Jumat, 11 Apr 2025
Masieup

Filosofi Idul Fitri & Halal Bihalal (Bagean Ka-2)

Kolom: LUKMAN HAKIM

Kawasna bagéan anu dianggap paling hidmat disakabéh tradisi Lebaran di urang mah, nyatana, munjungan ka dua kolot urang. Apan geuning rata-rata budak nu ménta dihampura bari sungkeum (basa Jawa) kana pangkuan dua kolotna, rata-rata sok jaruuh cimata, paling henteu ngingsreuk mah kudu. Dina budaya Jawa sungkem ka nu umurna leuwih kolot, dadakuna ka indung bapa urang, kaasup hal anu terpuji, nunjukkeun perilaku nu utama. Tujuan sungkem, ka hiji nyatana lambang penghormatan, nu kaduana, sabagé permohonan maaf, anu dina basa Jawa mah, geuning ucapna teh, “nyuwun ngapura,” cenah mah.  Ngapura téh, adaptasi tina kecap dina basa Arab, “ghafura.” Para ulama di Jawa, – sabab Islam mimiti asup ti wewengkon Jawa heula, inget ka Wali Sanga – kawasna hayang ngawujudkeun tujuan puasa dina bulan Ramadhan, lintang pikeun ngaronjatkeun iman jeung takwa, ogé ngarepkeun supaya dosa-dosa urang dina mangsa-mangsa katukang, dihapunteun ku Allah SWT.

Saurang nu ngarasa dosa ka Allah SWT bisa langsung nyuhunkeun ampunan ka Mantenna. Tapi, naha sakabéh dosana bisa dihapus kitu baé ku Alloh, upama manéhna masih ngarasa salah ka nu kungsi dinyenyerina? Angot dosa ka indung bapa mah. Tah, lebah dieu para ulama mibanda ide, yén dina poé lebaran antara saurang jeung nu séjén perlu saling ngahampura kasalahan masing-masing, anu mana antukna mah dilaksanakeun sacara kolektip, naha dina nyat pisan tina réngsé salat Ied, langsung ngagabrug ka ibu-apa, sungkem ménta dihapunten, bari areut-at, dina pangkonan aranjeunna, paling saeutikna, ngingsreuk, atawa  dina  acara halal bihalal saling hampura jeung boss, katut babaturan sapagawéan. Jadi harti Lebaran téh, ukur kecap tanpa makna, tapi mungguh luhur maknana, dina basa Jawa, lebaran hartina réngsé, atawa dina  basa Sunda mah, lubar, sarua keneh maknana mah, lubar jeung lebur tina dosa. 

Sajarah Halal Bihalal

Sajarah asal muasalna halal bihalal téh aya dua vérsi. Nurutkeun hiji sumber nu deukeut ka Karaton Surakarta, yén halal bihalal téh, dicontoan ku KGPAA Mangkunegara I. Jaman harita geus kapikir, ku inyana, aya alpukah supaya ngahémat waktu, tanaga, pikiran, jeung waragad, nyaéta réngsé umat ngalakokan shalat Ied, langsung harita kénéh rahayat, sipil boh perjurit, ngariung mungpulung di balé karaton. ngadep ka kanjeng raja kalih praméswasi. Nya, dina ieu kasempetan, sakabéh panglima, punggawa, tamtama, kalawan tartib marunjungan ka raja kalih garwa. Harita mangsa harita apa aya papatah, “Guru ratu wong atua karo.” Nu hartina Homat ka guru raja heula, kakara ka kolot. Tuh, apan ka guru jeung raja heula, ménta dihampura reres shalat Ied téh, ngantay di karaton, mulang sungkem ka raja, kakara menta dihampura ka kolot. Tapi ayeuna mah teu kitu, jamanna geus séjén. Justru reres shalat langsung ngarawu indung bapa, kakara, salaki-pamajikan tuluy ka mertua. Aya ogé nu réngsé ngingsreuk ngénta dihampura, ka indung-bapa, ngaheulakeun heula nguruling ka tatangga, kakara ka mertua. Sabab sakaol  nyebutkeun, tatangga leuwih penting batan kadang baraya, sabab aya naon-naon, idek liher, nyieun kasalahan, nyigeung jeung sajabana téh, apan jeung tatangga, kadang baraya mah jauh  ieuh, tara unggal poé jonghok.

 Naon anu dilakukeun ku KGPAA Mangkunegara I, nya antukna mah ditarurutan ku organisasi-organisasi Islam, kadituna mah, disebut wé acara halal bihalal. Atuh beuki kadieunakeun, tug tepi ka kiwari, instansi-instansi pamaréntah jeung swasta, ogé ngayakeun acara halal bihalal, kalawan aya anggaran khususna, enya ajang tuang leueutna. Nepi ka tahap lebah dieu, halal bihalal téh nyatana mah, fungsina geus mangrupa deui, média pertemuan ti sakabéh warga masyarakat. Atuh ku ayana kekecapan saling ménta dihampura téh, dina seuhseuhanna mah hubungan antar masyarakat téh, bisa jadi leuwih akrab, tur pinuh ku kakulawargaan. Sabab halal bihal mibanda efek nu positif, pakeun karukunan jeung kaakraban warga masyarakat, mangka kitu tradisi halal bihalal, perlu dilestarikeun. Angot geuning dina mangsa kiwari mah, di nagara urang, sering kajadian konflik sosial anu disababkeun ku pertentangan kapentingan.***

Tags:KolomLukman


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *