Tina transkripsi Sanghyang Siskandang Karesian, meunang narjamahkeun Drs. Atja jeung Drs. Saléh Danasasmita, urang jadi terang, yén karuhun Sunda téh mibanda ajén-inajén moral anu linuhung. Éta ajaran-ajaran téh dina jaman bihari mah, utamana dina mangsa Wastukancana jeung Sri Baduga Maharaja, nyakrawati, katelah minangka “pikukuh-pikukuh.” Éta ajaran-ajaran moral téh tuluy dikumpulkeun turta ditulis dina daun lontar, kawentar disebut Sanghyang Siksa Kanda Ing Karesian (SSKK), titi mangsa taun 1482-1521 Éta naskah bisa ditingali di Musium Pusat, atawa Musium Nasional di Jakarta, katelah “koropak no. 630”. SSKK lain baé pituduh hirup nu bener pikeun rahayat, tapi utamana mah ditujulkeun pikeun para inohong, pamingpin atawa raja-raja Sunda jaman harita, sangkan arinyana bener-bener nangtayungan jeung ngaraharjakeun rahayatna.
Éta manuskrip bisa disebut mangrupa “atribut ka-Sunda-an,” dina jaman bihari mah, bener-bener digarugu, jeung di-impleméntasi-keun, boh ku rahayatna, boh ku para inohong katut rajana. Maranéhna ngarasa yakin, yén mibanda étos atawa karakter kasundaan téh, minangka jalan anu nujul kana kautamaan hirup, nyaéta, satiap urang Sunda téh kudu cageur, bageur, bener, singer jeung pinter. Dina SSKK gé aya pikukuh no. 9, anu unina, “Ulah bohong, ulah maling jeung pamali.” Nalika agama Islam asup, tur nyebar di Tatar Sunda, karakter Kasundaan nu gumulung dina SSKK téh digalokeun jeung ajaran-ajaran moral dina agama Islam anu ogé nétélakeun, yén satiap umat Islam téh, teu meunang ngabohong, teu meunang maling, nipu jeung peta laku nu ngarugikeun lianna. Manakomo dina agama Islam mah, aya aturan, yén para pamingpin téh kudu amanah, teu meunang ngamomorékeun rayahatna, anu mana mun éta pamingpin teu amanah, aya sangsi hukumanna, nyatana dipénta pertanggungan jawabna jaga di alam ahérat.
Nurutkeun Atja, asal-usulna naskah SSKK téh, tina hasil kontémplasi jeung pamikiran Prabu Wastukancana. Ku Atja jeung Saléh katut para ahli antropologi jeung pakar sajarah karajaan Sunda lianna, SSKK sok disarebut ogé, “Prasasti Kawali,” sabab luyu jeung mangsa Wastukancana nyakrawati di kadaton Surawisésa, Kawali, sabudeureun Ciamis ayeuna. Dina awal abad ka 16, nalika karajaan Pajajaran ngadeg di Bogor, diparéntah ku Sri Baduga Maharaja, cecepengan hirup hasil pamikiran Wastukancana téh dituliskeun kana daun lontar, kalawan paréntah ti Sri Baduga. Nya hasilna, mangrupa naskah SSKK, anu ayeuna bisa ditingali di Musium Nasional.
Anapon Sri Baduga Maharaja, salasaurang incuna Wastukancana kairut pisan ku ajaran-ajaran hasil kontémplasi éyangna téh, sabab saur émutananna, éta pikukuh-pikukuh kacida hadéna pikeun cecepengan hirup rahayat Pajajaran, dadakuna geusan para raja atawa para pamingpin Sunda kahareupna. Nya Inyana maréntahkeun para bujangga kadaton, sangkan pikukuh-pikikuh ti luluhurna téh, di-dokuméntasi-keun. Ceuk sakaol deui, cenah Sri Baduga téh, kajeun béda jaman jeung Wastukancana, Sri Baduga nuju bureyna, kungsi guguru langsung ka sang Eyangna anu mukim di kadaton Surawisésa. Aya nu nyebutkeun Wastukancana téh yuswana panjang pisan, dugi ka sarataus taunan langkung, Tegesna 114 taun. Mangka kitu inyana masih ngalaman para putu katut buyur-buyutna ngaralap élmu di kadaton Surawisésa. Anu matak, Jayadéwata, atawa Sang Pamanah Rasa, kitu jenengan Sri Baduga, nuju anomna, apal pisan naon-naon waé pikukuh-pikukuh anu kungsi diajarkeun ku Bao-na téh, nu mangpaatna boh keur dirina nyalira, atawa keur para inohong karajaan, jeung kum keur sakabéh rahayat Pajajaran.
Masih aya deui sawatara koropak anu dinomeran, anu ngungkab masalah pikukuh atawa ajaran moral pikeun jadi cecekelan hirup sakumna rahayat Pajajaran atawa sakumna katurunan urang Sunda ka hareupna. Diantarana bae, “Carita Parahiyangan,” (1580) atawa “Pakwan Pajajaran,” “Sewaka Darma” jeung “Bujangga Manik.” (tanpa taun, tapi kamungkinan leuwih heubeul umurna), jsb.
Nurutkeun Saléh Danasasmita, SSKK koropak nomer 630 anu ditulis maké basa Sunda kuna, aya 9 jejer, nu unina : 1. Mahayu dora sapuluh, 2. Mikukuh dasa prabekti, 3. Pancaaksara guruning janma, 4. Mikukuh darma pitutur, 5. Ngawakan tapa di nagara, 6. Tri tangtu di nu réya, 7. Hirup cukup teu kaleuleuwihi, 8. Ulah pupujieun. 9. Ulah bohong, ulah maling jeung pamali. Ajén-ajén linuhung ka-Sunda-an dina SSKK anu diagem turta dilaksanakeun ku para pamingpin atawa raja-raja Sunda bihari téh, ku para sarjana dititénan, tuluy ditarjamahkeun ngaliwatan élmu nu ngandung niléy-niléy sosial dina jaman kiwari. Hasilna, aya opat kategori pikukuh nu relevan nepi ka kiwari, nyaéta: 1. Ajén beungkeutan solidaritas sosial, 2. Saling silang atawa timbal balik sosial, 3. Ajén linuhung sosial, 4. Ngabina kapercayaan sosial.
Atuh mun dipeureut deui tina sakitu pikukuh téh, notogna kana muarana palasipah sajatining Sunda, anu maknana, yén satiap katurunan Sunda, boh pamingpin boh rahayatna, salawasna, kudu ngalakonan dialog. Ari nu kasebut dialog téh jeung dirina sorangan, kitu deui jeung lingkungan sosial-na, malah dialog jeung alam sabudeureunana. Kasadaran éta téh lajuning lakuna mah, geusan ngudag kamakmuran, karaharjaan, kaasup pikeun kalestarian lingkungan hirup. Éta udagan baris mampuh kahontal, lamun sakabéh pikiran, rasa, dihijikeun kana “rasa sajati ning rasa”. Nyatana lamun “rasa manusa ngahiji jeung rasa Nu Kawasa.” Hal ieu téh penting pikeun, para calon pamingpin sélér Sunda, ngarah dipiajrih ku rahayat anu diwakilanana, kitu saripatina pikukuh nu kaunggel dina naskah SSKK.
Dina interaksi pakumbuhan sapopoé, karuhun Sunda boga cecepangan, anu diwaris ti Prabu Siliwangi, nyaéta silih asih, silih asah, silih asuh. Éta nu kudu dicepeng ku urang Sunda, kudu silih pikanyaah, akur, silih ajarkeun jeung saling ngaaluskeun, lain silih lédot jeung silih gubragkeun.***
Naskah: Dadan Sungkawa