LBNews.com. KAB.BANDUNG BARAT, – Hujan ngecrek di Bulan Maret, maruragan ti wanci beurang mula. Memang henteu matak cipruk, jeung henteu jadi halangan kana patekadan para panitia atawa sang panata calagara Rihlah Ramdhan -Pesantren Literasi 1446 H/2025M pikeun neruskeun ngahanca sesi dua di Pontren Darul Falah, nu pernahna di Jalan Raya Cihampelas, Kab. Bandung Barat, Jawa Barat, Sabtu 15 Maret 2025.
Sakitar 1.500 an santri jeung santriwati, turta puluhan pangasuh pontren Darul Falah jeung jajaran pengurus PC katut MWC NU KBB, geus mimiti minuhan pelataran dasar Mesjid Besar anu sakuriling lahanna dieusian bangunan pesantren jeung pondok, ti mimiti tabuh 16.00, atawa bada shalat ashar.
Rengse MC ngadadarkeun tujuan kagiatan jeung jadwal acara, pikeun pamapag dipasrahkeun ka perwakilan ti Pontren Darul Falah, Kyai A. Tahqiq Fathoni, anu oge nyepeng kadudukan Wakil Ketua PCNU KBB, “Ieu memang kagiatan nu luar biasa, jeung ngarupakeun formula anyar dina sosialisasi bentuk-bentuk literasi ka kaom santri. Ka payun, acara sarupa kieu mudu dilajeng sareng dirojong ku sakumna warga Nahdhatul Ulama,” ucap ajengan.
Para santri jeung ustad oge deuih para kyai, nu geus biasa kakeupeulan literasi keagamaan, karasana baris bisa nyerep wangun pidangan tina elmu pangaweruh loba ragamna. Lain wae pidangan sastra boh winangun puisi atawa winangun prosa, pamugika hareupna mah dieuyeuban ku elmu-elmu pangaweruh nu leuwuh lega deui ambahanana, kayaning elmu ekonomi, sosial, ekologi, jeung saterusna, pokna deui antusias anu langsung dipapag ku keprokan hadirin tanda ngaheueuhan.
Sarengsena sambutan, sakitar 5 santri putra jeung 5 putri, narima bingkisan ti sponsor minangka ngawakilan 40 santri lainna. Santunan dipasrahkeun Ketua PCNU Kabupaten Bandung Barat, KH. Yusuf Abdul Qodir, Ketua Lazisnu PCNU KBB, H. Aceng Mukmin, jeung Dian Nurdiana direktur Muti Corp.
Dina pidangan nu munggaran, perupa Rudi St. Darma mawakeun performing art atawa seni pertunjukan, nyaeta hiji pidangan karya seni anyar nu ngarupakeun format lain tina frama tunggal tanpa naskah, tapi mibanda konsep nu tangtu dina alur carita.
Kalayan mawa gorobak mini nu eusina ptongan-potongan buku, ieu perupa alumni Seni Rupa IKIP Bandung teh, mawakeun tema Buku, Ilmu, jeung Amal, turta etika jeung Adab santri. Dina balutan calana, pakean, sarta kurudung hideung, pidangan Rudi St Darma katingali unik, aneh tapi aheng ngadatangkeun rasa simpati tur hook.
Atuh dina pidangan nu kadua, Gusjur Mahesa, macakeun puisi dina wirahma komedi nu judulna ‘Puasaku Untukku’ nepi ka ngahudang para hadirin seuri koneng. Seug komo basa Gusjur macakeun puisina anu cukup kawentar ’Mending Gelo Daripada Korupsi’ (mending gelo batan korupsi) di kalangan penikmat puisi anu dibacakeun sacara atraktif tur ngahibur.
“Aya dua buku, nu hiji judulna Mending Gelo Daripada Korupsi, jeung Mending Edan Daripada Kebagian Korupsi. Ieu buku puisi teh ngarupakeun hasil tina sawangan saperkara mahabuna kasus korupsi nu tumiba di ieu nagari. Kacindekanana leuwih hade gelo batan mudu rarampid korupsi,” ceuk Gusjur Mahesa.
“Tah, naha rek milih gelo atawa rampus rarampid korupsi?” tanya Gusjur kalayan nada sora nu bedas ka para santri nu jumlahna rebuan anu harita langsung dijawab sacara spontan bari genah seuri.
“Gelooooo!” para santri saur manuk dibarengan ku seuri nyeehkeun sora hujan nu masih ngecrek di luar sabudeureun pondok pasantren.
Sedengkeun sesi saterusna, sastrawan Eriyandi Budiman anu harita didaulat jadi panumbu catur (moderator), ngadadarkeun harepanana sangkan parta santri rajin maca jeung nulis, anu bisa dimimitian tina ngungkab pangalaman carita sapopoe anu kaalaman di lingkungan suasana di pesantren.
“Para santri atawa santriwati di kalangan Nahdhatul Ulama, bisa ngolah puisi saperti KH. Mustofa Bisri, atawa prosa fiksi winangun cerita pendek, bisa oge novel saperti Fauz Noor jeung Anwar Fuadi. Tah saha nu apal di Pontren Darul Falah ieu, engkena bisa ngalahirkeun penulis cerpen jeung novelis anu bisa mawa seungit pasantren. Komo mun nepi ka novelna diproduksi jadi film,” tandesna nu harita langsung dipapag ku ucapan aamiiin ti para santri putra dan putri anu tempat diukna ngahaja dipisahkeun make hahalang kai satengah awak.
“Minangka contona, ieu aya kumpulan puisi karya para sastrawan entragan kaom nonoman Nahdhatul Ulama anu judulna ‘Kemarau Di Surga’. Ieu buku digagas Komunitas Kuluwung, Tasikmalaya, kalayan diinisiasi Diwan Mastnawi, putra penyair Acep Zamzam Noor ti Pesantren Cipasung Tasikmalaya,” ceuk Eryandi Budiman bari nembongkeun buku anu memang geus nyampak.
Ieu buku nu jejerna lingkungan ekologi kalayan basis sosial religious teh ngarupakeun rampak gawe Lesbumi Jawa barat jeung Walhi Jawa Barat, “Nah, mungkin bae ka hareupna para santri nu hadir di ieu tempat bisa ngalahirkeun antologi puisi!” tambah Eryandi anu langsung dihaminan ku sakumna nu hadir.
Sesi satuluyna ditema ku paparan Rudi St. Darma, perupa nu geus lila malang mulintang ka sababaraha nagara ngeunaan makna seni pertunjukkan anu memang kakara digelar di ieu pasantren. Jadi saksi sajarah ngeunaan proses kreatif anu dilakukeun di rohangan ekspresi lingkungan pasantren anu nyata-nyata mudu nyandingkeun antara kabutuh relegi jeung seni.
“Tangtuna ngangres jeung reueus bisa babagi performance. Pasti loba nu heran tur tumanya ngeunaan pertunjukan tadi. Anu tadi dihadirkeun ngandung makna yen buku sabage jandela elmu jeung maca miangka koncina. Tina buku, bisa ngabeungharan pengaweruh, ngajadikeun amal nu sholeh, kalayan fituyun niley-niley kaagamaan anu bisa terus dimekarkeun,” Rudi St. Darma nerangkeun makna properti jeung peralatan dina sakuka pertunjukan anu geus dubawakeunana.
Sawatara, Gusjur Mahesa umajak ka para santri sangkan rtaji maca jeung mampuh nulis anu bisa dikembangkeun jadi bentuk kreativitas sangkan para santri leuwih literatif jeung pasantren leuwih mibanda daya guna.
Pamungkas, Eriyandi Budiman, nepikeun ucapan Imam Syafi’ie, ”Awak sakujur bakal ngajadikeun ajen saupamana aya jiwa anu maturanana. Jiwa baris mibanda ajen saupama dibarengan ku elmu pangaweuhna. Ari elmu pangaweruh bakal ngajadikeun ajen saupama dibarengan ku amalna atawa diamalkeun. Sedengkeun amal baris ngajadikeun niley nu paling gede harkat darajatna lamun dijerona pinuh ku rasa kaikhlasan,” ceuk Eryandi nandeskeun.***
Naskah: PC NU Kab. Bandung Barat.
Diropea ku Dadan Sungkawa