Jumat, 2 Mei 2025
Masieup

Bupati Bandung Cumeluk 17.900 ASN Pemkab Bandung Ngahiap Ibu Asuh, Kader PKK Tiap Desa/Kalurahan Turun Tangan Ngawal Program Jabar Nyaah ka Indung

Bupati Bandung ngayakeun Halal Bi Halal 1446 H jeung Pengajian Rutin TP PKK Kabupaten Bandung, di Dome Bale Rame, Soreang, Kemis 10 April 2025..***

LBNews.com. SOREANG, – Bupati Bandung Dadang Supriatna cumeluk ka para kader PKK di tiap desa/kelurahan se-Kabupaten Bandung anu danget kiwari jumlahna aya kana 20 rebuan pikeun turut ngawal Program Unggulan “Jabar Nyaah Ka Indung” ti Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi.

Bupati ngajelaskeun ieu Program Jabar Nyaah Ka Indung (Sayang ke Ibu) teh leuwih fokus kana tarekah pikeun ningkatkeun kasejahteraan jeung ngayakeun panyalindungan ka kaom ibu (indung) anu geus maju ka rempo atawa lansia di jawa Barat, hususna di Kabupaten Bandung.  

Ieu teh kaungkab nalika Bupati Bandung ngayakeun Halal Bi Halal 1446 H jeung Pengajian Rutin TP PKK Kabupaten Bandung, di Dome Bale Rame, Soreang, Kemis 10 April 2025.

Nurutkeun Bupati Dadang Supriatna, program Nyaah ka Indung ngabogaan tujuan nempatkeun kaom kaom wanoja, hususna kaom ibu jadi pilar utama dina pangwangunan kulawarha jeung masarakat.

Ceuk Bupati, engkena sakumna kader PKK di satiap desa/kalurahan sangkan ngadata kaom ibu lansia pikeun didaptarkeun ka desana masing-masing, terus ditepikeun ka camat, pikeun diasupkeun salaku nu narima santunan atawa kadeudeuh ti para ASN, sangkan realisasina keuna sasaran.

Ieu program teh husus ditujukeun keur para Aparatur Sipil Negara (ASN) di Jawa Barat, kaasup Pemkab Bandung, ti mimiti eselon I nepi ka IV, sangkan masing-masing ngabogaan salasaurang ibu asuh, kalawam kategori lansia 55 nepi ka 70 taun ka luhur.

Engkena, para kaom ibu lansia teh baris narima kadeudeuh ti para ASN acara mayeng saban bulanna kalayan konsisten.  Tapi, Bupati oge nepikeun kamandangna, aya hadena kaom ibu lansia anu dijadikeun ibu asuh para ASN teh diprioritaskeun mah ti kalangan kulawarga atawa kerabat para ASN sorangan.

” Utamakeun ibu asuhna nu asalna ti kalangan kulawarga nu aya hubungan kakarabatan ASN, ulah nepi ka aya lansia ti kalangan ASN anu teu kaperhatikeun, komo dugi ka kadungsang-dungsang mah,”  ceuk bupati nandeskeun.

Para ASN dipiharep nyisihkeun sabagean rejekina, boh gaji atawa Tambahan Penghasilan Pegawai (TPP) satiap bulan jeung langsung dipasrahkeun ka nu jadi ibu asuh. Ngeunaan gede leutikna gumantung karidloan jeung kamampuanana.

Kalayan gerecep, Bupati Kang DS miharep ieu Program Jabar Nyaah Ka Indung teh geus bisa karealisasikeun bulan Mei 2025, dimana satiap kaom ibu lansia bisa naima kadeudeuh sacara mayeng saban bulan ti para ASN.

“Ieu Program Jabar Nyaah Ka Indung jadi tanda yen urang sadana kalintang merhatoskeun kaom ibu lansia, hususnan anu yuswana langkung ti 70 taun,” ceuk Kang DS.

Dina kasempetan Halal Bi Halal anu diluuhan 3.000-an kader PKK itu, Bupati Kang DS kalintang apresiasina ka para kader kader PKK anu geus ngabdi di PKK salila 40 taun. Aya dua urang kader PKK ti Kecamatan Margahayu jeung Kutawaringin anu geus kagolong lansia, tapi masih keneh aktih ngayakeun kiprahna di PKK. Harita keneh, Bupati langsung, meredih dua urang kader PKK nu yusmeana tos lansia teh naek ka panggung pikeun narima kadeudeuh ti bupati.

Kang DS – sebutan akrab Bupati Bandung Dadang Supriatna – harita oge nganuhunkeu ka sakabeh kader PKK nu geus nembongkeun kinerja tanpa pamrih enggoning mantuan pamarentah hadir di tengah masarakat pikeun mantuan masarakat nu mikabutuh jeung ngawal program pamrentah nu diimplementasikan di masarakat, pungkas bupati.

Minangka wangun tina apresiasi, Bupati Bandung Kang DS oge geus mere insentif jeung kapesertaan BPJS Kesehatan gratis ka sakabeh kader PKK desa/kalurahan sa-Kabupaten Bandung anu jumlahna ngahontal 20 rebuan.

Sawatara, Ketua Tim Penggerak PKK Kabupaten Bandung, Emma Dety Permanawati nganuhunkeun ka Bupati bandung Dadang Supriatna turta sakabeh jajaran Pemkab Bandung tina naon rupa dukungan jeung pangrojongna salila ieu .

“Perhatian Pemkab Bandung salaku mitra, tangtosna janten motivasi malar gerak lengkah TP PKK langkung bangkit, dinamis sareng tiasa ngayakeun kontribusi, sairama sareng tujuan pangwangunan daerah,” ucap Emma.

Nurutkeun inyana, acara halal bi halal anu dieusi siraman rohani ti Ustadz Sholeh Mahmoed (Solmed) ieu ngarupakeun alat silaturahmi jeung silih hampura, oge ngaraketkeun konumikasi nepi ka ngajadikeun sinergitas, soliditas nu pinuh kakulawargaan.

“Anu tangtosna oge tiasa ngiatkeun dina ngarojong kahontalna pangwangunan Kabupaten Bandung langkung bedas,” tandes Emma anu oge garwana Bupati Bandung Dadang Supriatna.(*)

Dadan Sungkawa

Tags:Bupati BandungDadang SupriatnaEmma Dety PermanawatiTP PKK Kabupaten BandungUatasz SolmedUstadz Sholeh Mahmoed


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *