Rabu, 18 Jun 2025
Lokatmala

Rusiah Batutulis Bogor (Bag. 3)

Situs Batutulis Bogor.***

Naskah: Dadan Sungkawa

Diropéa tina sawatara sumber

 

LBNews.com. –  Sabada Sri Baduga wafat dina taun 1521, kakawasaan Pajajaran dipasrahkeun ka putrana ti Kentring Manik Mayang Sunda, nyaéta Sang Prabu Anom Surawisésa Jayaperkosa, anu satuluyna diwastu jadi raja dina bulan Agustus taun 1522 M. kalawan boga gelar Prabu Sanghyang Surawisésa.

Sanggeus déwasa, Surawisésa nikah ka Nyi Putri Kiranawati, putrina Cakralarang atawa baona Prabu Munding Kawati. Ari Munding Kawati téh putrana Wangsa Tunggal, bisa jadi anu nyekel wilayah Kabuyutan Karang Tunggal, anu ayeuna mah jadi wewengkon Désa Karangtunggal, Kacamatan Paséh.

Tah, palebah dieu, mimiti bray-brayan. Aya hubungan anu natrat antara Bogor jeung Paséh ku ayana hubungan pernikahan antara Prabu Surawisésa jeung Nyi Putri Kiranawati.

Jadi, ana kitu mah, bisa jadi enya, prasasti batutulis Bogor, dijieunna di Gunung Batutulis Paséh. Ké heula, tong waka gampil nyieun kacindekan.

Prabu Surawisésa nyekel kakawasaan di Pakuan Pajajaran anu ayeuna jadi Bogor. Ari istrina Prabu Surawisésa, Putri Kiranawati, pituin turunan Prabu Munding Kawati anu ka luhurna Wangsatunggal. Prabu Munding Kawati boga kakawasaan di daérah Paséh ayeuna, malah makamna ogé aya di wewengkon Paséh. Masarakat nyebutna Makam Sanghyanglawang atawa Makam Prabu Munding Kawati.

Kakara ayeuna urang guar naha bet aya Gunung Batutulis di Paséh Kabupaten Bandung, ari prasasti Batutulisna aya di Kota Bogor? Urang deukeutkeun heula saméméh dipaheutkeun. Da geus sidik ayeuna mah, hubungan Bogor jeung Paséh téh, sakitu raket dalitna. Goréng-goréng gé, aya hubungan kakulawargaan.

Dina ceuk katerangan di luhur apan kungsi disebutkeun. Saréngséna ngayakeun perang limawelas kali dina jero 5 taun bari teu aya nu éléh, anu tungtungna dipungkas ku perjangjian daméy, ti harita Prabu Surawisésa tuluy baé ngayakeun niis pikir. Ari ngaran-ngaran niis pikir mah, ilaharna sok rajeun ingkah ti tempat anu matak riweuh ka tempat séjén nu rada jauh, ngarah kapopohokeun atawa kabangbalérkeun.

Boa-boa dina waktu keur niis pikir téa, Prabu Surawisésa ngahaja datang deui ka lembur matuhna Nyi Putri Kiranawati, ka lembur mertuana di Paséh. Tangtuna moal sapoé-dua poé, ngadon nganjangna téh. Maklum nyorang perjalanan anu sakitu jauhna, perelu waktu istirahat anu cukup lila. Antara saminggu dua minggu mah, bisa jadi rada kaharti ogé.

Tah, jigana dina mangsa harita pisan, salila aya di Paséh, Prabu Surawisésa ngahaja nyieun prasasti batutulis di dinya, nyaéta di gunung anu satuluyna dibéré ngaran Gunung Batutulis téa, “Bener pisan. Prasasti batutulis téh dibawa kana padati,” ceuk almarhum Lalam Wiranatakasumah, salasaurang supranaturalis sajarah Sunda pareng dodongéng ngeunaan G. Batutulis Paséh.

Teu lila manggih deui katerangan yén di daérah Paséh gé, kapanggih patilasan Prabu Surawisésa, mangrupa makam kuno. Pernahna di Kampung Padarék. Disebutna makam Tuan Bubar. Ceuk sakaol mah, anu disebut Tuan Bubar téh, sesebutan masarakat baheula dina mangsa kompeni kana patilasan Prabu Surawisésa pédah aya béja yén Prabu Surawisésa téh kaasup raja Sunda anu ngabubarkeun pacéngkadan ririweuh di karajaan Pajajaran sabada perang ngalawan pasukan Demak jeung Cirebon. Wallahu’alam bisawwab enya henteuna mah. (Cag).***

 

 

 

 

Tags:Prasasti Batutulis


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *