Rabu, 18 Jun 2025
Lokatmala

Pangéran Cakrabuana, Sang Proklamator Karajaan Caruban Nagari

Gambar illustrasi Pangeran Cakrabuana

LBNews.com. CARUBAN NAGARI, – Radén Walangsungsang, putra cikal Prabu Siliwangi ti Nyi Mas Subanglarang. Lahir 1423 Maséhi. Boga adi dua urang, nyaéta Nyi Mas Rara Santang, lahir 1426 Maséhi. jeung Pangéran Raja Sagara atawa nu katelah Kéan Santang, lahir 1428. Aya nu nyebutkeun yén Rara Santang jeung Kéan Santang téh kembar siam, tapi duanana kasalametan ku kasaktian Syéh Quro. Pikeun misahkeun awakna nu démpét, tuluy baé diturih ku eurih, kalawan teu sakara-kara.

Sanggeus déwasa, keur umur 19 taunan, Pangéran Walangngsungsang nikah ka Nyai Endang Geulis, putri Ki Gédhéng Danuwarsih ti Patapan Gunung Mara Api.

Dina hiji mangsa, basa ngayakeun perjalanan ka sababaraha patapan, antarana baé patapan Ciangku di desa Panongan (Sédong), Patapan Gunung Kumbang di daérah Tegal jeung Patapan Gunung Cangak di Desa Mundu Masigit nu pamungkas anjog di Patapan Gunung Amparan Jati, di dinya dikersakeun panggih jeung Syeh Datuk Kahfi nu asalna ti Persia. Inyana téh guru agama Islam anu luhur élmuna jeung budi pekertina.

Pangéran Walangsungsang jeung dulurna, Nyai Rara Santang katut istrina Nyi Endang Geulis, nya tuluy baé guguru ngeunaan Islam bari jeung mukim di Ki Gédhéng Danuséla, adina Ki Gédhéng Danuwarsih.

Salila ngaguru bareng jeung Syéh Datuk Kahfi, sang Tohaan meunang pituduh sangkan muka leuweung di daerah Gunung Jati nu ayeuna disebut Lemahmungkuk. Nya ti harita ngadeg Dukuh Tegal Alang-alang, anu saterusna dibéré ngaran Désa Caruban (campuran). Beuki lila ti lila beuki ramé alatan mindeng kaanjangan tur dijadikeun tempat bumén-bumén sélér bangsa timana-mana kalayan tujuan ngadon usaha, boh dagang, tani atawa ngala lauk jadi pamayang.

Danuséla atawa Ki Gédhéng Alang-alang dipilih ku masarakat jadi kuwu anu munggaran. Ngan sanggeus wafat dina taun 1447 Maséhi, tuluy baé diganti ku Pangéran Walangsung jadi Kuwu Caruban nu kadua kalayan digelar Pangéran Cakrabuana. Ti harita, Pangéran Walangsungsang ngajadikeun Caruban jadi hiji nagari, ku cara ngahijikeun sakabéh nagari Singapura jeung sababaraha nagari séjénna, seperti Surantaka, Wanagiri, jeung Japura nu disebut karajaan Caruban Nagari. Ti harita Walangsungsang leuwih kajojo nu jujulukna Pangéran Cakrabuiana.

Dina mangsa pamaréntahanana, wilayah Caruban Nagari ngawates jeung Cimanuk (Indramayu) di béh kulon, Rajagaluh (Majaléngka), Saunggalah (Kuningan, Dayeuhluhur, jeung Pasir luhur (Cilacap, Banyumas) di bagian kidul, Paguhan (Tegal Pamalang) di béh wétan jeung Laut Jawa di bagéan kalér.. Palabuhan utama nyaéta Muara Jati. (Koran Langlang Budaya)***

Tags:Caruban NagariPangeran Cakrabuana


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *