Rabu, 18 Jun 2025
Lokatmala

Prabu Maharaja Tarusbawa, Raja Sunda (669-723 M.), Ahli Seni Tata Rupa Sunda

Gb. Illustrasi Prabu Tarisbawa mimiti boga gagasan nyieun pakakas tatanen, ngagabungkeun wangun kudi jeung congkrang dina hiji alat anu disebut kudhyang lambayung, minangka hasil tina gentur tatapa.***

LBNews.com. KARAJAAN SUNDA, – Dina taun 669 Maséhi, Raja Tarumanagara ka-12, Sang Maharaja Linggawarman wafat. Pikeun gagantina, nya ngadeg minantuna, Sang Tarusbawa. Basa diwastu jadi raja Tarumanagara ka-13, dibéré gelar Sri Maharaja Tarusbawa Darmawaskita Manumanggalajaya Sundasembawa.

Sang Tarusbawa kaasup tokoh sajarah Sunda anu gedé jasana dina widang tatanén jeung seni tatarupa Sunda, diantarana nyieun arsitéktur khas karaton Sunda anu dibéré ngaran Sri Kadatwan Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Ieu karaton téh mangrupa lima adegan anu sarua gedéna katut modélna, anu ku para ahli sastra mah disebutna konsép panca persada atawa lima mandala, nyaéta lima kawasan anu jadi kakawasaan karajaan Sunda, ti mimiti Hujung Kulon (Sanghyang Sirah) nepi ka Hujung Galuh (Sanghyang Suku).

Arsitéktur Karaton Sunda hasil rancangan Maharaja Tarusbawa waktu mindahkeun puseur kota ti Sundapura (Bekasi) ka Pakuan (Bogor) nyoko kana wangunan imah masarakat Sunda dina mangsa harita. Utamana dina adegan suhunanana, nyaéta wangun julang ngapak jeung ampig wangun cagak gunting dina palebah wuwungna.

Palebah ampig jeung tihang-tihangna, diukir kalawan hadé tur artistik. Arsitéktur karaton Sunda ngalaman umur panjang nepi ka burakna Pajajaran dina taun 1579, atawa aya kana 900 taunna.

Jaba ti ngararancang modél arsitéktur karaton Sri Bima, Maharaja Tarusbawa gé ngararancang alat tatanén, ku cara ngadumaniskeun congkrang jeung kudi. Kadieunakeun sok disebut kujang. Padahal, dina jaman Maharaja Tarusbawa mah disebutna Kudya Hyang Lambayung, anu pihartieunana alat paranti ngolah tanah nu asalna ti Kayangan keur kasejahteraan manusa.

Wangunna kacida éndahna. Ditingali ti harep siga wujud awak sakujur. Ti gigir méh mirip manuk julang. Mun digolérkeun badis pulo anu jadi kakawasaan wilayah karajaan Sunda.

Kujang ngabogaan kagunaan anu leuwih lengkep jeung sampurna pikeun kaperluan masarakat pahumaan mangsa harita. Ku hiji alat, para pangebon jeung pahuma teu kudu rébo ku rupa-rupa alat. Sabab, kujang mah bisa dipaké jang rupa-rupa kagiatan pahuma atawa pangebon, saperi motong, niplas, ngoréd, nyacar, nyadap, nojos ngaragaji, ngaraut, nyungkal, ngarit, nubles,  katut noropong rasi béntang pikeun nangtukeun mangsa jang pepelakan.

Maharaja Tarusbawa lahir tur gedé di Sundapura. Matakna sanggeus jadi panguasa di Tarumanaga, Sang Tarusbawa ngarobah ngaran karajaan Tarumanagara jadi karajaan Sunda. Jaba ti kitu téh deuih, Tarusbawa pisan anu ngabébaskeun karajaan Galuh anu tadina bawahan Tarumanagara, jadi karajaan anu merdéka tur bébas nangtukeun nasib kahirupan sakabéh pangeusina.***

Dadan Sungkawa

Tags:Karajaan SundaKarajaan TarumanagaraPraburesi Tarusbawa


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *