LBNews.com, PAKUAN PAJAJARAN. – Panalungtikan ngeunaan Prasasti Batutulis di Kota Bogor kungsi dilakukeun ku sababaraha urang ahli sajarah. Boh ku urang Sunda pituin, boh ku urang deungeun. Lain sakali dua kali. Nepi ka sababaraha rintakan. diantarana ku Friedrich dina taun 1853. Ditindak deui ku Holle dina taun 1867. Dituluykeun ku Pléyté dina taun 1911. Sapuluh taun ti harita, dina taun 1921 mimiti dihanca ku Poerbatjaraka jeung Noorduyn dina taun 1959. Tina sakabéh katerangan anu béda-béda ngeunaan Prasasti Batutulis, kakara dilelempeng ku Saléh Danasasmita dina taun 1981-1984. Ti harita Prasasti Batutulis Bogor mimiti kabuka tur diaku jadi salasahiji warisan titinggal sajarah ti mangsa karajaan Pajajaran.
Kalawan gemet Saléh Danasasmita ngungkab ngeunaan eusi prasasti katut angka taun dijieunna/ditulisna eta prasasti. Kacindekanana, Prasasti Batutulis Bogor, dijieun dina taun 1533 Maséhi (1455 Saka), 12 taun sabada Sri Baduga Maharaja wafat (prebu ratu purané). Dina mangsa harita, karajaan Pajajaran aya dina kakawasaan Prabu Surawisésa Jayaperkosa atawa Ratu Sanghyang (1521-1535 M). Ari pangna dijieun prasasti téh, anu utamana mah pikeun kapentingan upacara ngahyangkeun atawa upacara nyampurnakeun sukma anu diayakeun 12 taun sabada wafat (manggihkeun hyang tapa balik déwa), mulangkeun sukma ka Dzat Asal. Ogé deuih pikeun pangéling-éling jasa Sri Baduga Maharaja sawaktu mingpin karajaan Pajajaran. Ieu téh kaasup salasahiji cara némbongkeun dasaperbakti dina ajaran Sunda baheula, diantarana ratu bakti di déwata, déwata bakti di hyang.
Henteu sakabéh raja diupacarakeun sabada 12 taun purané, kajaba ti kudu ngaliwatan ujian. Naha salila 12 taun téh masarakat masih mikatineung, miéling jasa-jasana atawa henteu. Ku sabab salila 12 taun sanggeus tilar, Sri Baduga Maharaja tetep ‘hirup’, tetep seungit di masarakat, nya ngabogaan hak pakeun diayakeun upacara suci dihyang. (kecap dihyang disamarkeun atawa diabadikeun dina kecap ngaran Gunung Diyéng, ngaran salasahji gunung anu dianggap sakral).
Dina upacara ngahyangkeun sabada 12 taun Sri Baduga Maharaja dimakamkeun, tegesna tanggal 14 Séptémber 1533, layon nu ngan kari tulang-taléng téh tuluy digali, geus kitu dihuru. Lebu jenazah téh diawurkeun di Rancamaya (Sang Mokta ing Rancamaya). Sabagéan deui, lebu jenazah dibagikeun ka sababaraha raja daérah pikeun dikurebkeun di kabuyutan masing-masing. Matak teu héran lamun téa mah loba kapanggih ‘makam-makam’ Prabu Siliwangi di sababaraha tempat. (Dadan Sungkawa)***