Selasa, 17 Jun 2025
Lokatmala

Pemda Prov. Jabar Baris Nangtungan Revisi Desain Museum Batutulis

Dedi Mulyadi, Gupernur Jawa Barat lolongok ka lokasi Situs Prasasti Batutulis Bogor, Senen (14/4/2025).***

LBNews.com, KOTA BANDUNG – Pamarentah Daerah (Pemda) Kota Bogor ngarencanakeun revisi desain pangwangunan Kawasan Bumi Ageung Batutulis pikeun dimangpaatkeun jadi Museum Pakuan Pajajaran.

Wali Kota Bogor Dedie A. Rachim, kiwari keur tatan-tatan nyiapkeun Detailed Engineering Design (DED) dina taun ieu sarta nyaluyukeun desain pikeun ngalaksanakeun pangwangunan dina taun anggaran 2026.

Nurutkeun Dedie, pangwangunan kawasan Bumi Ageung Batutulis diproyeksikeun jadi kabeungharan obyek wisata sajarah jeung budaya, hususna di Kota Bogor, umumna di Jawa Barat, “Gupernur Jawa Barat parantos komitmen nangtungan waragadna,” ceuk Dedie A. Rachim sabada ngaluuhan acara MoU antara Pemda Prov.Jabar jeung Kajati Jabar di Gedung Pakuan, Salasa (15/4/2025).

Sawatara, Gupernur Jawa Barat Dedi Mulyadi nepikeun apresiasi langkah Pemda Kota Bogor nu geus nembongkeun kasumangetan jeung rasa mikahaat ngawujudkeun pangwangunan Museum Pajajaran.

Sanajan tacan ngawujud sakabehna, tapi upaya nyata mah geus mimiti katembong, dibuktikeun ku ayana Kawasan Bumi Ageung Batutulis.

Ieu hal teh ditepikeun ku Dedi Mulyadi nalika diajak langsung datang ka Situs Prasasti Batutulis jeung Bumi Ageung Batutulis ku Wali Kota Bogor Dedie A. Rachim.

Sumangat ngawangun museum katempona geus luar biasa. Tinggal engke mah nambahan, make arsitektur nu merenah sangkan nimbulkeun daya pangirut minangka salasahiji museum sejarah mangsa baheula, ceuk Dedi Mulyadi di lokasi Situs Prasasti Batutulis, sabada lolongok ka lokasi urug di Jalan Saleh Danasasmita anu memang henteu pati anggang ti Situs Batu Tulis Bogor, Senen (14/4/2025) nu geus kaliwat.

Inyana oge mere kamandang ngeunaan adegan anu dipake panundaan Prasasti Batutulis anu kiwari dikokolakeun ku Balai Pelestarian Kebudayaan (BPK) Wilayah IX Jawa Barat, UPTD Kementerian Kebudayaan, sangkan diluyukeun jeung karakteristik situs Batu Tulis sorangan, anu sakuduna mah mibanda niley estetik jeung kasajarahan nu leuwih kuat.  

Sabab katingalina, adegan nu geus aya can bisa nembongkeun jadi adegan anu ngarojong kana gaya adegan kabudayaan. Lamun dimeunangkeun ku Kementerian Kebudayaan, pihakna siap ngawangun dina taun ieu oge, kalayan desain arsitektur anu diluyukeun jeung bentuk peradaban arsitektur adegan Sunda dina jaman harita.

Sabada datang ningali lokasi situs Batu tulis, pihakna oge bakal ngalibetkeun tim ahli geologi, ahli bahasa, ahli sejarah, jeung filolog pikeun nyusun buku anu bisa ngajelaskeun Batutulis sacara kajian akademis nu leuwih komprehensif.

Jadi, lamun datang ka tempat anu ngandung ajen sajarah teh, bener-bener bisa ngagambarkeun yen baheulana kungsi aya peradaban. Raja dilantik bari terus dijieun tulisan dina batu nu abadi nepi ka kiwari. Ieu bisa dipake panuduh yen geuning urang Sunda ngabogaan luluhur anu sakitu cerdas, pinter jeung hebat dina mangsana, ceuk Dedi panjang lebar.

Ka hareupna, saha wae nu jadi pajabat salaku wali kota jeung wakil Wali Kota Bogor dipiharep bisa ngajelaskeun sajarah peradaban Sunda jeung Pakuan Pajajaran anu bener ka masarakatna. (sumber Rilis Humas Prov. Jabar)***  

Editor: Dadan Sungkawa

 

Tags:Dedi MulyadiDedie A. RachimGupernur Jawa BaratPemda Kota BogorWali Kota Bogor


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *