyakarta, jeung karaton-karaton nu marisah alatan direcah ku kolonial Walanda, saperti nu di Solo, masih bisa ditingali sésa-wangunanana, malahan geus jadi déstinasi wisata

Ari urang Sunda, méh-méhan teu boga pisan titinggal adegan karaton nu wangunna natrat, sumawona ngajegir mah kawas candi jeung sajenisna nu dijieun tina bata jeung batu, kawas di Jawa. Enya, nepi ka pondasi karaton Pajajaran gé teu kapendak, duka meureun acan waktuna wé, atawa nungguan para ahli terus nalungtik.

Dumasar kana panalungtikan-panalungtikan méméhna, cenah urut Karaton Pajajaran téh patilasanana aya di kota Bogor, tapi acan écés pisan, dimana lebah-lebahna? Sakaol aya nu nyarebutkeun, karaton Pajajaran, digigireun Walungan Cipakancilan teu jauh ti Istana Bogor kiwari. Masalah urut karaton Pajajaran nu jadi kareueus urang Sunda, geus lila deuih pada madungdengkeun. Pajah, da karaton Pajajran mah, milu ngahiang jeung para rajana. Kaol séjén deui, cenah, da urang Sunda mah ti baheulana gé nomaden, hartina sok pundah-pindah baé, kaasup para pamingpinna atawa raja-rajana, nu nota bene, rahayatna gé ngarilu pindah, mun ceuk bahasa Orde Baru mah,” bedol déso” téa meureun, sa-désa pararindah.

Ceuk hasil padungdengan deui, da sabudeureun tatar Sunda mah, beunghar ku kakayon, enya réa kai baradag, payus ajang bahan wangunan karaton téh. Anu matak nyieun karaton gé, cukup ku bahan-bahan tina kai baé, cenah ambéh babari mun deuk parindah. Geuning, dina sajarah Sunda gé disebutkeun, Karajaan Sunda Galuh nu di Ciamis dipindahkeun ka Bogor, dihijikeun, dingaranan, Pakuan Pajajaran. Aya deui nu nyebutkeun, cenah karajaan-karajaan Sunda, da henteu sagemblengna dijieun tina kai, sabagéan aya nu dijieun tina bata jeung batu, sakumaha di Majapahit. Malah hasil pamanggih mutahir, urang Sunda geus lila pisan wanoh kana paradaban batu atawa beton, nyaéta wangunan nu maké téknologi sipil katut arsitéktur-na nu tina sarwa batu. Malah mah cenah lain deui batu kebek, tapi tutas ditalungtik, samodél campuran semén. Jamah harita, nu enas-enasna mah, teu bina jeung kakuatan beton kiwari. Salasahiji bukti kapanggihna ruruntuk karajaan ti nu susunan bata di Karawang. Atuh, timuan arkéologis anyar, nyatana, situs Gunung Padang di lelewék Cianjur. Apan écés mangrupa titinggal budaya batu nu megah, atawa undak-undakan baru raksasa, nu antukan dibantah lain piramida raksasa, tapi undah-undakan khas arsitéktur Sunda purba, bari umurna geus kolot pisan, jauh leuwih kolot batan kabudayaan bata jeung batu di wewengkon karajaan-karajaan di Jawa Tengah jeung Jawa Timur.

Tina hasil pamanggihan anyar, para ahli sajarah nasional gé geus nyindekkeun, ana kitu mah, justru umur-umur batuan wangunan candi di Jawa mah umurna ngarora kénéh. Situs Gunung Padang, ngabuktikeun yén urang Sunda geus wanoh kana wangunan batu, nu umur geus kacida kolotna. Malah mah, saking kolotna geus katutupan deui ku taneuh. Ari wangunan candi jeung karaton di Jawa, sabab umurna ngarora kénéh, jadi masih bisa kajeueung nepi ka kiwari, acan waktuna kaurugan taneuh, perlu waktu sakitu lilana deui.

Tah, balik deui kana masalah, naha enya karajaan Pajajaran baheulana malulu tina kai? Hal éta bisa dibantah deui, ku cutatan sajarah, nyaéta hasil ékspédisi musafir kelana urang Portegis, nu ngaranna Tom Pires (sabagéan urang Sunda, ngéja Portugis téh Portegis). Tah, nalika Tomi Pires kukulunuan ka lelewek nu jolok di Bogor, manéhna nyutat dina buku harian petualanganana, yén geus kapanggih urut ruruntuk karajaan Pakuan Pajajaran. Manéhna nulis, geus manggih sawatara tihang tina beton nu kacida tohagana, bari jeung katingalna arsitékturna éndah. Atuh rada lebah jero, Tom manggih undak-undakan batu. Kawasna mah, cenah mirip tempat paragi calik raja, da ari korsina mah pasti tina kai, ngan nu jelas undak-undakan batuna, kawas meunang ngabeton. Écés paragi raja calik, da leuwih luhur nyanghareup ka modél balairung nu lega paranti madep bawahan, kawasna mah cenah. Pon pilalagi Tom nangénan urut jalan raya disaeur ku batu, kawas nujul ka karaton, ari turut sisina, ngajarega pepelakan paku, nu ngajajar di sisi jalan lebah katuhu jeung kénca. Naha, tina éta hal, ngaran karajaan jadi Pakuan Pajajaran?

Ceuk sumber lainna, mémang karajaan Pajajaran karatonna sabagéan diwangun ku batu bata jeung sabagéan kai. Saperti bénténg nu luhur, kana pasti kudu ku beton, nyaéta sabudeureun jungkrang sisi walungan Cipakancilan, Bogor. Tah, cenah pédah karaton Pajajaran teu ninggalkeun sésa ruruntukna, lain ngahiang, tapi lantaran balukar diruksak ku pasukan koalisi Banten, Cirebon jeung Demak dina taun 1579 anu saméméhna mémang geus dikosongkeun.

Henteu nepi ka jadi perang tutumpuran, da pihak karajaan jeung rahayat Pajajaran mah teu hayangeun perang, leuwih hadé nyingkahan ngajauhan pimatakeun sabab “nu ngaranna perang téh mudu maéhan saméméh dipaéhan. Tapi ulah maéhan amun teu perelu jeung ulah poho papastén téh henteu dipastikeun ku seuseukueut tuntung tombak atawa baruang di ruruhit panah tapi ku tepungna waktu anu tangtu nu nangtukeun ayana aya jeung nangtukeun ayana euweuh. Ngan euweuh (sotéh) dina pangdeuleuan tapi tetep aya dina aweuhan jaman”.

Jeung deuih, dina prungna perang ogé, pasukan Pajajaran lumayan tanggoh tina gempuran pasukan koalisi Banten, Cirebon jeung Demak. Enya, lila teu éléh-éléh sakitu geus digempur ku gabungan tilu kakuatan militer téh. Salasahiji rusiahna, lintang ti élmu perang pasukan Pajajaran kawilang masagi, saperti taktik Garuda Bihwa, Asu Maliput, Lemahwrasa, Pakeprajurit, jrrd. Ogé lebah sistem pertahananana karaton nu aya di nu luhur pasir, nu katelah bénténg “Hing Puri Bima Sakti,” nu dijieun tina beton, bari aya munara-munara paragi manah ka handap. Atuh réa pisan perjurit koalisi nu tariwas. Nu deuk nyoba-nyoba ngarurug karaton, kudu ngaliwatan heula pasir nu jalanna tarahal, bari ukur cukup ajang saurangeun nu leumpang, atawa tumpak kuda saurangeun, teu bisa perwis kawas kareta api. Jadi pasukan musuh téh, kudu ngabaris ngaruntuy hiji-hiji deuk asup ka karaton téh, acan kudu ngaliwatan sabaraha pos, saperti lawang gintung, kaca-kaca, jeung lawang sakéténg, atawa gapura nu heureut, sajelemaeun. Atuh pasukan panah di luhur munara, garenaheun nyéntangan musuh nu ngaruntuy saurang-saurang téh.***

Naskah: Dadan Sungkawa

 



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *