Rabu, 18 Jun 2025
Lokatmala

Sri Kadatwan Bima Punta Narayana Madura Suradipati

Gb. Illustrasi Arsitektur Bangunan Karaton Sunda Pajajaran. (Sumber Kompas)***

Kolom: DADAN SUNGKAWA

URANG Sunda teu boga arsitéktur bangunan kuno. Boh karaton atawa candi. Padahal, karaton jeung candi apan ciri atawa bukti kasat mata pikeun masarakat jaman kiwari, yen éta daerah atawa tempat nu diadegan candi atawa karaton, tangtu baheulana luhur budayana. Enya puguh gé matak sedih keur urang Sunda mah, geura ari dina carita pantun, salawasna  diebrehkeun kajayaan karajaan Sunda. Cenah, karatonna murub mubyar, korsina gading kancana, lawang sakéténgnya aya sakitu, kutana ngajalungkiring, jeung sajabana. Ari bukti arkéologina mana atuh ?

Da geuning di Jawa mah ébréh bukti-bukti karaton jaman purba téh. Misalna baé urut karaton Majapahit, natrat di Trowulan, Mojokerto, Jawa Timur. Kompléks urut karaton Majapahit najan geus ancur, tapi kaciri kénéh pondaménna. Malah panto gerbangna, nu disebut Gapura Bajang Ratu masih weuteuh. Ngajenggléng, lengkep jeung tétécéanana anu nuju kana lawang.

 Jadi, saheulaanan mah, hayang terang kaagréngan karaton karajaan-karajaan Sunda bihari, kudu boga imajinasi nu kuat, malar bisa ngabayangkeun, kumaha kira-kira wangun kadaton di Tatar Sunda jaman baheula béh ditueun baheula téh?

Jadi mun hayang ngabayangkeun karaton karajaan Sunda atawa Pajajaran, bisa nengetan fragmén Carita Parahiyangan ( Koropak 406) Kieu diantarana unina :

Di inya urut kadatwan, ku Bujangga Sedamanah ngaran Sri Kadatwan Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Anggeus ta tuluy diprebokta ku Maharaja Tarusbawa deung Bujangga Sedamanah. Di siar ka hulu Cipakancilan. Katimu Bagawat Sunda Mayajati. Ku Bujangga Sedamanah dibawa ka hareupeun Maharaja Tarusbawa (for. 37.v.)

Tarjamahan bébasna:

Nya di dinya urut karaton (nu) ku Bujangga Sedamanah dibéré ngaran Sri Kadatwan Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Satutasna’ tuluy di doa-an ku Maharaja Tarusbawa jeung Bujangga Sedamanah. Ditéang ka hulu Cipakancilan, Papanggih jeung Bagawan Sunda Mayajati. Ku Bujangga Sedamanah dibawa ka hareupeun Maharaja Tarusbawa”

Atuh dina Carita Parahiyangan fol 30, écés ditulis yén karaton nu ngaranna panjang téh, pernahna di kota Bogor nu ayeuna. Éta karaton dirénovasi deui dina jaman pamarentahan Prabu Susuktunggal, laju jadi pakwan atawa kadaton anu pohara sigrongna dina jaman Sri Baduga Maharaja nyakrawati.

Ngan baé anu ditulis dina sawatara naskah kuno teh, nepi ka ayeuna acan kapanggih sésa karaton Sri Kadatwan Bima Punta Narayana Madura Suradipati nu cenah pernahna di kota Bogor téh.

Ceuk sawatara pengamat, héséna manggihan bukti-bukti arkéologi urut karajaan-karajaan Sunda, cenah ku lantaran, bahan wangunan karaton dijieun tina kai. Mun enya éta argumén, atuh meureun bener-bener moal manggih pisan bukti-bukti karaton téh, lebeng, matak peunggas harepan, da puguh ari kai mah tangtu laas ku jalanna jaman.

Ceuk sakaol, keun baé anteup, Sajarah Sunda mah sina tetep nyidem misteri gede? Beuki dikobet, beuki ngirut kapanasaran. Ngan baé aya tambahna, cenah, dina hiji mangsa mah, éta bukti-bukti nu diarep-arep téh pinasti mucunghul sorangan, teu kudu ditaréangan. Boa-boa enya? Geuning, kaayeunakeun bruh-bréh narémbongan, sanajan angger masih disimbutan misteri. Contona baé, kapanggihna situs Candi Lanang jeung Candi Wadon di Cibuaya di Kabupatén Karawang. Saméméhna Candi Cangkuang di Ka­bupatén Garut. Tuluy Candi Bojongménjé. Geus kitu kapanggih deui candi-candi lianna di Batujaya anu jumlahna nepi ka 25 candi! Tuh geuning! Anu kakara réngsé dikali aya kana 10 candina.  Aya deui Candi Binangun di Pamarican, jeung di Pananjung, Pangandaran, Ciamis, anu masih kénéh ditalungtik.

Anu panganyarna, kapanggihna situs Hindu dina pertengahan taun 2006. Harita di Kampung Talun Desa Talagasari, Sagalahérang, Subang, para pakar arkéologi geus manggihan ruruntuk candi. Awalna mah biasa wé, teu dihaja, (apan ulah ditéangan téa, engké gé mucunghul sorangan) saurang patani keur macul, paculna ngagedrug kana susunan bata beureum. Goréhél ruruntuk candi. Nyatana di Kampung Talun, Desa Talagasari, Sagalahérang, Subang. Tutas ngaliwatan prosés idéntifikasi, éta ruruntuk téh, diperkirakeun mangrupa candi Hindu abad 9 nepi ka abad 16 Maséhi.

“Dugi ka danget ieu situs Talun, nembé tahap ékskavasi, teu acan dugi kana tahap idéntifikasi lanjutan mah,“ jelas Drs Kamal Ma’ruf, Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kab Subang. Ékskavasi awal téh gawé babarengan jeung tim ti Balai Arkéologi (Balar) Bandung jeung Pusat Penelitian Arkélogi Nasional (Arkénas).

Dina éta ékskavasi   ukuran diametér 6 X 6 metér, jerona 1,5 metér  téh,  geus kapanggih susunan bata beureum nu diperkirakeun pondasi wangunan ukuran bata nu  panjang 31 cm, lebar 22 cm, jeung kandel  8 cm.

“Sim kuring saparakanca nga-prédik­si, susunan bata beureum teh katingalna mah mangrupi pondasi wangunan. candi Hindu, margi nalika dikali, pondasi téh teras bae manjangan, “ jelas Nanang, ti Arkenas.

            Prédiksi kasebut dijéntrékeun deui ku Nanang. Siga wangun imah anu aya rohangan-rohanganna, cenah.   Situs Talun nu manjang nu kakara dikali jerona 6 metér téh, dikuatkeun ku bukti kapanggihna artéfak keramik Cina nu diperkirakeun asalna tina budaya dinasti Sing, antara abad 9 nepi ka 16 Masehi. Jadi, diantara masarakat Sunda bihari di Subang teh kawasna geus aya hubungan budaya jeung bangsa Cina anu katelah geus maju pisan budaya jeung téknologina. Kiwari ékskavasi anu dilakonan ku Disbudpar Kabupatén Subang, Balar jeung Arkénas téh masih mangrupa tahap awal. Engkéna mun geus bisa ngabébaskeun lahan mah, tinangtu baris dilakonan deui ékskavasi tahap lanjutanana, sabab bawirasa aya pakuat-kaitna jeung jaman kajayaan candi-candi di Batujaya Karawang, cenah.  Mun kitu bawirasa aya kakaitan deui jeung kajayaan masa karajaan Tarumanagara, nu dina jaman Walanda mula geus disebut-sebut karajaan Hindu kadua pangkolotna di Nusantara,sanggeus karajaan Mulawarman di Kalimantan.

            Atuh ku kapanggihna Candi Bojongménjé saperti anu dijelaskeun di kaca saméméhna, ngarojong bukti-bukti yén budaya Sunda leuwih kolot batan budaya Jawa. Éta bukti dirojong ku waktu dijieun éta Candi, nyaéta abad ka-7. Mana komo Candi Batujaya dina mangsa kajayan Tarumanagara, dijieun dina abad ka-2. Bukti séj[nna yén sélér Sunda geus béh ditueun baheula geus mampu ngawangun candi,  enya engke mun Candi  Bojongmenje anggeus dirénovasi. Engkéna baris ngajanggélék candi anu strukturna tina batu andesit anu basajan. Enya, éléh éndah ku candi-candi di Tatar Jawa. Kilang kitu, tina wangun Candi Bojongménjé nu basajan, logikana, tangtu mibanda harti, yén éta téh ciri budaya awal, lantaran leuwih ti heula timu kana ngawangun struktur candi. Enya, saheulaanan mah mun ninggali ruruntuk Candi Bojongénjé di Cangkuang, anu ngan mangrupa témbok salapis bari jeung teu kapanggih rélief-na, tangtuna gé Candi Bojongménjé, candi nu basajan, bukti leuwih awalna peradaban.***

 

Tags:Dadan SungkawaKolom


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *