Kamis, 13 Mar 2025
Lokatmala

Pangimbuhing Twah Kapamingpinan

Naskah kuno Siksa Kanda Ing Karesian, ditulis dina mangsa Pajajaran katompernakeun.***

LBNews.com. – Dina basa SSKK (Siksa Kanda Ing Karesian – naskah Sunda kuno), dijéntrékeun, yén sing saha baé bisa jadi pamingpin, mun boga sarat dina pribadina, nyatana mibanda karakter kapamingpinan, anu disebut, pangimbuhning twah. Mun ditarjamahkeun kana basa nu leuwih basajan mah, pangimbuhing twah, téh, kudu ayana kalengkepan penting pikeun saurang pamingpin, nyaéta, pamor atawa kharisma téa.

Syarat pangimbuhing twah téh jumlahna aya duawelas pangjangkep anu kudu jadi cirining karakter saurang pamingpin Sunda, mangrupa karakter positif anu kudu terus dipertahankeun salila inyana jadi pamingpin. Nyaéta, 1) Emét. Hartina, pamingpin henteu konsumtif, ngahambur-hambur anggaran anu sakirana henteu perelu jang kapentingan pribadi jeung golongan. Mun pamingpin geus tuman hirup basajan, tara konsumtif, tanwandé inyana baris mampuh ngadalikeun napsu sarakahna kana matéri jeung mampuh ngatur anggaran kalayan éféktif tur efisien. 2) Imeut. Pamingpin kudu imeut, teu meunang cileureun. Mun pamingpin teu taliti kana pagawéanana, mangka réa waktu nu kapiceun. 3) Rajeun (rajin) pamingpin salila hirupna kudu tetep tarékah digawé, pamingpin anu bisa kitu, hartina mampuh ngamanpaatkeun durasi umurna jeung pagawéan cecekelanana. 4) Leukeun. Leukeun jeung tigin dina enggoning ngahontal cita-cita atawa tujuan.

Anapon leukeun jeung tigin kuat kakaitanana jeung kasabaran. 5) Paka Pradana. Hartina pamingpin kudu wani. Pon pilalagi dina pasamoan, inyana kudu mampuh tandang, maké papakéanana nu pantes. Lian ti éta, pamingpin kudu sopan, sonagar katut ngajungjung étika pergaulan. pamingpin anu teu boga bekel étika, lila-lila simpati jeung émpati rahayat baris ngurangan. 6) Marogol-rogol. hartina, sumanget, atawa étos gawé tetep ngagedur 7) Purusa Ning Sa. Anu maknana, mibanda jiwa pahlawan. Maksudna pahlawan téh, mibanda ciri, jujur, wani, tegas, kréatif, atawa inovasi anu kualitas-na prima. Sawadina pamingpin kudu boga kamandang anyar turta wani narajang kamandekan pikiran nu cupet. 8) Widagda. Hartina pamingpin kudu wijaksana turta rasional, bari  mibanda kasaimbangan rasa.

Kasombongan rasio anu kalan-kalan ngokop pamikiran, kudu gancang diimbangan ku rasa kamanusaan anu hakiki. Nyaéta, 9) Gapitan. Pamingpin kudu wani bakorban dina enggoning mempertahankeun kayakinanana. 10) Karawaléya. Hartina béréhan. Sabab hirup téh, apan interaksi antar sasama manusa atawa bermasarakat. Ku kituna pamingpin kudu boga kasoléhan sosial. 11) Cancingan. Pamingpin kudu parigel jeung cingceung, nu hartina rikat tur tangginas. Jelema anu tangginas, hirupna bakal kreatif, loba inisiatif jeung cara mikirna positis. 12) Langsitan, hartina rapékan, sagala bias henteu ngawagu, binangkit, binékas, terampil, atawa lob ailéy pleusna (loba préstasina), résponsit jeung motékar. Ngan pamingnpin anu parigel, cingceung tur binangkit, anu baris mampuh ngamangpaatkeun kasempetan.***

Naskah: Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *