Naskah: Dadan Sungkawa
LBNews.com. – Sabada Sri Baduga wafat dina taun 1521, kakawasaan Pajajaran dipasrahkeun ka putrana ti Kentring Manik Mayang Sunda, nyaéta Sang Prabu Anom Surawisésa Jayaperkosa, diwastu jadi raja dina bulan Agustus taun 1522 M kalawan boga gelar Prabu Sanghyang Surawisésa. Urang Portugis mah nyebutna Ratu Samiam. Keur waktu upacara ngawastu Surawisésa ngadeg raja, hadir utusan ti nagara Portugis anu diwakilan ku Hendrique de Leme katut rombongan bari sakalian masrahkeun hadiah penobatan ti Rajamuda Alfonso d’Albuquerque minangka tanda persahabatan. Dina ahir kadatanganana, pareng tanggal 21 Agustus 1522, pihak Portugis jol langsung ngayakeun perjangjian dagang antara Karajan Pajajaran jeung Portugis.
Dina mangsa kakawasaan Prabu Surawisésa, kaayaan karajaan Pajajaran mimiti muncul rupa-rupa ririweuh. Ieu hal téh kapancing ku ayana hubungan bilateral antara Pajajaran jeung Portugis anu ngadatangkeun kakahariwang ti karajaan sejen, diantarana ti Kasultanan Demak. Sabab tina eusi perjangjian téh kasabit yén pihak Portugis bakal ngadegkeun benteng di Palabuhan Banten jeung Sunda Kalapa. Komo sanggeus katingali perairan selat Malaka geus kakuasa ku pihak Portugis mah, atuh beuki-beuki kahudang kahariwang Sultan Demak téh.
Ti harita muncul wéh perang campuh, dina taun 1526. Sultan Demak ngirimkeun pasukan gabungan Demak dibantuan ku Cirebon anu lobana 1967. Sataun ti harita, aya deui pasukan anu lobana 1452 urang pikeun nyerang Palabuhan Sunda Kalapa. Tapi ari nyerang Pakuan mah, pasukan gabungan Demak-Cirebon gé rada mikir dua kali.
Kajadian perang antara Pajajaran jeung pihak pasukan Demak jeung Cirebon, teu cukup ku sakali dua kali, tapi aya kana 15 kalina. Jeung sarua kuatna, pihak Demak-Cirebon teu bisa nembus daérah pertahanan Pakuan, kitu deui pihak Pajajaran teu bisa ngarebut deui Palabuhan Banten jeung Sunda Kalapa anu geus kakuasa ku Fadillah Khan.
Pikeun ngaréngsékeun pasualan peperangan anu teu aya réngséna, tur méakkeun waktu aya kana 5 taunna, boh jeung pihak Demak atawa jeung pihak Cirebon, antukna Prabu Surawisésa timbul paniatan pikeun mageuhan wilayah anu nyésa tur masing-masing pihak ngaku kadaulatan kakawasaan séwang-séwangan, henteu silih serang jeung tetep ngajaga sikep siliasih, siliasah jeung siliasuh lantaran tunggal paduluran, sasama ahli waris (seuweu-siwi) Sri Baduga Maharaja.
Sabada perjangjian, kaayaan teu sakara-kara. Répéh deui sabihara sabihari. Dina kaayaan kitu, Prabu Surawisésa kakara ngarasakeun deui rupa-rupa pangalaman jeung kajadian nu enggeus-enggeus bari sakalian nginget-nginget jasa-jasa ingkang rama, Sri Baduga Maharaja salila mingpin karajaan Pajajaran anu sakitu badagna bari jeung dina kaayaan sepi maling towong rampog, jauh tina pacéngkadan jeung ririweuh. Dina keur kaayaan niis pikir, haté Sang Prabu anu dijujuluk kadiran, kasuran, kawanén, (perwira, perkasa, nu gedé wawanén) ku Sunan Gunung Jati, bet ngadadak timbul kahayang, nyieun prasasti ajangkeuneun nginget-nginget deui jasa ingkang rama, anu dijujuluk Prabu Siliwangi ku balaréa. Enya bé dibuktikeun, teu lila ngawujud prasasti batutulis anu eusina sakumaha kacutat di handap ieu:
[OO].Wang na pun, ini sasakala prebu ratu purané pun, diwastu diya wingaran prebu guru déwataprana, diwastu diya dingaran sri baduga maharaja ratu aji di pakwan pajajaran, sri sang ratu déwata pun, ya nu nyusuk na pakwan, diya anak rayhyang déwa niskala sang sidamokta di gunatiga, incu rahyang niskala wastu kancana sang sidamokta ka nusa larang, ya siya nu nyiyan sasakala gugunungan, ngabalay nyiyan samida, nyiyan sanghyang talagaréna mahawijaya, ya siya pun.[OO]. saka, panca pancadawa mban bumi.[OO].***